Amos 2:1-16

  • Hukuman lantaran teterusan barontak (1-16)

2  ”Kieu firman Yéhuwa,’”Moab hayoh waé* barontak,* ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Manéhna ngaduruk tulang-tulang raja Édom pikeun dijadikeun kapur.   Ku kituna, Kuring bakal ngadatangkeun seuneu ka Moab.Éta seuneu bakal ngahuru munara-munara Kériot nu dibénténgan.Moab bakal paéh waktu aya huru-hara,Dibarung ku surak perang jeung sora tarompét tanduk.   Kuring bakal nyingkirkeun pangawasana*Sarta maéhan sakabéh pajabatna,” saur Yéhuwa.’   Kieu firman Yéhuwa,’Yéhuda hayoh waé barontak, ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Maranéhna ngalawan hukum* YéhuwaSarta teu nuturkeun aturana-Na.Maranéhna disasabkeun ku hal-hal bohong nu dipercaya ku karuhunna.   Ku kituna, Kuring bakal ngadatangkeun seuneu ka Yéhuda.Éta seuneu bakal ngahuru munara-munara Yérusalém nu dibénténgan.’   Kieu firman Yéhuwa,’Israél hayoh waé barontak, ku sabab kitu Kuring moal ngarobah putusan Kuring.Maranéhna ngajual jalma bener demi pérakSarta ngajual anu miskin demi sendal sapasang.   Maranéhna nincakan hulu jalma leutikSarta ngahalangan jalan jalma nu rendah haté. Bapa sarta anak ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé nu éta kénéh,Éta téh nganajisan ngaran Kuring nu suci.   Di gigireun unggal mézbah, maranéhna saré ditilaman ku baju batur nu dijadikeun jaminan hutang.Maranéhna meuli cianggur maké duit hasil dengda, seug diinum di kuil allah-allahna.’   ’Urang Amori nu awakna jarangkung kawas tangkal aras sarta karuat kawas tangkal ékKu Kuring dimusnakeun ti hareupeun maranéhna.Kuring ngamusnakeun urang Amori kawas ngamusnakeun tangkal, ti buah nepi ka akarna. 10  Kuring ngabudalkeun maranéh ti Mesir,Tuluy nungtun maranéh ngumbara di tanah gurun salila 40 taun,Pikeun ngarebut tanah urang Amori. 11  Sababaraha anak lalaki maranéh dijadikeun nabi ku Kuring,Sababaraha jajaka dijadikeun Nazir. Lain kitu, éh urang Israél?’ saur Yéhuwa. 12  ’Tapi, para Nazir ku maranéh terus wéh disina ngarinum cianggur,Para nabi gé dilarang ngucapkeun ramalan.* 13  Ku kituna, Kuring rék ngancurkeun maranéh di tempat maranéh kénéh,Kawas padati nu pinuh ku sisikian ngagiles naon waé nu aya di handapeunana. 14  Nu tarik lumpatna moal bisa kabur ka mamana,Nu bedas bakal leungit kakuatan,Sarta moal aya prajurit nu bisa nyalametkeun diri. 15  Tukang manah moal bisa tagen,Nu tarik lumpatna moal bisa lolos,Sarta nu tumpak kuda moal bisa nyalametkeun diri. 16  Dina poé éta mah prajurit nu pangwanianana géBakal kabur bari teu dibaju-baju acan,’ saur Yéhuwa.”

Catetan Tambihan

Atawa ”geus tilu kali, malah opat kali”.
Atawa ”ngalanggar hukum”.
As. ”hakimna”.
Atawa ”pangajaran”.
Tingali Daptar Istilah.