Amos 5:1-27

  • Israél kawas parawan nu tibeubeut (1-3)

  • Geura baralik ka Allah ngarah tetep hirup (4-17)

    • Mikangéwa kagoréngan, mikaresep kahadéan (15)

  • Poé Yéhuwa, poé nu poék (18-27)

    • Kurban Israél ditolak (22)

5  ”Éh urang Israél, déngékeun kekecapan ieu, déngékeun lagu sedih ieu,   ’Israél, parawan éta, geus tibeubeut di nagrina sorangan,Manéhna teu bisa nangtung deui. Kabéh jalma pada ninggalkeun manéhna,Euweuh nu mantuan manéhna nangtung deui.’  ”Kieu firman Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Kota anu ngirimkeun 1.000 prajurit, anu baralik ngan 100.Kota anu ngirimkeun 100, anu baralik ngan 10. Éta nu bakal kaalaman ku urang Israél.’  ”Kieu firman Yéhuwa ka urang Israél, ’Geura baralik deui ka Kuring sangkan tetep hirup.   Ulah indit ka Bétel pikeun néangan pitulung,Ulah indit ka Gilgal atawa meuntas ka Béér-syéba,Sabab urang Gilgal bakal ditawan,Bétel gé bakal musna.*   Geura baralik deui ka Yéhuwa sangkan tetep hirup.Lamun henteu, Anjeunna bakal jadi kawas seuneu nu ngaduruk turunan Yusuf,Nu ngalebur Bétel, seuneuna moal aya nu bisa mareuman.   Maranéh ngarobah kaadilan jadi pepelakan pait.Maranéh miceun kaadilan kana taneuh.   Geura baralik deui ka Anjeunna nu nyiptakeun rasi béntang Kima* jeung rasi béntang Késil.*Anjeunna nu ngaganti poék mongkléng ku caangna isuk-isuk.Anjeunna nu ngaganti beurang ku poék kawas peuting.Anjeunna nu nyandak cai laut,Tuluy dikucurkeun ka bumi.Nami Anjeunna téh Yéhuwa.   Anjeunna bakal gancang ngabasmi jalma-jalma nu kuat,Ngaruntuhkeun tempat-tempat nu dibénténgan. 10  Jalma-jalma éta teu resep ka nu mapatahan di gerbang kotaSarta ngéwa ka nu ngomongna jujur. 11  Maranéh maksa nu miskin mayar séwa kebon.*Maranéh terus ngarampasan gandumna.Ku sabab kitu, maranéh moal salilana matuh di imah nu diwangun ku maranéh maké batu potongan.Maranéh gé moal bisa terus nginum cianggur hasil ti kebon anggur pangalusna nu dipelakan ku maranéh. 12  Kuring apal maranéh sering pisan barontak.*Kuring gé apal dosa maranéh téh kacida gedéna.Maranéh nganiaya jalma bener,Narima panyogok,Sarta di gerbang kota, maranéh teu adil ka jalma miskin. 13  Jalma nu bijaksana mah bakal jempé dina mangsa éta,Ku lantaran éta téh mangsa nu bahaya. 14  Usahakeun migawé nu bener, ulah migawé nu jahat,Sangkan maranéh tetep hirup. Ku kituna, Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga, bakal nyarengan maranéh,Sakumaha ucapan maranéh. 15  Maranéh kudu mikangéwa kagoréngan, mikaresep kahadéan,Sarta ngadegkeun kaadilan di gerbang kota. Sugan wéh Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga,Bakal mikawelas turunan Yusuf nu nyésa.’ 16  ”Ku kituna, Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga, nepikeun firman-Na. Kieu saur Yéhuwa, ’Di sakabéh alun-alun kota bakal kadéngé jalma-jalma careurik.Di sakabéh jalan, maranéhna bakal ngomong, ”Aduh, aduh!” Maranéhna bakal ngageroan para patani sina sungkawa.Maranéhna bakal manggil jalma-jalma nu diupah sina nyeungceurikan.’ 17  ’Di sakabéh kebon anggur bakal kadéngé sora ceurik aluk-alukan,Sabab Kuring bakal ngaliwat ka tengah-tengah maranéh pikeun ngahukum maranéh,’ saur Yéhuwa. 18  ’Cilaka jalma nu ngarep-ngarep poé Yéhuwa! Mémangna ceuk maranéh poé Yéhuwa téh bakal siga kumaha? Éta téh poé nu poék, lain poé nu caang. 19  Dina poé éta, kaayaan maranéh bakal kawas jalma nu kabur ti singa, ari gok paamprok jeung biruang.Waktu manéhna asup ka imah, barang nyabak témbok, ari cok dipacok oray. 20  Poé Yéhuwa téh poé nu poék, lain poé nu caang.Éta téh poé nu surem, lain poé nu béngras. 21  Kuring téh ngéwa, ijid kana perayaan-perayaan maranéh.Kuring teu resep kana seungit kurban nu dibaktikeun ku maranéh dina acara nu istiméwa. 22  Sanajan maranéh ngabaktikeun kurban beuleuman jeung pangbakti-pangbakti séjénna,Kuring mah teu resep.Sato-sato lalintuh nu dibaktikeun ku maranéh jadi korban karukunan téh moal ditempo-tempo acan ku Kuring. 23  Eureunan nyanyian-nyanyian maranéh nu ngagandéngan téh.Kuring teu hayang ngadéngé sora alat musik maranéh nu maké senar. 24  Keun kaadilan sina ngocor lir cai,Hal-hal nu bener sina ngocor kawas walungan nu teu saat-saat. 25  Éh urang Israél, salila 40 taun maranéh di tanah gurun,Mémangna maranéh méré kurban jeung pangbakti ka Kuring? 26  Waktu engké maranéh ditawan, Sakut jeung Kaiwan,*Nyaéta patung-patung déwa béntang jieunan maranéh, bakal digogotong ku maranéh. 27  Kuring bakal miceun maranéh ka tempat nu leuwih jauh ti Damaskus,’ saur Anjeunna nu namina Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga.”

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”bakal jadi tempat nu keueung”.
Bisa jadi ngamaksudkeun gugus béntang Kartika (Pléiadés) dina rasi béntang Taurus.
Bisa jadi ngamaksudkeun rasi béntang Belantik (Orion).
Atawa ”mayar pajeg tanah”.
Atawa ”sering pisan ngalampahkeun kajahatan”.
Duanana bisa jadi ngamaksudkeun planét Saturnus nu dianggap déwa.