Yérémia 32:1-44

  • Yérémia meuli lahan (1-15)

  • Doa Yérémia (16-25)

  • Jawaban Yéhuwa (26-44)

32  Dina taun ka-10 pamaréntahan Zédékia raja Yéhuda, nyaéta dina taun ka-18 pamaréntahan Nébukhadnézar,* Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Yérémia. 2  Harita téh pasukan raja Babilon ngepung Yérusalém, ari Nabi Yérémia keur ditahan di Buruan Tukang Jaga di istana raja Yéhuda. 3  Manéhna téh ditahan ku Zédékia raja Yéhuda. Raja ngomong kieu ka manéhna, ”Ku naon anjeun téh ngaramal kitu? Ceuk anjeun, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Kuring bakal nyerahkeun ieu kota ka raja Babilon. Ieu kota bakal direbut ku manéhna. 4  Zédékia raja Yéhuda moal bisa lolos ti urang Khaldéa, sabab manéhna pasti bakal diserahkeun ka raja Babilon. Zédékia bakal pahareup-hareup jeung raja Babilon, sarta ngomong langsung jeung éta raja.” 5  ”Zédékia bakal diboyong ka Babilon, rék diantep sina di ditu, nepi ka Kuring mutuskeun naon nu rék dilampahkeun ka manéhna,” saur Yéhuwa. ”Najan maranéh merangan urang Khaldéa gé, maranéh moal unggul.”’” 6  Yérémia ngomong, ”Ieu firman Yéhuwa ka abdi, 7  ’Hanamél anak Syalum ua* manéh bakal datang tuluy ngomong kieu, ”Pék beuli lahan abdi nu di Anatot, sabab nu boga hak pikeun nebusna téh nya anjeun.”’” 8  Sakumaha nu diucapkeun ku Yéhuwa, jol Hanamél dulur misan abdi datang ka Buruan Tukang Jaga. Pokna ka abdi, ”Lahan abdi nu aya di Anatot, di tanah Bényamin, mangga dibeuli ku anjeun, sabab anjeun téh boga hak pikeun ngamilik sarta nebus éta lahan. Sok beuli ku anjeun.” Ngadéngé kitu, abdi terang yén ieu téh mémang kahoyong Yéhuwa. 9  Seug lahan di Anatot ku abdi dibeuli ti Hanamél dulur misan abdi. Duit téh ku abdi ditimbang, tujuh syékel* jeung sapuluh syékel pérak. Geus kitu, duitna dibikeun ka manéhna. 10  Ti dinya, surat jual beulina ku abdi ditulis tuluy diségel. Geus kitu, abdi manggil sababaraha saksi, tuluy duitna ditimbang dina timbangan. 11  Surat jual beuli téh ku abdi dicokot, boh nu geus diségel sakumaha paréntah jeung sarat-sarat hukum boh salinanana nu teu diségel. 12  Duanana ku abdi dibikeun ka Barukh anak Néria incu Mahséya, disaksian ku Hanamél dulur misan abdi, ku para saksi nu geus nanda tangan surat jual beuli, jeung ku sakabéh urang Yahudi nu keur dariuk di Buruan Tukang Jaga. 13  Abdi méré paréntah ka Barukh hareupeun jalma réa, 14  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Cokot surat-surat ieu, boh surat jual beuli nu geus diségel boh salinanana nu teu diségel, tuluy teundeun dina wadah tina taneuh liket ngarah awét.’ 15  Sabab ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Imah-imah, lahan-lahan, jeung kebon-kebon anggur di ieu nagri bakal dibeuli deui.’” 16  Sanggeus surat jual beuli dibikeun ka Barukh anak Néria, abdi ngadoa kieu ka Yéhuwa, 17  ”Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Gusti téh nu ngadamel langit sareng bumi ku kawasa Gusti nu ageung sareng ku kakuatan Gusti nu hébat. Kanggo Gusti mah teu aya nu mustahil. 18  Gusti téh némbongkeun asih satia ka rébuan jalmi. Gusti ogé ngantep anak-anak ngarasakeun balukar tina dosa bapana. Gusti téh Allah nu sajati, Allah nu hébat sareng perkasa, nu nami-Na téh Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. 19  Rencana Gusti téh hébat, padamelan Gusti ogé pinuh kawasa. Soca Gusti nilik-nilik sadaya jalan hirupna manusa pikeun ngaganjar unggal jalmi satimpal sareng jalan hirup sarta laku lampahna. 20  Gusti tos némbongkeun tanda-tanda sareng mujijat di tanah Mesir. Malah dugi ka ayeuna gé, jalmi-jalmi émut kénéh kana hal éta. Nami Gusti kamashur di Israél sareng di antara umat manusa, sakumaha nu tos laksana ayeuna. 21  Gusti nungtun Israél umat Gusti budal ti tanah Mesir ku tanda-tanda, ku mujijat, ku kawasa Gusti nu ageung, ku kakuatan Gusti nu hébat, sareng ku tindakan Gusti nu pikasieuneun. 22  ”Saatosna, maranéhna ku Gusti dipasihan ieu tanah, anu ku Gusti dijangjikeun ka karuhun maranéhna, tanah nu seueur susu sareng maduna. 23  Maranéhna datang ngarebut ieu tanah, tapi maranéhna teu nurut kana cariosan Gusti atawa ngajalankeun hukum Gusti. Maranéhna gé sama sakali teu ngajalankeun paréntah Gusti. Éta sababna, Gusti nibankeun sadaya bahla ieu ka maranéhna. 24  Jalma-jalma datang tuluy nyieun gundukan taneuh pikeun ngepung jeung ngarebut ieu kota. Ku lantaran pedang, kalaparan, sareng wabah panyakit, ieu kota pasti bakal direbut ku urang Khaldéa nu nyerang. Sadaya nu diucapkeun ku Gusti téh tos kajadian, sakumaha nu ayeuna katingali ku Gusti. 