Yérémia 3:1-25
3 Aya jalma nu nanya kieu, ”Lamun salaki nyerahkeun pamajikanana, geus kitu pamajikanana ninggalkeun manéhna tuluy kawin deui jeung lalaki séjén, salakina nu ti heula bakal balik deui kitu ka urut pamajikanana?”
Ieu tanah téh geus kacida kotorna, pan?
”Manéh geus ngalacur ka loba lalaki.Ayeuna, rék balik deui ka Kuring?” saur Yéhuwa.
2 ”Tuh, tempo puncak-puncak pasir.*
Aya kitu nu teu dipaké ku manéh keur ngalacurkeun diri?
Manéh diuk ngadagoan lalaki-lalaki di sisi jalan,Kawas jalma ngumbara* nu diuk di tanah gurun.
Manéh terus ngotoran ieu tanahKu palacuran jeung kajahatan,
3 Nu matak hujan teu turun-turun.Dina usum* semi gé teu turun hujan.
Manéh teu boga kaéra, kawas pamajikan nu ngalacur.Manéh teu éra saeutik-eutik acan.
4 Ari ayeuna manéh ngageroan Kuring kieu,’Bapa, Bapa téh sobat abdi ti ngongora!
5 Piraku badé keuheul salamina,Badé terus ngunek-ngunek?’
Kitu ceuk manéh téh.Tapi, hayoh wéh manéh terus ngalampahkeun sagala kajahatan nu bisa dilampahkeun.”
6 Dina jaman Raja Yosia, Yéhuwa nyarios kieu ka abdi, ”’Katempo teu ku manéh kalakuan Israél, awéwé nu teu satia téa? Manéhna terus ngalacurkeun diri di unggal gunung nu luhur jeung handapeun tangkal nu daunna gomplok.
7 Sanajan manéhna geus kitu gé, ku Kuring terus diélingan sina balik, tapi teu daékeun. Yéhuda gé kalah ka nempoan kalakuan lanceukna nu teu satia.
8 Ningali kitu, Kuring ngusir Israél nu teu satia sarta méré surat talak, lantaran manéhna geus jinah. Tapi Yéhuda, adi awéwéna nu ngahianat, boro-boro sieun. Manéhna kalah ka indit ngalacur ogé.
9 Manéhna* nganggap énténg palacuranana. Manéhna terus ngotoran ieu tanah sarta jinah, ku cara nyembah ka batu jeung ka tangkal.
10 Sanajan geus kitu gé, Yéhuda, adina nu ngahianat, teu sapinuhna haté balik ka Kuring, ngan ukur pura-pura,’ ceuk Yéhuwa.”
11 Yéhuwa nyarios deui ka abdi, ”Geuning Israél nu teu satia téh teu parah-parah teuing batan Yéhuda nu ngahianat.
12 Jung indit, béjaan jalma-jalma di kalér,
”’”Éh Israél nu murtad, sok geura balik,” ceuk Yéhuwa.’ ’”Kuring moal ambek deui, sabab Kuring mah satia,” ceuk Yéhuwa.’ ’”Kuring moal salilana keuheul,
13 asal manéh ngaku salah, pan manéh geus barontak ka Yéhuwa Allah manéh. Di handapeun unggal tangkal nu daunna gomplok, manéh mah terus wéh ngudag-ngudag allah-allah asing.* Ka nu itu bogoh, ka nu ieu bogoh, ari omongan Kuring tara diturut,” ceuk Yéhuwa.’”
14 Yéhuwa nyarios, ”Hé nu* malurtad, geura baralik. Ngan Kuring dunungan* maranéh téh. Maranéh ku Kuring rék dibawa, saurang ti saban kota, dua urang ti saban kaom, rék dibawa ka Zion.
15 Maranéh rék dibéré pangangon-pangangon nu lalampahanana luyu jeung kahayang Kuring. Maranéhna bakal méré kanyaho jeung pangarti ka maranéh.
16 Engké dina mangsa éta, maranéh bakal jadi loba sarta beuki ngalobaan,” kitu nu diucapkeun ku Yéhuwa. ”Moal aya deui nu nyebut-nyebut peti perjangjian Yéhuwa. Boro-boro aya nu bakal mikiran, inget atawa sono gé henteu. Éta moal bakal dijieun deui.
17 Engké gé Yérusalém bakal disebut tahta Yéhuwa. Sakabéh bangsa bakal dikumpulkeun pikeun muji ngaran Yéhuwa di Yérusalém. Moal aya deui nu keukeuh nuturkeun kahayang haténa nu jahat.”
18 ”Dina mangsa éta, urang Yéhuda bakal leumpang babarengan jeung urang Israél. Datangna babarengan ti tanah kalér ka tanah nu rék dibikeun ku Kuring jadi warisan keur karuhun maranéh.
19 Baheula Kuring mikir, ’Kacipta bungahna mun ieu tanah nu pikasenangeun téh dibikeun ka maranéh. Ieu téh tanah nu pangéndahna di antara bangsa-bangsa, nu sakuduna diwariskeun ka anak-anak lalaki!’ Pernah ogé kapikir ku Kuring yén maranéh bakal nyebut kuring ’Bapa!’ sarta moal ninggalkeun Kuring.
20 ’Tapi nu aya mah maranéh, urang Israél, kalah ka ngahianat ka Kuring, kawas pamajikan nu ngahianat tuluy ninggalkeun salakina,’ ceuk Yéhuwa.”
21 Di puncak-puncak pasir kadéngé sora,Sora urang Israél ceurik jeung sasambat,Sabab maranéhna geus nyimpang.Maranéhna geus mopohokeun Yéhuwa Allah maranéhna.
22 ”Hé nu malurtad, geura baralik.
Maranéh bakal dicageurkeun sarta moal murtad deui.”
Terus urang kabéh bakal ngomong kieu, ”Sumuhun! Nun Yéhuwa, abdi sadaya badé dongkap,Sabab Gusti téh Allah abdi sadaya.
23 Pasir-pasir sareng gunung-gunung gandéng ku perayaan-perayaan kanggo allah-allah séjén.
Tapi éta sadaya téh percumah, sabab mung Yéhuwa Allah abdi sadaya nu tiasa nyalametkeun Israél.
24 Ti abdi sadaya ngora kénéh, hasil hésé capé karuhun abdi sadaya,Nyaéta embé, domba, jeung sapi,Kitu deui barudak lalaki jeung awéwé aranjeunna, béak ku allah nu ngérakeun éta.
25 Tos sapantesna abdi sadaya rumaos isin,Diliputan kahinaan.Abdi sadaya sareng karuhun, ti ngora kénéh dugi ka dinten ieu,Tos dosa ka Yéhuwa Allah abdi sadaya.Abdi sadaya gé teu nurut kana cariosan Yéhuwa Allah abdi sadaya.”
Catetan Tambihan
^ Atawa ”bukit”.
^ As. ”urang Arab”.
^ Atawa ”usim”.
^ Bisa jadi ngamaksudkeun Israél.
^ Atawa ”urang asing”.
^ As. ”Hé anak-anak nu”.
^ Atawa bisa jadi ”salaki”.