Yérémia 44:1-30

  • Ramalan ngeunaan musibat nu bakal ninggang ka urang Yahudi di Mesir (1-14)

  • Jalma-jalma teu ngadéngékeun pépéling ti Yéhuwa (15-30)

    • ”Ratu Sorga” disembah (17-19)

44  Yérémia narima firman ti Allah pikeun ditepikeun ka sakabéh urang Yahudi nu aya di Mesir, nyaéta nu matuh di Migdol, di Tahpanhés, di Nof,* jeung di daérah Patros. Kieu eusina, 2  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Maranéh geus ningali sorangan musibat nu ditibankeun ku Kuring ka Yérusalém jeung sakabéh kota Yéhuda. Nepi ka ayeuna, kota-kota éta masih kénéh jadi ruruntuhan, euweuh nu nyicingan. 3  Éta téh lantaran maranéh geus ngalampahkeun kajahatan jeung nganyenyeri haté Kuring. Maranéh ngurban jeung nyembah ka allah-allah séjén nu teu dikenal ku maranéh sarta karuhun maranéh. 4  Kuring teterusan ngutus hamba-hamba Kuring. Kuring teu eureun-eureun ngutus maranéhna* tuluy ngomong, ”Cik atuh, ulah ngalampahkeun hal pikaijideun nu teu dipikaresep ku Kuring.” 5  Tapi, maranéh teu daék ngadéngékeun atawa merhatikeun omongan Kuring. Maranéh masih kénéh ngurban ka allah-allah séjén, teu tobat-tobat tina kajahatan maranéh. 6  Jadi Kuring ngabudalkeun amarah Kuring, heug ngaléntab kota-kota Yéhuda jeung jalan-jalan di Yérusalém. Éta kabéh jadi ruruntuhan jeung kalantar, sakumaha nu katempo ayeuna.’ 7  ”Ayeuna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Ku naon atuh maranéh téh bet nyilakakeun diri sorangan? Mun kitu pan unggal lalaki, awéwé, barudak, jeung orok bakal musna ti Yéhuda, nepi ka euweuh sésana. 8  Ku naon maranéh téh nganyenyeri haté Kuring ku kalakuan maranéh? Sanggeus indit tuluy matuh di Mesir, maranéh kalah ka ngurban ka allah-allah séjén nu aya di éta nagri. Ku kituna maranéh bakal musna, disebut-sebut dina kutukan, jeung direndahkeun ku sakabéh bangsa di bumi. 9  Geus poho kitu kana kajahatan karuhun maranéh sarta kajahatan raja-raja Yéhuda jeung pamajikanana? Geus poho ogé kana kajahatan maranéh jeung pamajikan maranéh nu dilampahkeun di Yéhuda jeung di jalan-jalan di Yérusalém? 10  Nepi ka poé ieu, maranéh teu tobat-tobat.* Maranéh teu hormat* ka Kuring sarta teu ngajalankeun hukum jeung aturan nu ditetepkeun ku Kuring keur maranéh jeung karuhun maranéh.’ 11  ”Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Kuring geus mutuskeun pikeun nibankeun musibat ka maranéh, pikeun numpes sakabéh jalma di Yéhuda. 12  Urang Yéhuda nu nyésa, nu keukeuh indit ka Mesir pikeun matuh di dinya, bakal dibinasakeun ku Kuring di Mesir. Maranéhna bakal tiwas ku pedang jeung musna ku kalaparan. Ti jalma biasa nepi ka jalma penting, kabéh bakal paéh ku pedang jeung kalaparan. Maranéhna bakal disebut-sebut dina kutukan, dihina, jeung direndahkeun. Batur nu nénjona gé bakal sarieuneun. 13  Kuring bakal ngahukum jalma-jalma nu matuh di Mesir, sakumaha Kuring ngahukum Yérusalém ku pedang, kalaparan, jeung wabah panyakit. 14  Urang Yéhuda nu nyésa, nu indit pikeun matuh di Mesir, moal bisa lolos atawa salamet tuluy balik ka Yéhuda. Maranéhna bakal harayangeun pisan mulang jeung matuh di Yéhuda, tapi moal bisa. Ngan saeutik pisan nu bisa mulang.’” 15  Tuluy, sakabéh jalma nu matuh di Mesir, nyaéta di Patros, bareng jeung jalma réa, nyaéta kabéh lalaki nu nyaho yén pamajikanana geus ngurban ka allah-allah séjén sarta pamajikan maranéhna nu keur narangtung di dinya, némbalan kieu ka Yérémia, 16  ”Sadaya ucapan Bapa nu mamawa nami Yéhuwa téh moal didangu. 17  Abdi sadaya mah pasti badé ngalaksanakeun naon nu tos dicarioskeun ku abdi sadaya, nyaéta ngurban sarta ngucurkeun kurban inuman kanggo Ratu Sorga.