Amos 1:1-15

  • Amos meunang titingalian ti Yéhuwa (1, 2)

  • Hukuman lantaran teterusan barontak (3-15)

1  Ieu téh kekecapan Amos,* salah saurang pangangon ti Tékoa. Dua taun saacan aya kajadian lini, manéhna meunang titingalian ngeunaan Israél. Harita Uzzia jadi raja di Yéhuda, sarta Yéroboam putra Yoas jadi raja di Israél.  Ceuk Amos, ”Yéhuwa bakal ngagaur ti Zion,Gentra-Na ngageleger ti Yérusalém. Tegal jukut nu dipaké ngangon bakal prihatin,Pepelakan di puncak Gunung Karmél bakal gararing.”   ”Kieu firman Yéhuwa,’”Damaskus hayoh waé* barontak,* ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Maranéhna ngancurkeun Giléad ku pangirik* tina beusi.   Ku kituna, Kuring bakal ngadatangkeun seuneu ka imah Hazaél.Éta seuneu bakal ngahuru munara-munara Bén-hadad nu dibénténgan.   Kuring bakal motongkeun palang-palang di Damaskus.Penduduk Bikat-awén rék dimusnakeun,Kitu deui nu maréntah* ti Bét-éden.Urang Siria bakal diboyong jadi tawanan di Kir,” saur Yéhuwa.’   Kieu firman Yéhuwa,’”Gaza hayoh waé barontak, ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Maranéhna masrahkeun sakabéh tawanan ka Édom.   Ku kituna, Kuring rék ngadatangkeun seuneu kana témbok Gaza.Éta seuneu bakal ngahuru munara-munarana nu dibénténgan.   Penduduk Asdod ku Kuring rék dimusnakeun,Kitu deui nu maréntah* ti Askélon.Ékron rék dihukum,Urang Filistin nu nyésa kénéh bakal binasa,” saur Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.’   Kieu firman Yéhuwa,’Tirus hayoh waé barontak, ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Maranéhna masrahkeun sakabéh tawanan ka ÉdomJeung teu inget kana perjangjian duduluran. 10  Ku kituna, Kuring rék ngadatangkeun seuneu kana témbok Tirus.Éta seuneu bakal ngahuru munara-munarana nu dibénténgan.’ 11  Kieu firman Yéhuwa,’Édom hayoh waé barontak, ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Manéhna ngudag-ngudag dulurna bari mawa pedang,Meni taya welasna.Ku ambek-ambekna, manéhna nyasaak maranéhna taya ampun.Amarahna henteu sirna-sirna. 12  Ku kituna, Kuring rék ngadatangkeun seuneu ka Téman.Éta seuneu bakal ngahuru munara-munara Bozra nu dibénténgan.’ 13  Kieu firman Yéhuwa,’”Urang Ammon hayoh waé barontak, ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Maranéhna ngabedélan beuteung awéwé-awéwé di Giléad nu keur rareuneuh pédah hayang ngalegakeun wilayahna. 14  Ku kituna, Kuring rék ngadatangkeun seuneu kana témbok Raba.Éta seuneu bakal ngahuru munara-munarana nu dibénténgan.Waktu éta kota diserang, bakal kadéngé gorowok perang.Dina poé éta bakal aya angin topan nu hébat. 15  Raja jeung para pajabatna bakal dibawa ka pangbuangan,” saur Yéhuwa.’

Catetan Tambihan

Hartina ”Beban; Manggul Beban”.
Atawa ”geus tilu kali, malah opat kali”.
Atawa ”ngalanggar hukum”.
Alat paranti misahkeun sisikian tina cangkangna.
As. ”nu nyekel tongkat karajaan”.
As. ”nu nyekel tongkat karajaan”.