Yérémia 4:1-31
4 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Éh Israél, geura balik.Saupama manéh balik ka Kuring,Saupama manéh nyingkir-nyingkirkeun berhala-berhala nu pikaijideun ti hareupeun Kuring,Manéh moal diantep ngumbara di lembur batur.”
2 Saupama aranjeun jujur, adil, jeung benerWaktu ngucap sumpah, ”Demi Yéhuwa nu hirup,”Bangsa-bangsa bakal narima berkah ti AnjeunnaSarta bakal agul ku lantaran Anjeunna.
3 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ka urang Yéhuda jeung Yérusalém,
”Lahan-lahan manéh anu subur téh geura wuluku.*Ulah teterusan nebar binih di antara rungkun cucuk.
4 Éh urang Yéhuda jeung penduduk Yérusalém,Sakumaha sunat pikeun Yéhuwa téh keur nyingkirkeun kokotor tina awak,Nya kitu ogé maranéh kudu nyingkirkeun kokotor tina haté.Lamun maranéh angger ngalampahkeun nu jahat,Amarah Kuring bakal ngagedur kawas seuneu,Sarta euweuh nu bisa mareuman.”
5 Umumkeun di Yéhuda, béwarakeun di Yérusalém.
Ngagorowok sing tarik jeung tiup tarompét tanduk di sakuliah tanah.
Gorowokkeun, ”Geura karumpul,Hayu urang lumpat ka kota-kota nu dibénténgan.
6 Geura pasang tanda jalan* ka Zion.
Ulah caricing baé, téangan tempat panyalindungan,”
Sabab Allah tos nyarios bakal ngadatangkeun musibat ti kalér nu bakal ngaburak-barik.
7 Musuh geus kaluar kawas singa bijil tina panyumputanana.Tukang ngancurkeun bangsa-bangsa geus indit.
Manéhna indit ti tempatna rék ngajadikeun tanah aranjeun tempat nu pikasieuneun.
Kota-kota bakal diancur-ancurkeun jadi ruruntuhan, moal aya nu nyicingan.
8 Nu matak, geura paké kaén goniSarta ceurik satarik-tarikna,*Lantaran amarah Yéhuwa nu luntab-léntab can sirna ti urang.
9 Saur Yéhuwa, ”Dina poé éta, raja bakal leungit kawani,Kitu ogé jeung para pajabat.Imam-imam bakal sarieuneun, sarta nabi-nabi bakal arolohok.”
10 Terus ceuk abdi, ”Duh Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung! Atuh urang Yéhuda sareng Yérusalém téh ku Gusti dibobodo. Ongkoh saur Gusti bakal aman, geuning punduk abdi sadaya diancam ku pedang.”
11 Dina waktu éta, bakal aya omongan kieu ka urang Yéhuda jeung Yérusalém,
”Angin panas ti puncak-puncak pasir* di gurun keusikBakal ngahébos ka umat Kuring.*Éta ngahébos téh lain keur ngirik* atawa mersihan sisikian.
12 Ku paréntah Kuring, angin gelebug datang ti tempat-tempat éta.
Ayeuna, Kuring rék ngumumkeun hukuman keur bangsa milik Kuring.
13 Musuh bakal datang kawas méga* mendung,Karéta-karétana kawas angin puyuh,
Kuda-kudana leuwih gancang tibatan heulang.
’Cilaka urang téh, urang pasti binasa!’
14 Éh Yérusalém, bersihan haté, singkirkeun kajahatan téh ngarah bisa salamet.
Rék teterusan boga pikiran jahat? Rék nepi ka iraha?
15 Aya sora nu méré béja ngeunaan DanSarta méré nyaho ngeunaan musibat di pagunungan Éfraim.
16 Béré nyaho éta ka bangsa-bangsa,Umumkeun éta di Yérusalém.”
”Mata-mata daratang ti nagri nu jauh.Maranéhna ngagorowok tanda rék merangan kota-kota Yéhuda.
