Amos 3:1-15

  • Ngumumkeun hukuman ti Allah (1-8)

    • Allah ngungkabkeun rasiah-Na (7)

  • Pesen keur Samaria (9-15)

3  ”Éh urang Israél, déngékeun nu diucapkeun ku Yéhuwa ngeunaan maranéh, bangsa nu dibudalkeun ku Anjeunna ti Mesir,   ’Ti sakabéh bangsa di bumi, ngan maranéh hiji-hijina bangsa nu dipilih* ku Kuring. Matakna, Kuring rék ngahukum maranéh ku lantaran sagala dosa maranéh.   Mémangna bisa dua jalma indit babarengan lamun teu jangjian heula?   Mémangna singa bakal ngagaur di leuweung lamun euweuh mamangsan? Mémangna singa ngora* bakal ngagerem dina guha lamun can beubeunangan?   Mémangna manuk bakal asup kana jiret lamun euweuh nu masang jiretna?* Mémangna sentég bakal ngajeplak lamun euweuh nu katéwak?   Lamun tarompét tanduk ditiup di kota, piraku jalma-jalma teu galeumpeur? Lamun aya musibat di kota, lainna éta téh ku karana Yéhuwa?   Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, moal waka midamel nanaonLamun can ngungkabkeun rasiah-Na ka hamba-hamba-Na, nyaéta para nabi-Na.   Singa geus ngagaur! Saha nu teu sieun? Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, tos nyarios! Nabi mana nu bakal tetep jempé?’   ’Umumkeun di munara-munara Asdod nu dibénténganJeung di munara-munara Mesir nu dibénténgan. Umumkeun kieu, ”Geura karumpul di gunung-gunung Samaria.Tingali kumaha kacowna di dinyaJeung kumaha lobana panipuan di dinya. 10  Kitu téh nya lantaran maranéhna teu nyaho carana ngalampahkeun nu bener,” saur Yéhuwa,”Maranéhna ngeusian munara-munarana ku barang jarahan hasil kajahatan.”’ 11  Ku sabab kitu, ieu firman Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,’Ieu nagri bakal dikepung ku musuh.Manéh bakal leungit kakuatan.Munara-munara manéh nu dibénténgan bakal dijarah.’ 12  Ieu firman Yéhuwa,’Sakumaha pangangon ngan bisa nyokot suku sapasang atawa ceuli domba sabeulah tina sungut singa,Nya kitu ogé ngan saeutik urang Israél nu bakal salamet,Nu ayeuna keur gégéléhéan dina ranjang nu méwah jeung korsi panjang nu alus* di Samaria.’ 13  ’Pék déngékeun sarta pépélingan turunan Yakub,’ saur Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Allah pangawasa pasukan sorga. 14  ’Dina poé Kuring ngahukum Israél gara-gara barontak,*Kuring gé bakal ngancurkeun mézbah-mézbah di Bétel.Tanduk-tanduk nu aya dina mézbahna bakal dipotong-potongkeun sina ragragan kana taneuh. 15  Imah-imah paragi usum* tiris jeung usum panas rék diancur-ancurkeun ku Kuring.’ ’Imah-imah anu dihias ku gading bakal alancur,Sarta imah-imah gedong* bakal rarugrug,’ saur Yéhuwa.”

Catetan Tambihan

As. ”dikenal”.
Atawa ”singa ngora nu jabrig”.
Atawa bisa jadi ”lamun teu dieupanan”.
Atawa ”korsi panjang ti Damaskus”.
Atawa ”gara-gara kajahatanana”.
Atawa ”usim”.
Atawa bisa jadi ”Sarta loba imah”.