Amos 4:1-13

  • Pesen keur awéwé-awéwé Samaria (1-3)

  • Yéhuwa ijid kana ibadah palsu urang Israél (4, 5)

  • Israél embung dibéré pépéling (6-13)

    • ’Geura siap sadia nyanghareupan Allah’ (12)

    • ’Allah nembrakkeun eusi pikirana-Na’ (13)

4  ”Daréngékeun, éh awéwé-awéwé nu cicing di gunung Samaria,Nu kawas sapi-sapi Basyan.Maranéh téh sok nipu jalma leutik jeung nindes jalma miskin.Maranéh ngomong kieu ka salaki,* ’Pangmawakeun inuman keras ka dieu, hayu urang nginum!’   Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, geus sumpah demi kasuciana-Na,’”Bakal datang poéna maranéh digantung maké kakait daging,Ari jalma nu nyésa bakal digantung maké useup.   Maranéh bakal kaluar ngaliwatan témbok-témbok nu geus jebol, nu aya di hareupeun maranéh.Maranéh bakal diusir ka Harmon,” saur Yéhuwa.’   ’Geura daratang ka Bétel, pék marigawé dosa!*Geura daratang ka Gilgal, pék marigawé dosa leuwih loba! Bawa kurban maranéh isuk-isuk,Jeung bawa perpuluhan maranéh dina poé nu katilu.   Beuleum kurban pamuji sukur maranéh, nyaéta roti nu diragian!Uar-uarkeun pangbakti sukaréla maranéh! Da éta nu dipikaresep ku maranéh, éh urang Israél,’ saur Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.   ’Maranéh ku Kuring disina teu manggih dahareun di sakabéh kota maranéh,Sina kakurangan roti di sakabéh imah maranéh.Najan kitu, maranéh teu baralik deui ka Kuring,’ saur Yéhuwa.   ’Tilu bulan saacan panén, Kuring nahan hujan.Kuring nurunkeun hujan ka hiji kota, tapi ka kota séjénna mah henteu. Di hiji kebon turun hujan,Tapi di kebon séjénna mah taneuhna garing, da euweuh hujan.   Bari lalungsé ku lantaran haus, jalma-jalma ti dua atawa tilu kota arindit ka hiji kota da harayangeun nginum,Tapi bakal tetep haraus.Najan kitu, maranéh teu baralik deui ka Kuring,’ saur Yéhuwa.   ’Kuring ngirimkeun angin panas jeung hama jamur. Sanajan kebon jeung kebon anggur maranéh ngalobaan,Tangkal ara jeung tangkal zaitun maranéh béak digalaksak ku simeut.Tapi, angger wéh maranéh teu baralik deui ka Kuring,’ saur Yéhuwa. 10  ’Kuring ngadatangkeun wabah panyakit ka maranéh kawas ka Mesir. Barudak ngora maranéh ku Kuring dipaéhan ku pedang, kuda maranéh sina dijarah. Saking lobana mayit, bau bangké nyambuang di pakémahan maranéh.Najan kitu, maranéh teu baralik deui ka Kuring,’ saur Yéhuwa. 11  ’Nagri maranéh diburak-barik ku Kuring,Kawas Sodom jeung Gomora nu diburak-barik ku Kuring. Nu salamet téh kawas kai nu ditarik ti jero seuneu.Najan kitu, maranéh teu baralik deui ka Kuring,’ saur Yéhuwa. 12  Ku sabab kitu, éh Israél, maranéh rék dihukum ku Kuring. Éta nu bakal dilampahkeun ku Kuring.Jadi, éh Israél, pék geura siap sadia nyanghareupan Kuring, Allah maranéh. 13  Saenyana, Anjeunna nu ngadamel gunung-gunung jeung ngajadikeun angin.Anjeunna nembrakkeun eusi pikirana-Na ka manusa.Anjeunna ngaganti cahaya pajar ku poék.Anjeunna ngaléngkah di tempat-tempat nu luhur di bumi.Nami-Na téh Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga.”

Catetan Tambihan

Atawa ”dunungan”.
Atawa ”pék barontak”.