Yérémia 6:1-30

  • Yérusalém geus téréh dikepung (1-9)

  • Yéhuwa ambek ka Yérusalém (10-21)

    • Ceuk maranéhna ”Aman!” padahal boro-boro aman (14)

  • Serangan nu kacida kejemna ti kalér (22-26)

  • Yérémia dijadikeun kawas tukang ngamurnikeun logam (27-30)

6  Hé turunan Bényamin, geura kalabur ti Yérusalém, téangan tempat nu aman. Tiup tarompét tanduk di Tékoa,Hurungkeun seuneu di Bét-hakkhérém pikeun méré tanda! Musibat nu kacida hébatna téréh narajang ti kalér.  2  Kota Zion téh kawas awéwé nu geulis jeung ogoan.  3  Para pangangon jeung ingon-ingonna bakal daratang ka dinya. Maranéhna masang kémah di sakuriling manéhna,Masing-masing maraban ingon-ingonna.  4  ”Geura sadia,* urang serbu manéhna! Geura carengkat, urang tarajang tengah poé!” ”Duh, cilaka! Ayeuna mah geus téréh burit,Geus beuki poék!”  5  ”Geura carengkat, urang tarajang ti peuting.Urang gempur munara-munarana nu dibénténgan.”  6  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Tuaran kai tuluy jieun bénténg pikeun ngepung Yérusalém. Éta téh kota nu kudu dihukum,Da eusina téh ngan jalma-jalma nu resep nindes.  7  Kawas sumur nu teterusan ngabijilkeun citiis,Éta kota teu eureun-eureun ngahasilkeun kajahatan. Di jero kota kadéngé sora jalma-jalma nu kejem jeung sok ngaruksak.Nu katingali téh ngan panyakit jeung wabah.  8  Éh Yérusalém, déngékeun peringetan Kuring. Mun henteu, Kuring bakal ngabalieur bakating ku geuleuh ka manéh.Manéh ku Kuring rék disina kalantar, jadi nagri nu teu dicicingan.”  9  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Urang Israél nu nyésa téh kawas anggur nu nyésa kénéh dina tangkalna. Jadi kumpulkeun maranéhna, kawas jalma nu ngumpulkeun anggur nu nyésa kénéh kana karanjang.” 10  ”Ka saha abdi kedah nyarios sarta masihan pépéling? Saha nu badé ngadangukeun? Da cepil maranéhna téh tos ditutup, janten teu tiasa merhatikeun. Firman Yéhuwa dihina-hina ku maranéhna.Maranéhna teu resepeun. 11  Amarah Yéhuwa ngagedur dina diri abdi,Tos teu kiat nandanganana.” ”Tumplekkeun éta ka barudak leutik di jalan,Ka barudak ngora nu keur karumpul. Kabéh jalma bakal ditéwak, salaki jeung pamajikanana.Nu kolot jeung nu geus kolot pisan gé moal dikarikeun. 12  Imah maranéhna bakal dibikeun ka batur,Kitu deui lahan jeung pamajikan maranéhna. Ku kawasa Kuring, Kuring bakal ngahukum penduduk éta nagri,” saur Yéhuwa. 13  Jalma-jalma, ti jalma biasa nepi ka jalma penting, kabéhanana nyiar kauntungan nu teu jujur.Teu nabi teu imam, saruana resep nipu. 14  Raheut-raheutna umat Kuring téh ngan asal baé diubaranana.Ceuk maranéhna, ’Aman! Aman!’ Padahal mah boro-boro aman. 15  Aréraeun teu ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun kitu téh? Bororaah, maranéhna mah teu aréraeun saeutik-eutik acan! Teu nyaho-nyaho acan kumaha rasana éra téh. Maranéhna bakal labuh di antara jalma-jalma nu geus labuh. Maranéhna bakal titajong waktu Kuring méré hukuman,” saur Yéhuwa. 