Yérémia 2:1-37

  • Israél ninggalkeun Yéhuwa demi allah-allah séjén (1-37)

    • Israél kawas tangkal anggur liar (21)

    • Dina bajuna aya noda getih (34)

2  Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi, 2  ”Jung indit jeung umumkeun ieu di Yérusalém, ’Yéhuwa nyarios kieu, ”Kuring inget pisan basa manéh keur ngora, manéh téh kacida ngabdina* ka Kuring.Basa rék ditikah mah manéh nyaah pisan ka Kuring.Manéh gé nunutur Kuring di tanah gurun,Di tanah nu teu dipelakan ku binih.  3  Israél téh suci keur Yéhuwa, hasil panén-Na nu mimiti.”’ Ceuk Yéhuwa, ’Saha waé nu nyilakakeun manéhna bakal dianggap salah, Bakal ditarajang ku musibat.’”  4  Hé turunan Yakub jeung sakabéh kulawarga urang Israél,Dangukeun firman Yéhuwa.  5  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Naon salah Kuring ka karuhun maranéh,Nepi ka maranéhna nyimpang jauh ti Kuring?Maranéhna nyembah ka berhala-berhala nu euweuh gunana nepi ka maranéhna sorangan gé jadi euweuh gunana.  6  Maranéhna teu ngomong kieu, ’Hayu urang ménta pituduh ka Yéhuwa,Nu geus mawa urang budal ti Mesir,Nu nungtun urang di tanah gurun,Gurun keusik nu pinuh ku lombang,Tanah nu garing jeung poék mongkléng,Nu teu diliwatan ku sasaha,Jeung teu dicicingan ku jelema.’  7  Kuring mawa maranéh ka tanah nu subur,Ngarah maranéh bisa ngadahar buah jeung hasilna nu haradé. Tapi, maranéh datang tuluy nganajisan tanah Kuring.Gara-gara maranéh, milik Kuring jadi pikageuleuheun.  8  Para imam teu ngaromong kieu, ’Hayu urang ménta pituduh ka Yéhuwa.’ Jalma-jalma nu sakuduna ngajarkeun hukum teu warawuheun ka Kuring.Para pangangon barontak ka Kuring.Para nabi ngaramal demi ngaran Baal.Maranéhna ngabakti ka allah-allah nu teu bisa méré nanaon.  9  ’Jadi Kuring rék terus ngadakwa maranéh,’ ceuk Yéhuwa,’Kuring gé rék ngadakwa anak incu maranéh.’ 10  ’Jung meuntas ka daérah basisir* urang Kitim tuluy tempo ku maranéh. Kirim utusan ka Kédar jeung pikirkeun bener-bener.Perhatikeun, pernah kitu nu siga kieu kajadian di ditu? 11  Aya kitu bangsa nu nukeur allahna ku nu lain allah? Tapi umat Kuring mah geus nukeur kamulyaan Kuring ku nu euweuh gunana. 12  Keun langit sina olohok nempo ieu,Sina ngadégdég bakating ku sieun,’ ceuk Yéhuwa. 13  ’Éta téh lantaran umat Kuring ngalampahkeun dua kagoréngan: Maranéhna geus ninggalkeun Kuring, cinyusu kahirupan,Tuluy ngagali* sumur keur dirina sorangan,Sumur bocor nu teu bisa nadahan cai.’ 14  ’Mémangna Israél téh palayan atawa anakna palayan nu dijurukeun di imah dununganana? Naha atuh bet dijadikeun tawanan? 15  Singa-singa ngora* ngagaur ka manéhna,Sorana mani tarik. Éta tanah téh dijadikeun tempat nu pikasieuneun ku maranéhna. Kota-kotana diduruk, ku kituna euweuh nu nyicingan. 16  Urang Nof* jeung Tahpanés téh ngajarah tanah* manéh, pan? 17  Éta téh bongan manéh sorangan.Manéh geus ninggalkeun Yéhuwa Allah manéhBasa keur ditungtun di perjalanan. 18  Jang naon manéh indit ka Mesir,Rék nginum cai di Syihor?* Jang naon manéh indit ka Asiria,Rék nginum cai di Walungan Éfrat? 19  Manéh kudu diajar tina kajahatan manéh.Manéh kudu ditegor lantaran teu satia. Pék rasakeun sorangan sakumaha goréng jeung peurihnaNinggalkeun Yéhuwa Allah manéh.Manéh mah euweuh hormat-hormatna* acan ka Kuring téh,’ ceuk Gusti Nu Maha Agung, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. 20  ’Baheula Kuring ngancurkeun kai tanggungan* manéhSarta megatkeun borogod manéh. Tapi manéh ngomong kieu, ”Abdi mah moal ngalalayanan Gusti.” Manéh kalah ka nangkarak ngalacurkeun diriDi unggal pasir* nu luhur jeung handapeun tangkal nu daunna gomplok. 