Yérémia 22:1-30

  • Putusan hukum keur raja-raja nu jahat (1-30)

    • Ngeunaan Syalum (10-12)

    • Ngeunaan Yéhoyakim (13-23)

    • Ngeunaan Konia (24-30)

22  Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa, ”Jung indit ka istana raja Yéhuda, tuluy tepikeun pesen ti Kuring. 2  Béjaan kieu, ’Dangukeun firman Yéhuwa, hé raja Yéhuda nu calik dina tahta Daud, kitu ogé sareng palayan sarta rahayat anjeun nu lebet ti gerbang-gerbang ieu. 3  Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa, ”Lampahkeun naon nu adil jeung bener. Salametkeun jalma nu dirampog ku tukang tipu. Ulah sawenang-wenang ka urang asing, sarta ulah jahat ka budak yatim* atawa randa. Maranéh gé teu meunang maéhan jalma nu teu salah di ieu kota. 4  Lamun maranéh bener-bener ngajalankeun omongan Kuring, raja-raja nu diuk dina tahta Daud bakal asup ti gerbang-gerbang istana bari tumpak karéta jeung kuda. Maranéhna bakal asup bareng jeung palayan sarta rahayatna.”’ 5  ”Ceuk Yéhuwa, ’Tapi lamun maranéh embung nurut, Kuring sumpah demi diri Kuring yén ieu istana bakal jadi ruruntuhan.’ 6  ”Ieu ucapan Yéhuwa ngeunaan istana raja Yéhuda,’Keur Kuring, manéh téh kawas Giléad,Kawas puncak Lébanon. Tapi, manéh rék dijadikeun kawas tanah gurun ku Kuring.Kota-kota manéh moal aya nu nyicingan hiji-hiji acan.  7  Kuring rék ngutus jalma-jalma sina ngancurkeun manéh,Masing-masing marawa pakarang perang. Maranéhna bakal nuar tangkal-tangkal aras manéh nu aralus,Tuluy dialung-alungkeun kana seuneu. 8  ”’Jalma-jalma ti bangsa séjén bakal ngaliwatan ieu kota tuluy silih tanya, ”Ku naon nya kota nu gedé ieu bet dikitukeun ku Yéhuwa?” 9  Terus baturna bakal ngajawab, ”Lantaran maranéhna ingkar tina perjangjianana jeung Yéhuwa, Allah maranéhna. Maranéhna kalah ka sujud jeung nyembah ka allah-allah séjén.”’ 10  Ulah nyeungceurikan raja nu geus maot,Ulah karunya ka manéhna. Ceungceurikan mah jalma nu rék diboyong ka pangbuangan wéh,Sabab manéhna moal bakal balik deui pikeun ningali lemah caina. 11  ”Ngeunaan Syalum* anak Yosia, nu jadi raja Yéhuda ngaganti Yosia bapana sarta nu geus indit ti ieu nagri, Yéhuwa ngucap kieu, ’Manéhna moal bakal balik deui. 12  Manéhna bakal maot di pangbuangan sarta moal bakal ningali deui ieu nagri.’ 13  Cilaka jalma nu ngawangun imahna ku jalan licikJeung ngawangun loténg ku jalan teu adil,Jalma nu ngagawékeun sasamana tapi teu méré nanaon,Teu mayar buruhna. 14  Ceuk éta jalma, ’Urang rék ngawangun imah nu gedé,Nu loténgna lega. Imahna bakal dijandélaan,Dipasangan kai aras, tuluy dipulas beureum.’ 15  Mémangna manéh bakal terus maréntah pédah maké kai aras leuwih loba ti batur? Bapa manéh gé dahar jeung nginum,Tapi manéhna mah ngalampahkeun naon nu adil jeung bener,Matakna hirupna senang. 16  Manéhna mah ngabéla kasus hukum jalma nu sangsara jeung jalma nu miskin,Matakna hirupna senang. Ceuk Yéhuwa, ’Tah, kitu hartina wanoh ka Kuring téh.’ 17  ’Ari manéh mah haben waé néangan cara ngarah bisa meunang untung ku jalan teu jujur,Kumaha bisa maéhan jalma nu teu salah,Sarta kumaha bisa nipu jeung ngarampas batur.’ 18  ”Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ngeunaan Yéhoyakim anak Yosia, raja Yéhuda,’Biasana jalma-jalma téh sok nyeungceurikan nu maot bari ngomong kieu, ”Duh, Aa! Duh, Tétéh!” Tapi, ari ka Yéhoyakim mah maranéhna moal nyeungceurikan kieu, ”Duh, Juragan! Kamulyaanana tos sirna!” 19  Dikuburna téh teu béda ti ngubur kaldé,Mayitna digusur tuluy dialungkeunKa luareun gerbang Yérusalém.’ 20  Jung indit ka Lébanon, sok jejeritan.Pék ngomong sing tarik di Basyan,Pék ngagorowok di Abarim,Sabab kabéh nu mikacinta manéh geus diancurkeun. 21  Kuring mapatahan téh basa manéh ngarasa aman, Tapi ceuk manéh, ’Moal diturut, ah.’ Tah, kitu kalakuan manéh ti ngongora téh.Manéh teu daék nurut kana omongan Kuring. 22  Sakabéh pangangon manéh bakal katebak ku angin.Nu mikacinta manéh bakal diboyong ka pangbuangan. Geus kitu, manéh bakal diéra-éra jeung direndahkeun lantaran musibat nu bakal ninggang manéh. 23  Éh manéh nu matuh di Lébanon,Nu nyayang dina tangkal-tangkal aras,Manéh bakal udah-aduh bakating ku nyeri-nyerina,Bakal sangsara kawas awéwé nu keur ngajuru!” 24  ”Yéhuwa ngucap kieu, ’Demi Kuring, Allah nu hirup, sanajan manéh, Konia* anak Yéhoyakim raja Yéhuda téh lir cingcin cap dina leungeun katuhu Kuring, manéh ku Kuring rék dicabut. 25  Ku Kuring rék diserahkeun ka jalma-jalma nu ngincer nyawa manéh, ka jalma-jalma nu dipikasieun ku manéh, ka Nébukhadnézar* raja Babilon, sarta ka urang Khaldéa. 26  Manéh jeung indung nu ngajurukeun manéh ku Kuring rék dipeclengkeun ka nagri nu lain lemah cai manéh. Maranéh bakal paéh di ditu. 27  Najan sono gé, maranéh kabéh moal bakal balik deui ka nagri sorangan. 28  Jadi, Konia téh ngan dianggap kendi peupeus jeung teu guna?Geus euweuh nu hayang maké? Naha manéhna jeung turunanana bet dipeclengkeunJeung dipiceun ka nagri nu asing keur maranéhna?’ 29  Hé bumi,* bumi, bumi, déngékeun ucapan Yéhuwa. 30  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Sok catet yén ieu jalma téh teu boga anak. Manéhna bakal gagal saumur hirupna,Sabab euweuh saurang-urang acan turunananaNu bisa diuk dina tahta Daud sarta maréntah Yéhuda deui.’”

Catetan Tambihan

Atawa ”yatim pahatu”.
Ngaran séjénna Yéhoahaz.
Ngaran séjénna téh Yéhoyakhin jeung Yékonia.
As. ”Nébukhadrézar”, éjahan séjénna.
Atawa ”nagri”.