Yérémia 42:1-22
42 Para panglima, Yohanan anak Karéah, Yézania anak Hosyaya, jeung sakabéh rahayat, ti jalma biasa nepi ka jalma penting, nyalampeurkeun
2 Nabi Yérémia tuluy ngomong kieu, ”Mugia Bapa kersa ngabulkeun panuhun abdi sadaya. Pangdoakeun ka Yéhuwa Allahna Bapa demi abdi sadaya nu salamet, nu mung sakedik ieu, sakumaha nu katingali ku Bapa.
3 Mugia Yéhuwa Allahna Bapa ngawartosan abdi sadaya kedah ka mana sareng kedah kumaha.”
4 Nabi Yérémia ngajawab, ”Mangga, Bapa badé ngadoa ka Yéhuwa Allah aranjeun, sakumaha paménta aranjeun. Naon waé jawaban ti Yéhuwa badé ditepikeun ku Bapa, moal aya sakecap-kecap acan nu teu ditepikeun.”
5 Maranéhna némbalan, ”Yéhuwa bakal jadi saksi nu bener sareng satia. Abdi sadaya sing dihukum ku Yéhuwa Allahna Bapa upami abdi sadaya teu ngajalankeun paréntah Anjeunna nu ditepikeun ku Bapa.
6 Abdi sadaya ngutus Bapa pikeun naros ka Yéhuwa Allah abdi sadaya. Jadi badé genah badé henteu, abdi sadaya badé nurut kana cariosan Anjeunna. Upami abdi sadaya nurut kana cariosan Yéhuwa Allah abdi sadaya, tangtu abdi sadaya hirup tengtrem.”
7 Sapuluh poé ti harita, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Yérémia.
8 Jadi, Yérémia nyalukan Yohanan anak Karéah, sakabéh panglima nu bareng jeung manéhna, sarta sakabéh rahayat, ti jalma biasa nepi ka jalma penting.
9 Pokna ka maranéhna, ”Aranjeun tos ménta Bapa pikeun nepikeun panuhun aranjeun ka Yéhuwa Allah Israél. Kieu saur Anjeunna,
10 ’Lamun maranéh tetep cicing di ieu nagri, Kuring bakal ngarasa sedih* sabab geus ngadatangkeun musibat ka maranéh. Kuring rék ngawangun maranéh, lain rék ngaruntuhkeun. Kuring rék nancebkeun maranéh, lain rék ngarabut.
11 Tong sieun ku raja Babilon nu dipikasieun ku maranéh.’
”’Tong sieun ku manéhna,’ saur Yéhuwa, ’sabab Kuring ngaping maranéh. Kuring rék nyalametkeun jeung ngalésotkeun maranéh tina genggemanana.
12 Kuring bakal karunya ka maranéh. Raja gé bakal karunyaeun sarta mulangkeun maranéh ka nagri maranéh.
13 ”’Tapi lamun maranéh ngomong, ”Abdi sadaya moal matuh di ieu nagri!” sarta maranéh teu nurut kana ucapan Yéhuwa Allah maranéh
14 tuluy ngomong, ”Mending kénéh indit ka Mesir. Di ditu mah abdi sadaya moal nénjo-nénjo deui perang, moal ngadéngé sora tarompét tanduk, jeung moal kalaparan. Abdi sadaya mah badé matuh di ditu,”
15 tah déngékeun firman Yéhuwa, éh urang Yéhuda nu nyésa. Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ”Lamun maranéh keukeuh hayang ka Mesir, tuluy indit jeung matuh di ditu,*
16 pedang nu dipikasieun ku maranéh bakal ngudag maranéh ka Mesir. Kalaparan nu dipikasieun ku maranéh gé bakal nuturkeun ka Mesir. Maranéh bakal paéh di ditu.
17 Saha waé nu keukeuh indit ka Mesir tuluy matuh di ditu bakal paéh ku pedang, kalaparan, jeung wabah panyakit. Saurang gé moal aya nu salamet atawa luput tina musibat nu rék didatangkeun ku Kuring.”’
18 ”Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Sakumaha Kuring ngabudalkeun amarah Kuring nu ngagedur ka penduduk Yérusalém, Kuring gé bakal ngabudalkeun amarah Kuring lamun maranéh arindit ka Mesir. Maranéh bakal disebut-sebut dina kutukan, bakal dihina, jeung bakal direndahkeun. Batur nu ningali maranéh bakal sarieuneun. Maranéh moal bakal nénjo-nénjo deui ieu nagri.’
19 ”Éh urang Yéhuda nu nyésa, Yéhuwa tos ngalarang aranjeun indit ka Mesir. Sing émut, Bapa gé tos ngélingan aranjeun dinten ieu
20 yén upami aranjeun salah milih, nyawa aranjeun nu jadi bayaranana téh. Pan aranjeun tos ngutus Bapa ka Yéhuwa Allah aranjeun. Saur aranjeun téh, ’Demi abdi sadaya, pangdoakeun ka Yéhuwa Allah abdi sadaya. Pasihan terang sagala nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah abdi sadaya, tangtu bakal diturut.’
21 Tah, ucapan Yéhuwa Allah aranjeun téh tos ditepikeun ku Bapa dinten ieu, tapi ku aranjeun moal diturut. Aranjeun gé moal ngalaksanakeun sagala paréntah Anjeunna nu ditepikeun ku Bapa.
22 Jadi sing émut, aranjeun pasti bakal maot ku pedang, kalaparan, sareng wabah panyakit di tempat nu badé dijugjug sarta dicicingan ku aranjeun.”