* Éta téh sakumaha nu biasa dilampahkeun ku abdi sadaya, karuhun abdi sadaya, raja-raja abdi sadaya, sareng para pajabat abdi sadaya di kota-kota Yéhuda sarta di jalan-jalan di Yérusalém. Harita abdi sadaya téh wareg ku kadaharan, teu kakurangan naon-naon, sarta jauh ti musibat. 18  Ti saprak abdi sadaya tara ngurban sarta ngucurkeun kurban inuman deui kanggo Ratu Sorga, abdi sadaya bet jadi kakurangan naon-naon, malah dugi ka maot ku pedang sareng kalaparan.” 19  Awéwé-awéwé marilu ngomong, ”Salaki abdi sadaya téh tos ngidinan abdi sadaya ngurban sareng ngucurkeun kurban inuman kanggo Ratu Sorga. Abdi sadaya gé diidinan ngadamel kuéh anu rupana kawas éta ratu.” 20  Geus kitu, Yérémia ngomong ka rahayat, nyaéta ka lalaki-lalaki jeung pamajikan maranéhna sarta sakabéh jalma nu bieu némbalan manéhna, 21  ”Kurban di kota-kota Yéhuda sarta di jalan-jalan di Yérusalém, nu dibaktikeun ku aranjeun, karuhun aranjeun, raja-raja aranjeun, para pajabat aranjeun, sareng rahayat nagri, sadayana dipikaémut ku Yéhuwa. Anjeunna teu hilap! 22  Ahirna, Yéhuwa tos teu tahan deui kana kajahatan aranjeun sareng hal-hal pikaijideun nu dilampahkeun ku aranjeun. Wayahna nagri aranjeun jadi kawas kieu, kalantar, teu dicicingan deui, sarta disebut-sebut dina kutukan. Batur nu ningalina gé jadi sarieuneun. 23  Ayeuna, aranjeun ngalaman musibat téh nya ku lantaran kurban-kurban éta sarta dosa aranjeun ka Yéhuwa. Aranjeun teu nurut kana ucapan Yéhuwa sarta teu ngajalankeun hukum jeung aturana-Na. Aranjeun gé teu ngadangukeun pangéling ti Anjeunna ngeunaan musibat nu bakal ninggang aranjeun.” 24  Yérémia neruskeun omonganana ka sakabéh rahayat jeung sakabéh awéwé, ”Hé sakabéh urang Yéhuda nu aya di tanah Mesir, dangukeun ucapan Yéhuwa. 25  Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Maranéh jeung pamajikan maranéh geus sumpah sarta ngalaksanakeun sumpah maranéh. Ceuk maranéh, ”Abdi sadaya pasti badé ngalaksanakeun sumpah, nyaéta ngurban sarta ngucurkeun kurban inuman kanggo Ratu Sorga.” Maranéh jeung pamajikan maranéh pasti ngalaksanakeun éta sumpah.’ 26  ”Ku kituna, hé sakabéh urang Yéhuda nu aya di Mesir, dangukeun ucapan Yéhuwa, ’Ceuk Yéhuwa, ”Kuring sumpah demi ngaran Kuring nu agung yén moal aya hiji-hiji acan urang Yéhuda di sakuliah Mesir nu bakal nyebut ngaran Kuring dina sumpahna. Moal aya nu ngomong, ’Demi Yéhuwa nu hirup, Gusti Nu Maha Agung!’ 27  Kuring rék nibankeun musibat, lain kahadéan. Sakabéh urang Yéhuda nu aya di Mesir bakal binasa ku pedang jeung ku kalaparan, moal aya nu nyésa. 28  Ngan saeutik pisan nu bakal lolos tina pedang tuluy balik ti Mesir ka Yéhuda. Ku kituna, sakabéh urang Yéhuda nu nyésa, nu datang ka Mesir jeung matuh di dinya, bakal nyaho ucapan saha nu laksana, Kuring atawa maranéhna!”’” 29  ”Saur Yéhuwa, ’Ieu tanda keur maranéh yén Kuring bakal ngahukum maranéh di ieu tempat. Ku kituna, maranéh bakal nyaho yén omongan Kuring ngeunaan musibat nu rék ditibankeun ka maranéh téh pasti laksana. 30  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Kuring bakal nyerahkeun Firaun Hofra, raja Mesir, ka musuh-musuhna jeung ka jalma-jalma nu ngincer nyawana, sakumaha Kuring nyerahkeun Zédékia raja Yéhuda ka Nébukhadnézar* raja Babilon, nyaéta musuhna jeung jalma nu ngincer nyawana.”’”

Catetan Tambihan

Atawa ”Mémfis”.
As. ”Kuring hudang isuk-isuk sarta ngutus maranéhna”.
Atawa ”teu ngarendahkeun diri; teu ngarasa remuk haté”.
As. ”sieun”.
Gelaran déwi nu disembah ku urang Israél nu murtad. Bisa jadi déwi kasuburan.
As. ”Nébukhadrézar”, éjahan séjénna.