25  Ari ayeuna Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Gusti miwarang kieu ka abdi, ’Pék beuli lahan tuluy datangkeun para saksi,’ padahal ieu kota pasti bakal diserahkeun ka urang Khaldéa.” 26  Ti dinya, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Yérémia, 27  ”Kuring téh Yéhuwa, Allah sakabéh manusa. Mémangna aya nu mustahil keur Kuring? 28  Jadi, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Ieu kota ku Kuring rék diserahkeun ka urang Khaldéa jeung ka Nébukhadnézar* raja Babilon, ku manéhna bakal direbut. 29  Urang Khaldéa nu nyerang ieu kota bakal datang jeung ngaduruk ieu kota, kitu deui imah-imah nu hateupna* dijadikeun tempat ngurban ka Baal sarta ngucurkeun kurban inuman keur allah-allah séjén pikeun nganyenyeri haté Kuring.’ 30  ”’Ti ngongora, urang Israél jeung urang Yéhuda téh ngan ngalampahkeun nu jahat baé dina pandangan Kuring. Urang Israél teterusan nganyenyeri haté Kuring ku lalampahanana,’ ceuk Yéhuwa. 31  ’Ti saprak diwangun nepi ka ayeuna, ieu kota téh ngan matak Kuring ambek jeung jéngkél baé. Jadi, ieu kota kudu disingkirkeun ti hareupeun Kuring 32  ku lantaran kajahatan urang Israél jeung urang Yéhuda. Kabéhanana, nyaéta raja-rajana, para pajabatna, imam-imamna, nabi-nabina, sarta urang Yéhuda jeung penduduk Yérusalém, geus ngalampahkeun nu jahat pikeun nganyenyeri haté Kuring. 33  Maranéhna terus nonggongan Kuring, terus ngabalieur. Sanajan Kuring terus ngajar* maranéhna, maranéhna embung ngadéngékeun jeung embung dipapatahan. 34  Maranéhna gé neundeun berhala-berhala pikageuleuheun di imah nu nyandang ngaran Kuring, maksudna pikeun nganajisan éta tempat. 35  Salian ti éta, maranéhna ngadegkeun tempat-tempat pamujaan keur Baal di Lebak Putra Hinom.* Di dinya, maranéhna ngaduruk anak-anakna pikeun dikurbankeun ka Molékh, padahal boro-boro maréntahkeun kitu, kapikir gé henteu ku Kuring mah. Teu pernah kapikir ku Kuring pikeun nitah maranéhna ngalampahkeun nu pikaijideun kawas kitu, nu nyababkeun Yéhuda milampah dosa.’ 36  ”Ceuk maranéh, ku lantaran pedang, kalaparan, jeung wabah panyakit, ieu kota bakal diserahkeun ka raja Babilon. Éta sababna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, 37  ’Kuring rék ngumpulkeun maranéhna ti sakabéh nagri tempat maranéhna dipabalencarkeun ku Kuring waktu Kuring ambek jeung jéngkél, sarta waktu amarah Kuring ngagedur. Maranéhna ku Kuring rék dipulangkeun, sina tengtrem maratuh di ieu tempat. 38  Maranéhna bakal jadi umat Kuring, sarta Kuring bakal jadi Allah maranéhna. 39  Kuring rék ngarobah haté jeung jalan hirup maranéhna, supaya maranéhna terus hormat* ka Kuring. Éta téh demi mangpaat maranéhna jeung anak-anakna. 40  Kuring gé rék nyieun perjangjian nu langgeng jeung maranéhna yén Kuring moal eureun méré nu hadé ka maranéhna. Haté maranéhna rék disina hormat* ka Kuring ngarah maranéhna teu ninggalkeun Kuring. 41  Kuring bakal bungah waktu méré nu hadé ka maranéhna. Maranéhna bakal sina tetep-tumetep di ieu tanah. Kuring bakal ngalampahkeun éta kabéh ku sapinuhna haté jeung nyawa.’”* 42  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Sakumaha Kuring nibankeun sakabéh musibat nu gedé ka ieu bangsa, Kuring gé bakal ngadatangkeun sakabéh kahadéan nu dijangjikeun ku Kuring ka maranéhna. 43  Lahan-lahan di ieu nagri bakal dibeuli deui, sanajan ceuk maranéh, ”Ieu téh nagri nu geus kalantar, nu teu dicicingan boh ku manusa boh ku sato. Ieu nagri gé geus diserahkeun ka urang Khaldéa.”’ 44  ”’Lahan-lahan bakal dibeuli deui, surat jual beuli bakal dicatet jeung diségel, sarta para saksi bakal didatangkeun. Ieu kabéh bakal kajadian di tanah Bényamin, di wilayah sabudeureun Yérusalém, di kota-kota Yéhuda, di kota-kota di daérah pagunungan, di kota-kota di padataran handap, jeung di kota-kota beulah kidul, lantaran Kuring bakal mulangkeun para tawanan,’ ceuk Yéhuwa.”

Catetan Tambihan

As. ”Nébukhadrézar”, éjahan séjénna.
Atawa ”emang”, ti pihak bapa.
1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.
As. ”Nébukhadrézar”, éjahan séjénna.
Harita, kalolobaan imah hateupna téh rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.
As. ”Kuring hudang isuk-isuk jeung ngajar”.
Tingali ”Géhéna” dina Daptar Istilah.
As. ”sieun”.
As. ”sieun”.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.