17 Maranéhna ngepung Yérusalém kawas jalma-jalma keur ngajaga tegalan,Lantaran Yérusalém geus barontak ka Kuring,” saur Yéhuwa.
18 ”Manéh bakal ngarasakeun balukar tina lalampahan jeung kalakuan manéh.
Kacida peurihna hukuman keur manéh téh,Lantaran kahayang pikeun barontak geus ngakar kuat dina haté manéh.”
19 Aduh mani sedih, teu kuat ku sedihna!
Jajantung abdi karasa nyeri pisan,
Dag-dig-dug teu eureun-eureun.
Abdi teu bisa cicing waé,Lantaran ngadéngé sora tarompét tandukJeung sora* tanda perang.
20 Béja ngeunaan musibat daratang pasusul-susul,Sabab sakuliah nagri geus burak-barik.
Kémah-kémah abdi ujug-ujug ancur,Kaén-kaén kémah abdi gé ngadadak raruksak.
21 Nepi ka iraha abdi kudu ningali tanda jalan* ka Zion?Nepi ka iraha abdi kudu ngadéngé sora tarompét tanduk?
22 Saur Allah, ”Umat Kuring téh bodo,Teu ngadéngékeun Kuring.
Maranéhna téh barudak boloho, teu boga pangarti.
Ngalampahkeun nu jahat wéh pinter,Ari ngalampahkeun nu hadé mah teu bisaeun.”
23 Abdi nempo ka sakuliah nagri, geuning kosong jeung kalantar.
Abdi tanggah ka langit, geuning euweuh pisan cahaya.
24 Abdi nempo ka gunung-gunung, keur aleundeur,Kitu deui ka pasir-pasir, keur aroyag.
25 Barang nempo sakuriling téh euweuh sasaha.Manuk-manuk di langit gé geus haliber.
26 Abdi nempo tanah subur téh geus jadi tanah gurun.Kota-kotana gé kabéh geus dirugrugkeun.
Éta téh ku lantaran Yéhuwa,Ku lantaran amarah-Na nu ngagedur.
27 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Sakuliah nagri téh bakal kalantar,Tapi ku Kuring moal diancurkeun nepi ka béak bersih.
28 Ku lantaran ancur, ieu nagri téh bakal sungkawa,Langit gé bakal poék.
Ieu téh lantaran Kuring geus ngucap, Kuring geus mutuskeun,Sarta Kuring moal bakal ngarobah pikiran* atawa teu jadi ngalaksanakeun éta.
29 Barang ngadéngé sora nu tumpak kuda jeung tukang panah,Kabéh jalma di kota kalabur.
Maranéhna arasup ka rungkun-rungkunJeung nérékél ka gunung-gunung batu.
Unggal kota ditaringgalkeun,Euweuh nu nyicingan saurang-urang acan.”
30 Ayeuna manéh geus ancur, rék kumaha sok?
Baheula mah manéh téh sok maké baju beureum,Maké perhiasan emas,Panon gé disipat.*
Tapi ngageulis kawas kitu téh cumah,Da manéh geus dipiceun ku nu harayangeun ka manéh.Malah, ayeuna mah rék dipaéhan.
31 Kadéngé sora kawas sora awéwé keur nandangan kanyeri,Nyerina téh kawas awéwé nu keur ngajurukeun anak cikal.Éta téh sora Zion nu keur runghap-rénghap.
Pokna bari nadahkeun leungeun,
”Aduh cilaka, kuring béak tanaga gara-gara loba nu rék maéhan!”
Catetan Tambihan
^ Ngaguar taneuh.
^ Atawa ”tihang tanda”.
^ Atawa ”Sarta teunggeulan dada”.
^ Atawa ”bukit”.
^ As. ”ka anak awéwé umat Kuring”. Ieu téh ungkapan pikeun ngagambarkeun parasaan karunya.
^ Misahkeun sisikian tina cangkangna.
^ Atawa ”awan”.
^ Atawa bisa jadi ”gorowok”.
^ Atawa ”tihang tanda”.
^ Atawa ”moal kaduhung”.
^ Atawa ”dipulas”.