Amos 6:1-14

  • Cilaka jalma-jalma nu sarenang hirup! (1-14)

    • Ranjang tina gading; cianggur samangkok (4, 6)

6  ”Cilaka jalma-jalma nu sarenang hirup di Zion,Nu ngarasa aman di gunung Samaria.Maranéhna téh para pamingpin ti bangsa nu panghébatna.Maranéhna sok dipéntaan tulung ku urang Israél.   Jung meuntas, tempoan Kalné. Ti dinya, jig indit ka Hamat, kota nu gedé téa,Tuluy ka Gat, kota urang Filistin. Mémangna éta kota-kota téh leuwih alus tibatan karajaan-karajaan maranéh,*Atawa wilayahna leuwih gedé tibatan wilayah maranéh, kitu?   Maranéh ngahaja mopohokeun poé cilaka éta.Maranéh kalah ka ngadukung jalma kejem jadi pangawasa.   Maranéh ngagolér dina ranjang tina gading jeung gégéléhéan dina korsi-korsi panjang,Bari dalahar daging domba nu pangalusna jeung daging anak sapi* nu lintuh.   Maranéh ngarang lalaguan bari diiring ku harpa.*Kawas Daud, maranéh nyarieunan alat-alat musik.   Maranéh nginum cianggur samangkok pinuhTuluy ngabalur awak ku minyak nu pangalusna. Tapi, maranéh teu paduli kana musibat nu kaalaman ku turunan Yusuf.   Ku sabab kitu, engké maranéh nu pangheulana diboyong jadi tawanan.Pésta-pésta maranéh moal aya deui.   Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nyarios, ’Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, geus sumpah demi diri-Na,”Kuring ijid kana kasombongan Yakub.Kuring ngéwa kana munara-munarana nu dibénténgan.Kuring rék mikeun éta kota jeung eusina ka musuh.  ”’”Lamun di hiji imah nyésa sapuluh urang, maranéhna gé bakal maot. 10  Dulur maranéhna* bakal ngangkat mayit-mayitna kaluar, tuluy diduruk hiji-hiji. Waktu mawa kaluar mayit-mayitna* ti éta imah, manéhna bakal ngomong ka jalma anu aya di rohangan pangjerona éta imah, ’Aya kénéh nu séjén di dinya?’ Témbalna, ’Euweuh.’ Tuluy dulurna éta bakal ngomong kieu, ’Jempé! Ayeuna lain waktuna nyebutkeun nami Yéhuwa.’” 11  Lamun Yéhuwa geus méré paréntah,Imah gedé bakal jadi ruruntuhan,Imah leutik bakal jadi barangkal. 12  Bisaeun kitu kuda lumpat di gawir cadas?Mémangna aya jalma nu mawa sapi ka dinya pikeun ngawuluku?* Maranéh geus ngarobah kaadilan jadi pepelakan nu racunan.Maranéh ngarobah hal-hal nu bener jadi pepelakan pait. 13  Maranéh gumbira ku hal-hal nu teu guna.Ceuk maranéh, ”Urang bisa boga kawasa siga kieu* téh ku kakuatan sorangan.” 14  Ku kituna, hé urang Israél, Kuring rék ngadatangkeun hiji bangsa sina nyerang maranéh.Maranéhna bakal nindes maranéh ti Lébo-hamat* nepi ka Wadi* Araba,’ saur Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga.”

Catetan Tambihan

Maksudna, karajaan Yéhuda jeung karajaan Israél.
Atawa ”daging sapi jalu ngora”.
Atawa ”alat musik nu maké senar”.
Atawa ”dulur bapana”.
As. ”tulang-tulangna”.
Ngaguar taneuh.
Atawa ”bisa nyokot tanduk”.
Atawa ”jalan asup ka Hamat”.
Tingali Daptar Istilah.