Yérémia 17:1-27

  • Dosa Yéhuda diukir (1-4)

  • Berkahna ku lantaran percaya ka Yéhuwa (5-8)

  • Haté nu licik (9-11)

  • Yéhuwa téh harepan Israél (12, 13)

  • Doa Yérémia (14-18)

  • Terus nyucikeun poé Sabat (19-27)

17  ”Dosa urang Yéhuda téh geus ditulis ku péna beusi, Diukir di jero haté maranéhna ku inten méncos,Jeung diukir dina tanduk-tanduk mézbah maranéhna.  2  Malah anak-anak maranéhna gé nepi ka inget kana mézbah-mézbah jeung tihang-tihang berhala* maranéhnaNu aya di gigireun tangkal nu daunna gomplok, di puncak pasir-pasir,*  3  Jeung di gunung-gunung nu jauh ti kota. Éh Yéhuda, sakabéh kakayaan jeung harta banda manéh ku Kuring rék dibikeun jadi jarahan,Kaasup tempat-tempat pamujaan manéh, ku sabab dosa manéh di sakuliah wilayah manéh.  4  Teu kudu dipaksa gé, manéh bakal masrahkeun tanah warisan paméré Kuring. Manéh ku Kuring rék disina ngalalayanan musuh-musuh di nagri nu asing keur manéh,Sabab manéh geus ngahudangkeun amarah Kuring nu kawas seuneu,* Nu bakal ngagedur salawasna.”  5  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Sing dikutuk jalma nu percaya ka manusa,Nu ngandelkeun kakuatan manusa,Jeung nu haténa ninggalkeun Yéhuwa.  6  Manéhna bakal jadi hiji-hijina tangkal di gurun keusik. Manéhna moal ngarasakeun nu hadé,Tapi bakal matuh di tanah gurun nu garing,Di tanah nu ngandung uyah, nu teu bisa dicicingan ku sasaha.  7  Sing diberkahan jalma nu percaya ka Yéhuwa,Nu muntang ka Yéhuwa.  8  Manéhna bakal kawas tangkal nu dipelak di sisi cai,Nu akarna ngarambat nepi ka aliran cai. Najan keur panas-panasna, manéhna mah moal kapanasan,Daunna tetep gomplok. Dina usum* halodo, manéhna moal hariwang,Moal eureun buahan.  9  Haté manusa téh leuwih licik* tibatan naon waé sarta nékad.* Saha nu bisa ngarti kana haté manusa? 10  Kuring, Yéhuwa, nilik-nilik eusi haté manusa,Mariksa pikiran manusa nu pangjerona,*Pikeun ngaganjar unggal jalma nurutkeun laku lampahna,Satimpal jeung kalakuanana. 11  Jelema anu meunang kakayaan ku jalan teu jujur* téhIbarat manuk nu nyileungleuman endog batur. Dina satengah umurna, kakayaanana bakal musna.Tungtungna, manéhna bakal kabukti bodo.” 12  Tempat suci urang téh tahta Allah nu mulya,Nu dipunjulkeun ti mimiti kénéh. 13  Nun Yéhuwa, harepan Israél,Sadaya nu ninggalkeun Gusti bakal nandang kaéra. Ngaran jalma-jalma nu murtad ti Gusti* bakal ditulis dina kekebul,Lantaran maranéhna téh tos ninggalkeun Yéhuwa, cinyusu kahirupan. 14  Cageurkeun abdi, nun Yéhuwa, ku kituna abdi bakal cageur. Salametkeun abdi, ku kituna abdi bakal salamet,Da mung Gusti nu dipuji ku abdi téh. 15  Aya nu nyarios kieu ka abdi, ”Ku naon firman Yéhuwa téh can laksana kénéh? Coba, laksanakeun ayeuna!” 16  Tapi ari abdi, abdi mah moal eureun jadi pangangon nu nuturkeun Gusti.Abdi gé teu ngarep-ngarep poéna kasangsaraan datang. Gusti terang pisan sagala nu diucapkeun ku biwir abdi,Da abdi nyariosna téh payuneun Gusti! 17  Ulah dugi ka abdi sieun ku lantaran ditinggalkeun ku Gusti. Gusti téh panyalindungan abdi dina mangsa kasusah. 18  Jalma-jalma nu nganiaya abdi téh sina meunang kaéra,Tapi ari abdi mah ulah dugi ka meunang kaéra. Maranéhna sina ditarajang ku kasieun,Tapi ari abdi mah ulah dugi ka ditarajang ku kasieun. Tinggang maranéhna ku musibat.Ancurkeun maranéhna dugi ka bener-bener musna. 19  Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa ka abdi, ”Jung nangtung di gerbang utama tempat kaluar asupna raja-raja Yéhuda. Manéh gé kudu nangtung di kabéh gerbang Yérusalém. 20  Béjakeun kieu ka jalma-jalma, ’Éh raja-raja Yéhuda, kabéh urang Yéhuda, sarta kabéh penduduk Yérusalém, nu arasup liwat gerbang-gerbang ieu, dangukeun firman Yéhuwa. 21  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Dina poé Sabat, omat ulah aya nu ngakut barang naon waé tuluy dibawa asup liwat gerbang-gerbang Yérusalém. 22  Maranéh teu meunang ngaluarkeun barang naon waé ti imah maranéh dina poé Sabat. Maranéh teu meunang gawé naon-naon. Poé Sabat téh kudu dianggap suci, sakumaha nu diparéntahkeun ku Kuring ka karuhun maranéh. 23  Tapi, karuhun maranéh mah teu daék ngadéngékeun atawa merhatikeun omongan Kuring. Maranéhna keukeuh teu daék nurut jeung teu daék dipapatahan.”’ 24  ”’Yéhuwa ngucap kieu, ”Tapi, lamun maranéh bener-bener nurut ka Kuring, teu mawa asup barang naon waé liwat gerbang-gerbang kota dina poé Sabat, sarta maranéh nganggap poé Sabat téh suci ku cara teu gawé naon-naon, 25  para raja jeung para pajabat nu diuk dina tahta Daud bakal asup liwat gerbang-gerbang kota bari tumpak karéta jeung kuda. Maranéhna bakal asup bareng jeung para pajabatna sarta urang Yéhuda jeung penduduk Yérusalém. Ieu kota téh bakal dicicingan salilana. 26  Jalma-jalma bakal daratang ti kota-kota Yéhuda, daérah sakurilingeun Yérusalém, tanah Bényamin, padataran handap, daérah pagunungan, jeung Négéb.* Maranéhna marawa kurban beuleuman, kurban sato, kurban kadaharan, menyan, jeung kurban pamuji sukur ka bumina Yéhuwa. 27  ”’”Tapi, lamun maranéh teu nurut ka Kuring ku cara teu nganggap suci poé Sabat, sarta maranéh ngakut barang tuluy mawa asup éta liwat gerbang-gerbang Yérusalém dina poé Sabat, gerbang-gerbang éta ku Kuring bakal diduruk. Munara-munara Yérusalém nu dibénténgan gé tangtu bakal diduruk. Seuneuna moal bisa dipareuman.”’”

Catetan Tambihan

Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”bukit-bukit”.
Atawa bisa jadi ”manéh kawas seuneu lantaran kaduruk ku amarah Kuring”.
Atawa ”usim”.
Atawa ”leuwih sering nipu”.
Atawa bisa jadi ”geus euweuh ubarna”.
Atawa ”Mariksa batin”.
Atawa ”teu adil”.
As. ”ti Kuring”.
Atawa ”daérah kidul”.