Bilangan 35:1-34
35 Di Gurun Keusik Moab, di sisi Walungan Yordan deukeut Yérikho, Yéhuwa ngomong deui ka Musa,
2 ”Paréntahkeun urang Israél sina méré kota-kota tina tanah warisan maranéhna ka urang Léwi pikeun jadi panyicingan urang Léwi. Tegalan di sakuriling kota-kota éta gé kudu dibikeun ka maranéhna.
3 Urang Léwi bakal cicing di kota-kota éta, ari tegalanana mah bakal dipaké keur ingon-ingon, barang-barang, jeung sakabéh sasatoanana.
4 Tegalan-tegalan nu kudu dibikeun ka urang Léwi téh panjangna 445 méter,* diukur ti témbok di sakuriling kota.
5 Ti luareun kota, maranéh kudu ngukur panjangna 890 méter* ka beulah wétan, 890 méter ka beulah kidul, 890 méter ka beulah kulon, jeung 890 méter ka beulah kalér, kotana aya di tengah-tengahna. Éta nu bakal jadi tegalan di kota-kota maranéhna.
6 ”Maranéh kudu méré 6 kota panyalindungan ka urang Léwi, supaya jalma nu teu kahaja maéhan batur bisa kabur ka dinya. Maranéh gé kudu méré 42 kota séjénna.
7 Jadi, kabéhanana téh aya 48 kota keur urang Léwi, kaasup tegalan-tegalanana.
8 Kota-kota nu dibikeun ka urang Léwi téh kudu dicokot tina warisan urang Israél. Ti kelompok nu leuwih gedé, nu dicokot téh leuwih loba. Ari ti kelompok nu leuwih leutik, nu dicokot téh leuwih saeutik. Unggal kelompok kudu méré kota-kota ka urang Léwi gumantung sakumaha loba warisan maranéhna.”
9 Yéhuwa ngomong deui ka Musa,
10 ”Béjakeun ka urang Israél, ’Maranéh bakal meuntasan Walungan Yordan, ngajugjug ka tanah Kanaan.
11 Pék pilih kota-kota nu ceuk maranéh cocog pikeun dijadikeun kota panyalindungan. Jadi lamun aya nu teu kahaja maéhan batur, manéhna bisa kabur ka éta kota.
12 Kota-kota éta bakal jadi panyalindungan keur manéhna ti jalma nu boga hak ngabales. Ku kituna, jalma nu teu kahaja maéhan batur moal dipaéhan saacan diadilan hareupeun jamaah.
13 Éta téh tujuan tina genep kota panyalindungan nu dipilih ku maranéh.
14 Pilih kota-kota pikeun jadi kota panyalindungan, tilu di sisi wétan Walungan Yordan, tilu deui di tanah Kanaan.
15 Genep kota éta bakal jadi panyalindungan keur urang Israél, urang asing nu cicing di antara maranéhna, jeung urang asing nu cicingna ngan saheulaanan, supaya saha waé nu teu kahaja maéhan batur bisa kabur ka dinya.
16 ”’Tapi lamun aya nu neunggeul batur ku barang tina beusi, seug nu diteunggeul téh maot, manéhna mémang maéhan. Jalma nu maéhan téh kudu dipaéhan.
17 Lamun manéhna neunggeul batur ku batu nu bisa nyababkeun batur maot, tuluy sanggeus diteunggeul téh éta jalma maot, manéhna mémang maéhan. Jalma nu maéhan téh kudu dipaéhan.
18 Lamun manéhna neunggeul batur ku kai nu bisa nyababkeun batur maot, tuluy sanggeus diteunggeul téh éta jalma maot, manéhna mémang maéhan. Jalma nu maéhan téh kudu dipaéhan.
19 ”’Nu bakal maéhan manéhna téh jalma nu boga hak ngabales. Waktu panggih jeung manéhna, jalma nu boga hak ngabales kudu maéhan manéhna.
20 Lamun aya nu nyuntrungkeun jalma lantaran ngéwa atawa malédog jalma lantaran boga niat jahat, tuluy éta jalma maot,
21 atawa lamun manéhna nonjok batur lantaran ngéwa, tuluy nu ditonjok téh maot, manéhna mémang maéhan. Manéhna kudu dipaéhan. Waktu jalma nu boga hak ngabales papanggih jeung manéhna, manéhna kudu dipaéhan.
22 ”’Tapi, lamun manéhna teu kahaja nyuntrungkeun batur, jeung lain lantaran ngéwa, atawa ngalungkeun barang ka batur tapi teu boga niat jahat,
23 atawa lamun manéhna ngaragragkeun batu tapi teu barangténjo heula nepi ka ngalantarankeun batur maot, padahal teu aya maksud kitu, sarta éta jalma téh lain musuhna,
24 manéhna jeung jalma nu boga hak ngabales téh kudu diadilan ku para hakim nurutkeun aturan-aturan éta.
25 Para hakim kudu nyalametkeun jalma nu maéhan éta ti jalma nu boga hak ngabales. Jalma nu maéhan éta kudu dibawa deui ka kota panyalindungan, tempat nu dijugjug ku manéhna waktu kabur. Manéhna kudu cicing di dinya nepi ka imam agung nu dilantik ku minyak suci maot.
26 ”’Tapi lamun jalma nu maéhan téh kaluar ti wates kota panyalindungan, nyaéta tempat manéhna kabur,
27 seug panggih jeung jalma nu boga hak ngabales di luar wates kota, tuluy dipaéhan, jalma nu ngabales téh moal dianggap salah.
28 Jalma nu teu kahaja maéhan téh kuduna mah cicing di éta kota nepi ka imam agung maot. Tapi sanggeus imam agung maot, jalma nu maéhan téh meunang balik ka tempat asalna.
29 Éta kabéh kudu jadi hukum keur maranéh jeung turunan maranéh di mana waé maranéh matuh.
30 ”’Saha waé nu maéhan batur kudu dipaéhan lamun perkarana bisa dibuktikeun ku sababaraha saksi. Tapi lamun saksina ngan saurang, manéhna teu meunang dipaéhan.
31 Manéh teu meunang narima tebusan keur nyawa jalma nu ngahaja maéhan, sabab manéhna mémang kudu dipaéhan, da pantes paéh.
32 Ulah narima tebusan keur jalma nu kabur ka kota panyalindungan, nyaéta tebusan supaya manéhna bisa balik deui ka tempat asalna saacan imam agung maot.
33 ”’Ulah nganajisan tanah pamatuhan maranéh, sabab getih téh nganajisan tanah. Taya cara pikeun nyucikeun deui éta tanah iwal ku getih jalma nu maéhan éta.
34 Ulah nganajisan tanah pamatuhan maranéh, sabab éta téh pamatuhan Kuring. Kuring, Yéhuwa, matuh di tengah-tengah urang Israél.’”