Ayub 22:1-30

  • Élifaz ngomong katilu kalina (1-30)

    • ”Mémangna manusa aya gunana keur Allah?” (2, 3)

    • Nuduh Ayub sarakah jeung teu adil (6-9)

    • ’Pék balik deui ka Allah, manéh bakal dipulihkeun’ (23)

22  Élifaz urang Téman ngajawab,  2  ”Mémangna manusa aya gunana keur Allah? Mémangna jalma nu boga pamahaman aya mangpaatna keur Anjeunna?  3  Nu Mahakawasa merhatikeun* kitu lamun manéh ngalampahkeun nu bener?Aya untungna kitu keur Anjeunna lamun manéh hirup bersih?*  4  Mun manéh hormat ka Allah,Mémangna manéh bakal dihukum sarta dibawa ka pangadilan ku Anjeunna?  5  Kapan éta téh pédah manéh loba teuing nyieun kajahatanSarta teu eureun-eureun nyieun kasalahan.  6  Manéh teu adil ka dulur-dulur manéh, barang-barangna dirampas pikeun dijadikeun jaminan hutang.Manéh nyokot baju jalma miskin tuluy ngantep manéhna sina taranjang.  7  Ka nu capé gé manéh mah tara méré nginum-nginum acan,Ka nu lapar bororaah méré dahar.  8  Jalma nu kuat kawas manéh ngarampasan tanah,Sarta ngan jalma nu dihormat kawas manéh nu bisa nyicinganana.  9  Randa-randa ku manéh dititah indit bari teu dibahanan nanaon.Leungeun barudak yatim* ku manéh diremukkeun. 10  Éta sababna manéh dikurilingan ku jiretSarta ujug-ujug loba kasieun. 11  Éta sababna aya poék nu nyababkeun manéh teu bisa ningali,Sarta manéh kalimpudan ku caah. 12  Kapan Allah téh aya di langit nu pangluhurna. Tuh tingali, sakitu luhurna béntang-béntang. 13  Tapi ceuk manéh, ’Allah terang naon? Bisa kitu Anjeunna ngahakiman ti tempat nu kahalangan ku méga* hideung? 14  Méga-méga ngahalangan Anjeunna,Jadi waktu Anjeunna leuleumpangan di langit,* Anjeunna teu bisa ningali urang.’ 15  Manéh rék nuturkeun jalan jalma jahatNu geus aya ti baheula? 16  Maranéhna téh paéh méméh waktuna.Maranéhna téh kawas pondasi bangunan nu palid ku caah. 17  Maranéhna ngomong ka Allah nu bener, ’Ulah ngaganggu urang!’ Sarta ’Bisa naon Nu Mahakawasa ka urang?’ 18  Padahal nu minuhan imah maranéhna ku hal-hal hadé téh nya Anjeunna. (Urang mah teu pernah boga pikiran jahat siga kitu.) 19  Jalma bener bakal atoheun ningali maranéhna ancur,Sarta jalma nu teu boga salah bakal moyokan maranéhna jeung ngomong, 20  ’Lawan-lawan urang geus dibasmi.Naon nu nyésa ti maranéhna bakal diduruk ku seuneu.’ 21  Nu matak ayeuna mah sok raketan Allah, ulah ngamusuhan ka Anjeunna.Engké manéh bakal meunangkeun berkah-Na. 22  Tarima hukum Anjeunna.Pék simpen kekecapana-Na dina haté manéh. 23  Mun manéh balik deui ka Nu Mahakawasa, manéh bakal dipulihkeun.Mun manéh nyingkirkeun lampah nu teu bener ti kémah manéh, 24  Mun manéh miceun emas kana lebuSarta ngalungkeun emas Ofir ka jungkrang,* 25  Nu bakal jadi emas manéhSarta pérak manéh nu pangalusna téh nya Nu Mahakawasa. 26  Nu bakal jadi sumber kabagjaan manéh téh Nu Mahakawasa.Manéh gé moal sieun ngaraketan Allah deui. 27  Mun manéh sasambat, ku Anjeunna bakal didangukeun.Manéh bakal nedunan ikrar manéh. 28  Sagala putusan manéh bakal hasil.Jalan manéh bakal dicaangan. 29  Mun sombong, manéh bakal direndahkeun.Tapi nu rendah haté mah bakal disalametkeun ku Anjeunna. 30  Anjeunna bakal nyalametkeun jalma nu teu salah.Jadi lamun manéh teu ngalampahkeun nu jahat, manéh tangtu disalametkeun.”

Catetan Tambihan

Atawa ”resep”.
Atawa ”satia ka Anjeunna”.
Atawa ”yatim pahatu”.
Atawa ”awan”.
Atawa ”dina pelengkung langit”.
Atawa ”wadi”.