16  Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ka maranéhna, ”Geura narangtung di parapatan jeung tuluy awaskeun. Pék tanyakeun ngeunaan jalan-jalan heubeul,Tanyakeun mana jalan nu hadé tuluy tuturkeun,Supaya maranéh ngarasa tengtrem.” Tapi ceuk maranéhna, ”Teu hayang teuing nuturkeun éta jalan.” 17  ”Kuring ngangkat tukang-tukang jaga nu ngomong kieu,’Déngékeun sora tarompét tanduk!’” Tapi ceuk maranéhna, ”Moal ah, moal didéngékeun.” 18  ”Ku sabab kitu, déngékeun hé bangsa-bangsa! Hé jalma-jalma nu keur karumpul,Tingali naon nu bakal kajadian ka jalma-jalma di Yérusalém. 19  Hé bumi, déngékeun! Kuring rék ngadatangkeun musibat ka ieu bangsa,Da pikiran maranéhna téh jahat.Maranéhna gé teu ngadéngékeun firman KuringSarta nolak hukum* Kuring.” 20  ”Jang naon mawaan dupa ti SyébaJeung jukut seungit* ti nagri nu jauh téh? Kuring teu hayang narima kurban beuleuman maranéh.Kuring gé teu resep kana kurban-kurban maranéh.” 21  Ku kituna, ieu saur Yéhuwa, ”Kuring bakal neundeun balok-balokNgarah ieu bangsa titarajong.Bapa jeung anakna,Tatangga jeung babaturanana,Kabéhanana bakal musna.” 22  Yéhuwa ngucap kieu, ”Tuh, aya bangsa nu rék datang ti nagri di kalér.Bangsa nu gedé rék datang ti daérah nu pangjauhna di bumi. 23  Maranéhna nyekel busur panah jeung tumbak, Kacida kejemna jeung tégaan. Sora maranéhna kawas laut nu ngaguruh.Maranéhna tarumpak kuda. Maranéhna nyieun barisan tempur kawas prajurit nu rék nyerang manéh, éh kota Zion.” 24  Urang kabéh geus ngadéngé laporan ngeunaan éta. Ieu leungeun langsung ngaplék.Urang dicangkerem ku kasusah,Mani sangsara kawas awéwé nu keur ngajuru. 25  Ulah waka ka tegalan,Ulah leuleumpangan di jalan,Sabab aya musuh nu mamawa pedang.Di mana-mana, jalma-jalma sarieuneun. 26  Hé bangsa abdi,*Geura paké kaén goni tuluy gugulingan dina lebu. Pék ceurik aluk-alukan kawas nu ditinggalkeun maot ku anak tunggal,Sabab si tukang ngancurkeun téh bakal ngadadak datang. 27  ”Manéh* ku Kuring rék dijadikeun kawas tukang ngamurnikeun logam,Da manéh téh kudu ngamurnikeun umat Kuring.Manéh kudu merhatikeun jeung nilik-nilik lalampahan maranéhna. 28  Maranéhna kabéh téh jalma-jalma nu pangbedegong-bedegongna,Leuleumpangan ka ditu ka dieu jang mitnah batur. Maranéhna téh kawas tambaga jeung beusi,Kalakuanana téh mani bejad. 29  Nya cumah usaha jalma nu rék ngamurnikeunana. Najan alat keur niup seuneuna béak kaduruk, Nu kaluar téh timah hideung deui timah hideung deui.Nya kitu ogé, jalma-jalma jahat teu bisa disingkirkeun ti éta bangsa. 30  Jalma-jalma pasti bakal nyebut maranéhna téh pérak butut,Da maranéhna geus ditolak ku Yéhuwa.”

Catetan Tambihan

Atawa ”susuci”.
Atawa ”pituduh”.
Basa Inggrisna nyaéta calamus.
As. ”anak awéwé bangsa abdi”.
Maksudna, Yérémia.