Bilangan 14:1-45

  • Jalma-jalma harayang balik deui ka Mesir (1-10)

    • Laporan alus ti Yosua jeung Kaléb (6-9)

  • Yéhuwa ambek; Musa nenangkeun (11-19)

  • Hukuman: 40 taun di tanah gurun (20-38)

  • Israél diéléhkeun ku urang Amalék (39-45)

14  Tuluy, sakumna jamaah tingjarerit sarta careurik gogoakan sapeupeuting. 2  Sakabéh urang Israél kukulutus ka Musa jeung Harun. Sakumna jamaah ngomong ka maranéhna, ”Mending kénéh urang paéh di Mesir atawa paéh di tanah gurun! 3  Ku naon Yéhuwa bet mawa urang ka éta tanah pikeun dipaéhan ku pedang? Pamajikan jeung anak-anak urang bakal jadi tawanan, mending kénéh urang balik deui ka Mesir.” 4  Malah maranéhna ngomong kieu, ”Hayu urang pilih pamingpin tuluy balik deui ka Mesir!” 5  Ngadéngé kitu, bruk Musa jeung Harun sujud kana taneuh di hareupeun sakumna jamaah Israél. 6  Yosua anak Nun jeung Kaléb anak Yéfuné nu milu jadi mata-mata di éta tanah, nyoéhkeun bajuna. 7  Maranéhna ngomong kieu ka sakumna jamaah Israél, ”Tanah nu dipariksa ku urang téh alus, alus pisan. 8  Lamun urang dipikaresep ku Yéhuwa, urang pasti bakal dibawa ku Anjeunna ka éta tanah. Éta tanah nu loba susu jeung maduna téh bakal dibikeun ka urang. 9  Tapi, aranjeun teu meunang barontak ka Yéhuwa. Ulah sieun ku jalma-jalma di ditu, sabab urang bakal ngéléhkeun maranéhna. Teu aya nu nangtayungan maranéhna, ari urang mah ditangtayungan ku Yéhuwa. Ulah sieun ku maranéhna.” 10  Tapi, sakumna jamaah ngadon rék ngabalédogan maranéhna ku batu. Ari pék téh bray kamulyaan Yéhuwa nyaangan kémah tepangan, katingali ku sakabéh urang Israél. 11  Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Rék nepi ka iraha ieu bangsa teu hormat ka Kuring? Rék nepi ka iraha maranéhna teu boga iman ka Kuring, padahal Kuring geus nyieun loba mujijat di hareupeun maranéhna? 12  Geus, ayeuna mah maranéhna ku Kuring rék dibéré panyakit sina musna. Turunan manéh wéh nu ku Kuring dijadikeun bangsa nu leuwih gedé jeung leuwih kuat tibatan maranéhna.” 13  Tapi Musa ngomong ka Yéhuwa, ”Gusti tos ngabudalkeun umat Gusti ti Mesir ku kawasa Gusti. Upami Gusti sapertos kitu, bakal kadangueun ku urang Mesir. 14  Engké ku urang Mesir bakal dicaritakeun ka penduduk tanah Kanaan. Penduduk di ditu tos ngadangu yén Gusti, Yéhuwa, nyarengan umat ieu. Maranéhna gé tos ngadangu yén Gusti tos masihan terang ka umat ieu saha saleresna Gusti téh. Gusti téh Yéhuwa. Méga* Gusti aya di luhureun umat Gusti. Upami siang Gusti aya di payuneun maranéhna dina tihang méga, upami wengi dina tihang seuneu. 15  Upami Gusti numpes umat Gusti sakaligus, bangsa-bangsa nu tos ngadangu kahébatan Gusti bakal ngaromong kieu, 16  ’Geuningan Yéhuwa téh teu sanggup nedunan sumpah-Na pikeun mawa umat-Na ka tanah nu geus dijangjikeun, matakna maranéhna diparaéhan di tanah gurun.’ 17  Ku kituna, nun Yéhuwa, mugia Gusti némbongkeun kakuatan Gusti nu hébat saperti nu tos dijangjikeun ku Gusti kapungkur basa Gusti nyarios, 18  ’Yéhuwa teu gancang ambek, nyaahan pisan,* ngahampura kasalahan jeung palanggaran, tapi moal ngantep jalma jahat bébas tina hukuman. Lamun aya jalma nu nyieun kasalahan, anak, incu, jeung buyutna bakal disina ngarasakeun balukarna.’ 19  Gusti pan nyaahan pisan.* Ku kituna, mugia dihapunten kasalahan ieu bangsa, sakumaha Gusti ngahapunten ieu bangsa ti saprak maranéhna di Mesir nepi ka ayeuna.” 20  Dijawab ku Yéhuwa, ”Ku Kuring dihampura sakumaha paménta manéh. 21  Tapi Kuring sumpah demi diri Kuring, sakuliah bumi bakal pinuh ku kamulyaan Yéhuwa. 