Ayub 29:1-25

  • Ayub nginget-nginget kahirupanana nu bagja saacan nandangan kasusah (1-25)

    • Dihormat di gerbang kota (7-10)

    • Kahadéan nu pernah dilampahkeun (11-17)

    • Kabéh jalma ngadéngékeun naséhatna (21-23)

29  Ayub neruskeun deui omonganana,*  2  ”Coba lamun hirup urang téh kawas baheula,Basa urang dijaga kénéh ku Allah,  3  Basa lampu Anjeunna nyaangan sirah urang,Sarta cahaya-Na nyaangan urang nu keur leumpang di nu poék,  4  Basa urang ngora jeung jagjag kénéh,Basa Allah jadi sobat urang jeung aya di kémah urang,  5  Basa Nu Mahakawasa nyarengan urang,Basa urang riung mungpulung jeung barudak,*  6  Basa suku urang dikumbah ku susu,Sarta minyak zaitun ti gunung batu ngagolontor keur urang,  7  Basa urang masih kénéh sering indit ka gerbang kotaSarta diuk di lapangan,  8  Lamun nu ngarora ningali urang, maranéhna nyarisi méré jalan,Nu sarepuh carengkat jeung terus narangtung.  9  Para pamingpin nahan omonganana,Nutup bahamna ku leungeunna. 10  Jalma penting teu ngomong nanaon,Létahna napel kana lalangit. 11  Saha waé nu ngadéngé ngeunaan urang bakal muji-muji.Saha waé nu ningali urang bakal ngabéla urang. 12  Sabab urang nyalametkeun jalma miskin nu ménta tulung,Kitu ogé jeung budak yatim sarta saha waé nu butuh ditulungan. 13  Jalma nu téréh maot ngaberkahan urang.Para randa gumbira lantaran ditulungan ku urang. 14  Bebeneran dijadikeun pakéan ku urang,Kaadilan dijadikeun jubah sarta sorban. 15  Keur nu lolong, urang jadi panonna.Keur nu pincang, urang jadi sukuna. 16  Keur nu malarat, urang jadi bapana.Urang mantuan jalma nu teu dikenal pikeun meunangkeun kaadilan. 17  Urang ngancurkeun rahangna jalma jahatSarta ngaleupaskeun mamangsan tina sungutna. 18  Baheula urang sok ngomong, ’Urang mah paéhna rék di imah sorangan.Poé urang hirup gé jumlahna bakal loba kawas keusik. 19  Urang téh ibarat tangkal nu akarna ngarambat ka tempat nu loba caina.Sapeupeuting ciibun ngabaseuhan dahan-dahan urang. 20  Kamulyaan urang moal pernah sirna.Busur dina leungeun urang moal eureun mesatkeun panah.’ 21  Jalma-jalma ngarep-ngarep bisa ngadéngé ucapan urang.Maranéhna jarempé ngadagoan naséhat urang. 22  Sanggeus urang ngomong, euweuh nu wani nambahan.Omongan urang téh genaheun kadéngéna ku ceuli maranéhna. 23  Maranéhna ngadago-dago urang kawas ngadago-dago hujan.Maranéhna ngarep-ngarep bisa ngadéngé kekecapan urang kawas ngarep-ngarep datangna hujan usum* semi. 24  Waktu urang ngajak seuri, maranéhna teu nyangka.Ningali beungeut urang marahmay téh maranéhna ngarasa tenang.* 25  Urang jadi pamingpin nu méré pituduh ka maranéhna.Urang kawas raja di antara pasukanna,Kawas jalma nu nguatkeun maranéhna nu keur sungkawa.

Catetan Tambihan

As. ”paribasana”.
Atawa ”para palayan”.
Atawa ”usim”.
Atawa bisa jadi ”Maranéhna teu nyababkeun urang nguyung”.