Amos 7:1-17

  • Titingalian ngeunaan ahir bangsa Israél nu geus téréh (1-9)

  • Amos dititah eureun ngaramal (10-17)

7  Abdi meunang titingalian ti Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. Kieu titingalianana: Anjeunna ngadatangkeun gorombolan simeut waktu pepelakan usum* tiris* mimiti sirungan. Dina waktu éta, jukut keur sasatoan raja geus dipangkas.  Sanggeus pepelakan di éta nagri béak dihakanan ku simeut, abdi ngomong, ”Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, mugi maranéhna dihapunten! Kumaha turunan Yakub tiasaeun tahan? Maranéhna teu walakaya.”  Jadi Yéhuwa ngarobah putusana-Na.* Saur Yéhuwa, ”Éta moal kajadian.”  Ieu titingalian ti Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung: Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ngahukum éta nagri ku seuneu. Éta seuneu téh ngaduruk laut nu jero jeung lega nepi ka garing sarta ngahuru éta nagri sabagian.  Geus kitu ceuk abdi téh, ”Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, mugi ulah diteraskeun. Kumaha turunan Yakub tiasaeun tahan? Maranéhna teu walakaya.”  Jadi, Yéhuwa ngarobah putusana-Na.* Saur Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Éta gé moal kajadian.”  Ieu titingalian ti Anjeunna: Yéhuwa ngadeg di sisi témbok nu geus diukur ku lot,* Anjeunna nyepeng lot.  Geus kitu Yéhuwa nanya ka abdi, ”Manéh ningali naon, Amos?” Ku abdi dijawab, ”Lot.” Yéhuwa nyarios deui, ”Kuring ngukur umat Kuring Israél ku lot. Maranéhna moal bakal dihampura deui.  Tempat-tempat pamujaan milik Ishak bakal kalantar, tempat-tempat suci di Israél bakal diancurkeun. Kuring bakal nyerang kulawarga Yéroboam ku pedang.” 10  Amazia, imam di Bétel, ngirim laporan ka Yéroboam raja Israél, ”Amos sakongkol ngalawan Gusti Raja di Israél. Rahayat tos teu tahan ngadangu ucapan Amos. 11  Saur Amos, ’Yéroboam bakal tiwas ku pedang. Urang Israél bakal diboyong ti nagrina jadi tawanan.’” 12  Ti dinya, Amazia ngomong ka Amos, ”Éh tukang nepikeun titingalian, jig indit ka Yéhuda! Geura néangan napkah* di ditu. Di ditu mah rék ngaramal* gé kop baé. 13  Tapi di Bétel mah manéh geus teu meunang ngaramal deui, sabab di dieu mah tempat sucina raja, kuil karajaan.” 14  Geus kitu, Amos ngajawab Amazia, ”Abdi tadina lain nabi, lain anak nabi. Abdi mah pangangon sarta tukang ngurus tangkal ara. 15  Tapi abdi teu ngurus ingon-ingon deui, sabab Yéhuwa nyauran abdi. Yéhuwa méré paréntah kieu ka abdi, ’Geura indit, tepikeun ramalan ka Israél umat Kuring.’ 16  Jadi ayeuna, dangukeun ucapan Yéhuwa, ’Ceuk manéh, ”Ulah ngaramal ngeunaan Israél, jeung ulah ngomongkeun ngeunaan turunan Ishak.” 17  Ku kituna, kieu saur Yéhuwa, ”Pamajikan manéh bakal jadi palacur di kota. Anak-anak manéh, nu lalaki jeung nu awéwé, bakal tariwas ku pedang. Tanah manéh bakal dibagi-bagi ku tali ukur. Ari manéh sorangan bakal tiwas di nagri asing. Israél gé pasti diboyong ti nagrina jadi tawanan.”’”

Catetan Tambihan

Atawa ”usim”.
Maksudna, bulan Januari jeung Pébruari.
Atawa ”ngarasa kaduhung”.
Atawa ”ngarasa kaduhung”.
Lot téh babandul nu ditalian nu dipaké pikeun mariksa lempeng henteuna témbok.
As. ”dahar roti”.
Tingali ”Ramalan” dina Daptar Istilah.