21  Manéh ku Kuring dipelak kawas tangkal anggur beureum pilihan, kabéhanana bibit panghadéna.Jadi, naha atuh sirungna bet goréng kawas tina tangkal anggur liar?’ 22  ’Kasalahan manéh téh kawas noda nu teu leungit-leungit.Najan dikumbah ku soda* jeung loba sabun* gé, angger wéh katempo ku Kuring,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 23  Tapi, manéh kalah ka ngomong kieu, ’Abdi mah teu nganajisan diri. Abdi mah teu nyembah ka Baal da.’ Teungteuingeun manéh mah. Tuh tempo kalakuan manéh di lebak. Cik mikir, nanaonan éta téh? Manéh kawas onta bikang ngora nu keur begér,Lulumpatan ka ditu ka dieu. 24  Manéh téh kawas kaldé liar nu hirup di tanah gurun,Nu keur ngangseu néangan jalu bakating ku birahi. Saha nu bisa ngahalang-halang kaldé bikang nu keur napsu? Kaldé-kaldé jalu teu kudu hésé-hésé néangan, Da dina usum* kawin, pasti manggih bikangna. 25  Éh Israél, suku téh ulah dipaké aprak-aprakan,Tikoro ulah nepi ka garing pédah ngudag hal-hal nu euweuh gunana. Tapi ceuk manéh, ’Moal mungkin abdi barobah pikiran! Da abdi geus bogoh ka allah-allah asing,Rék terus nuturkeun itu.’ 26  Sakumaha bangsat diéra-éra waktu katéwak,Urang Israél ogé geus diéra-éra,Kitu deui raja-rajana, pajabat-pajabatna,Imam-imamna, jeung nabi-nabina. 27  Maranéhna mibapa ka tangkal, Miindung ka batu. Tapi ari ka Kuring mah maranéhna teu ningali-ningali acan, kalah ka nonggongan. Ari keur susahna wéh maranéhna téh ngomong kieu,’Gusti, énggal sumping, salametkeun abdi sadaya!’ 28  Cik, mana éta allah-allah jieunan manéh téh? Sina daratang ari bisaeun nyalametkeun manéh tina kasusah mah.Éh Yéhuda, pan allah-allah manéh téh sarua lobana jeung kota-kota manéh. 29  ’Ku naon maranéh némbalan waé? Ku naon maranéh kabéh barontak ka Kuring?’ ceuk Yéhuwa. 30  Cumah Kuring ngahukum anak-anak maranéh, Da maranéhna embung dipapatahan.Saibarat singa ngamuk,Maranéh geus maéhan nabi-nabi maranéh sorangan ku pedang. 31  Éh jalma-jalma nu hirup dina jaman ayeuna, pikirkeun firman Yéhuwa. Mémangna Kuring téh kawas tanah gurun keur IsraélAtawa tanah nu poék mongkléng? Naha atuh maranéh bet ngomong kieu, ’Mending gé ngumbara sakarep-karep, Moal mulang ka Gusti’? 32  Aya kitu mojang nu poho kana perhiasanana?Aya kitu pangantén awéwé nu poho kana sabukna?* Ari umat Kuring mah geus pohara lilana poho ka Kuring. 33  Manéh mémang pinter pisan néangan kabogoh! Manéh geus ahli ngalampahkeun nu jahat. 34  Malahan, dina baju manéh téh aya getih jalma-jalma miskin nu teu salah,Padahal maranéhna mah teu ngabobol imah manéh,Tapi getihna aya dina baju manéh. 35  Najan kitu, ceuk manéh, ’Abdi mah teu salah. Gusti pasti geus teu ambek deui ka abdi.’ Ayeuna Kuring rék ngahukum manéh,Sabab manéh ngomong, ’Abdi teu boga dosa.’ 36  Ku naon manéh téh teu boga pisan pamadegan, sakeudeung ka ditu sakeudeung ka dieu? Manéh bakal éra ku lantaran Mesir,Sakumaha manéh éra ku lantaran Asiria. 37  Ku lantaran éta ogé, manéh bakal indit bari ngeluk éra,*Sabab Yéhuwa geus nolak saha waé nu diandelkeun ku manéh.Maranéhna moal bakal nulungan manéh.”

Catetan Tambihan

Atawa ”manéh némbongkeun asih satia”.
Atawa ”ka pulo-pulo”.
Atawa ”motong pikeun nyieun”, katingalina motong batu.
Atawa ”Singa-singa ngora nu jabrig”.
Atawa ”Mémfis”.
As. ”dahar luhureun sirah”.
Nyaéta salah sahiji cagak Walungan Nil.
As. ”sieun-sieunna”.
Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”bukit”.
Atawa ”alkali”.
Atawa ”larutan alkali”.
Atawa ”usim”.
Sabuk nu dihias nu dipaké ku pangantén awéwé dina poé perkawinan.
As. ”bari leungeun manéh dina sirah”.