22  Najan kitu, jalma-jalma nu geus ningali kamulyaan jeung mujijat nu ditémbongkeun ku Kuring di Mesir jeung di tanah gurun, tapi teterusan* nguji Kuring sarta embung ngadéngékeun omongan Kuring, kabéhanana 23  moal ningali tanah nu geus dijangjikeun ku Kuring ka karuhun maranéhna. Jalma-jalma nu teu hormat ka Kuring moal aya saurang-urang acan nu ningali éta tanah. 24  Tapi, lantaran Kaléb hamba Kuring mah béda ti maranéhna jeung terus taat ka Kuring ku sagemblengna haté, Kuring bakal mawa manéhna ka tanah nu geus dijugjug ku manéhna. Turunanana bakal ngamilik éta tanah. 25  Lantaran urang Amalék jeung urang Kanaan maratuh di lebak, isukan maranéh kudu muter balik ka tanah gurun ka jalan nu nuju ka Laut Beureum.” 26  Geus kitu, Yéhuwa ngomong ka Musa jeung Harun, 27  ”Rék nepi ka iraha jamaah anu jahat ieu kukulutus ka Kuring? Kuring geus ngadéngé kukulutusna urang Israél. 28  Béjakeun ka maranéhna, ’Kieu ceuk Yéhuwa, ”Kuring sumpah demi diri Kuring, omongan maranéh nu kadéngé ku Kuring, nya éta nu bakal dilaksanakeun ku Kuring! 29  Maranéh nu umurna 20 taun ka luhur jeung geus didaptar, nu kukulutus ka Kuring, mayit maranéh bakal tinggolépak di tanah gurun ieu. 30  Moal aya saurang-urang acan ti antara maranéh nu bakal asup jeung matuh di tanah nu geus dijangjikeun ku Kuring maké sumpah, kajaba Kaléb anak Yéfuné jeung Yosua anak Nun. 31  ”’”Anak-anak maranéh, anu ceuk maranéh bakal jadi tawanan, ku Kuring bakal dibawa ka tanah nu ditolak ku maranéh. Maranéhna nu bakal ningali éta tanah. 32  Tapi mayit-mayit maranéh mah bakal tinggolépak di tanah gurun ieu. 33  Anak-anak maranéh bakal jadi pangangon di tanah gurun salila 40 taun. Maranéhna kudu nanggung balukarna lantaran maranéh teu satia,* nepi ka jalma pangahirna di antara maranéh maot di tanah gurun. 34  Maranéh bakal dihukum salila 40 taun, sarua lilana basa maranéh jadi mata-mata di éta tanah, nyaéta 40 poé, sapoé téh diitung sataun, supaya maranéh nyaho balukarna ngalawan ka Kuring.* 35  ”’”Kuring, Yéhuwa, geus ngomong. Ieu nu bakal dilaksanakeun ku Kuring ka jamaah nu jahat ieu, nu geus sakongkol ngalawan Kuring: Maranéhna bakal musna di tanah gurun ieu, nya di dieu maranéhna bakal tariwas. 36  Lalaki-lalaki nu diutus ku Musa pikeun jadi mata-mata di éta tanah téh balikna nyebarkeun laporan goréng ngeunaan éta tanah nepi ka sakumna jamaah kukulutus ka manéhna. 37  Éta lalaki-lalaki nu nyebarkeun laporan goréng ngeunaan éta tanah téh bakal dihukum jeung dipaéhan di hareupeun Yéhuwa. 38  Ari Yosua anak Nun jeung Kaléb anak Yéfuné, nu milu jadi mata-mata di éta tanah, bakal tetep hirup.”’” 39  Waktu Musa nepikeun kekecapan éta ka sakabéh urang Israél, jalma-jalma kacida sarediheunana. 40  Tuluy maranéhna hudang isuk-isuk pisan, rék indit ka puncak gunung. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya tos ngalampahkeun dosa, tapi ayeuna abdi sadaya tos siap angkat ka tempat nu dituduhkeun ku Yéhuwa.” 41  Ku Musa dijawab, ”Maranéh rék ngalanggar deui paréntah Yéhuwa? Maranéh pasti gagal. 42  Ulah ka daritu, da maranéh moal disarengan ku Yéhuwa. Maranéh pasti éléh ku musuh. 43  Di ditu maranéh bakal ngalawan urang Amalék jeung urang Kanaan, tapi maranéh bakal dipaéhan ku pedang. Yéhuwa moal nyarengan maranéh, sabab maranéh teu nurut ka Yéhuwa.” 44  Sanajan kitu, maranéhna keukeuh arindit ka puncak gunung, ari Musa jeung peti perjangjian Yéhuwa mah tetep aya di tengah-tengah pakémahan. 45  Geus kitu, urang Amalék jeung urang Kanaan nu maratuh di éta gunung tarurun sarta ngéléhkeun maranéhna. Maranéhna paburisat nepi ka Horma.

Catetan Tambihan

Atawa ”Awan”.
Atawa ”jembar ku asih satia”.
Atawa ”jembar ku asih satia”.
As. ”tapi geus sapuluh kali”.
As. ”ngalacur”.
Atawa ”jadi musuh Kuring”.