Ayub 6:1-30
6 Tuluy Ayub némbalan,
2 ”Coba lamun kasangsaraan urang ditimbang,Ditimbang bareng jeung musibat urang!
3 Éta pasti leuwih beurat tibatan keusik di laut.
Nya matakna urang ngomong sangeunahna.
4 Sabab anak-anak panah ti Nu Mahakawasa nanceb kana awak,Peurahna nyebar saawak-awak.Urang sieun pisan lantaran diserang ku Allah.
5 Kaldé liar bakal hohoang kitu mun aya jukut?Sapi jalu bakal emoh-emohan kitu mun aya dahareun?
6 Saha nu beuki kadaharan hambar nu teu diuyahan?Naon ngeunahna endog bobodasna hungkul?
7 Ka nu kitu mah urang teu hayang-hayang acan,
Dahareun nu kitu mah pikageuleuheun.
8 Coba mun paménta urang dikabul!Coba mun kahayang urang dicumponan ku Allah!
9 Coba mun Allah daék ngaremukkeunSarta nyingkirkeun urang ku panangan-Na!
10 Mun kitu mah urang jadi reugreug.Najan kasiksa ku kanyeri gé, urang bakal ajrug-ajrugan bakating ku atoh,Lantaran urang teu nampik ucapan ti Nu Mahasuci.
11 Urang geus teu kuat ngadagoan terus.
Jang naon terus hirup gé ari euweuh harepan mah?
12 Mémangna urang téh kuat siga batu?
Mémangna daging urang téh tina tambaga?
13 Urang geus teu sanggup nulungan diri sorangan,Da geus teu daya teu upaya.
14 Saha waé nu teu nyaah* ka sasamaTeu hormat* ka Nu Mahakawasa.
15 Dulur-dulur urang teu bisa diandelkeun,Kawas walungan dina usum* tiris nu caina garing.
16 Walunganna kiruhKu lantaran és jeung salju nu lééh.
17 Tapi dina usum panas, walunganna saat.Waktu kapanasan, walunganna nyaab.*
18 Aliran caina méngkol,Ngalir ka gurun keusik tuluy béak.
19 Rombongan ti Téma néangan éta walungan.Rombongan ti Syéba ngarep-ngarep manggihan éta walungan.
20 Maranéhna éra lantaran yakin bakal manggihan cai.Barang nepi ka dinya, maranéhna kuciwa.
21 Tah, maranéh ka urang téh siga kitu.Sanggeus ningali sakumaha parahna musibat nu narajang urang, maranéh jadi sieun.
22 Pernah kitu urang punta-pénta ka maranéh?
Pernah kitu urang nitah maranéh méré hadiah ka batur demi urang?
23 Pernah kitu urang ménta dileupaskeun ti musuhAtawa disalametkeun* ti jalma nu nindes?
24 Sok papatahan, urang bakal jempé.Tuduhkeun naon kasalahan urang.
25 Omongan nu jujur mah moal pikanyerieun!
Tapi naon mangpaatna ditegor ku maranéh?
26 Maranéh rék nyawad kekecapan urang,Omongan jalma nu pegat harepan, anu kekecapanana gampang katebak ku angin?
27 Budak yatim ku maranéh diundi, pan?Babaturan sorangan dijual* ku maranéh!
28 Bisi pajarkeun bohong,Yeuh teuteup beungeut urang.
29 Sok pikir-pikir deui, ulah salah sangka ka urang téh.Pikirkeun deui, da urang mah teu salah nanaon.
30 Mémangna urang ngabohong?
Mémangna urang teu nyaho ku naon urang sangsara?
Catetan Tambihan
^ Atawa ”teu nunjukkeun asih satia”.
^ As. ”sieun”.
^ Atawa ”usim”.
^ Atawa ”nguap”.
^ As. ”ditebus”.
^ Atawa ”dibarter”.