Amos 8:1-14

  • Titingalian ngeunaan buah usum panas sakaranjang (1-3)

  • Tukang nindes dikutuk (4-14)

    • Kalaparan rohani (11)

8  Abdi meunang titingalian deui ti Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung: Abdi ningali aya buah usum* panas sakaranjang.  Saur Anjeunna, ”Manéh ningali naon, Amos?” Dijawab ku abdi, ”Buah usum panas sakaranjang.” Terus saur Yéhuwa, ”Umat Kuring Israél geus téréh dihukum. Maranéhna moal dihampura deui ku Kuring.  ’Dina poé éta, kawih di bait bakal diganti ku tangisan,’ saur Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. ’Mayit jalma-jalma bakal dipiceunan di mana-mana. Kaayaanana bakal jempling.’   Daréngékeun, éh jalma-jalma tukang ngaleyek nu miskin,Jeung nu ngancurkeun jalma rendah haté di ieu nagri.   Ceuk maranéh, ’Iraha anggeusna perayaan bulan anyar téh? Hayang buru-buru ngajual hasil panén.Iraha anggeusna Sabat téh? Hayang buru-buru ngajual gandum.Urang rék malsu takeran,Nyatut harga, jeung ngulinkeun timbangan jang nipu batur.   Jalma nu teu mampuh ku urang rék dibeuli ku pérak.Kitu deui nu miskin, rék dibeuli ku sendal sapasang.Urang gé rék ngajual gandum piceuneun.’   Yéhuwa, nu diagungkeun ku Yakub, geus sumpah demi diri-Na,’Kuring moal bisa poho kana kalakuan maranéhna.   Ku sabab kitu, maranéhna bakal kawas Walungan Nil nu mudal,Bakal kawas cai Walungan Nil di Mesir nu motah. Ieu nagri* bakal goncang,Sakabéh pendudukna bakal sungkawa.’   Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, nyarios,’Dina poé éta, panonpoé ku Kuring rék disina surup wanci tengah poé,Sarta ieu nagri rék disina poék beurang kénéh. 10  Pésta-pésta maranéh rék diganti ku poé sungkawa,Kabéh nyanyian maranéh rék diganti ku lagu sedih. Maranéh ku Kuring rék disina sungkawa kawas jalma nu ditinggalkeun maot ku anak hiji-hijina.Maranéh kabéh bakal maké kaén goni dina cangkéng sarta ngagundulan sirah.Ahir poé éta téh bakal kacida balangsakna.’ 11  Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, nyarios,’Bakal datang waktuna Kuring ngadatangkeun bahla kalaparan ka ieu nagri,Lain ku sabab teu manggih kadaharan atawa cai,Tapi maranéhna bakal lapar jeung haus kana firman Yéhuwa. 12  Maranéhna sasampoyongan ti laut nu hiji ka nu hijina deui,Sarta ti kalér ka wétan. Maranéhna kukulintingan néangan firman Yéhuwa, tapi teu kapanggih. 13  Dina poé éta, mojang-mojang nu gareulisJeung para jajaka bakal kapaéhan bakating ku haus. 14  Maranéhna sumpah demi allah-allah palsu di Samaria,Ceuk maranéhna, ”Hé kaom Dan, urang sumpah demi Allah maranéh nu hirup,” Sarta ”Urang sumpah demi jalan di Béér-syéba.” Tangtu maranéhna pada rubuh sarta moal hudang deui.’”

Catetan Tambihan

Atawa ”usim”.
Atawa ”bumi”.