Bilangan 36:1-13

  • Hukum ngeunaan perkawinan saurang awéwé nu narima warisan (1-13)

36  Para kapala kulawarga turunan Giléad anak Makhir incu Manasyé, ti kulawarga turunan Yusuf, manggihan Musa jeung para pamingpin urang Israél.  Ceuk maranéhna, ”Yéhuwa miwarang Juragan pikeun ngundi sareng ngabagi-bagi ieu tanah ka urang Israél. Éta téh jadi tanah warisan kanggo maranéhna. Juragan gé dipiwarang ku Yéhuwa pikeun masihkeun warisan Zéloféhad, dulur abdi sadaya, ka anak-anak awéwéna.  Tapi upama maranéhna nikah sareng lalaki ti kaom sanés, warisan maranéhna, nyaéta warisan ti karuhun abdi sadaya, bakal jadi milik éta kaom. Ku kituna, warisan nu tos diundi kanggo abdi sadaya téh jadi ngirangan.  Dina taun Yobél, warisan maranéhna bakal jadi milik kaom salakina pikeun salamina. Jadi, sabagian warisan kaom karuhun abdi sadaya téh bakal dicandak.”  Tuluy, Yéhuwa nitah Musa ngabéjaan urang Israél, ”Nu diomongkeun ku kaom turunan Yusuf téh bener.  Ieu paréntah Yéhuwa keur anak-anak awéwéna Zéloféhad: ’Maranéhna meunang kawin jeung saha waé nu dipikaresep ku maranéhna, tapi lalakina kudu ti kaom bapa maranéhna kénéh.  Warisan urang Israél teu meunang dibikeun ka kaom séjén, masing-masing kaom kudu ngajaga warisan karuhunna.  Unggal anak awéwé nu meunang warisan di antara kaom-kaom Israél kudu kawin jeung lalaki ti kaom bapana kénéh, ku kituna urang Israél bisa tetep ngajaga warisan karuhunna.  Warisan urang Israél teu meunang dibikeun ka kaom séjén, masing-masing kaom Israél kudu ngajaga warisanana.’” 10  Paréntah Yéhuwa ka Musa diturut ku anak-anak awéwéna Zéloféhad. 11  Ku sabab kitu, anak-anak Zéloféhad nyaéta Mahla, Tirza, Hogla, Milka, jeung Noa, kawin jeung lalaki ti kulawarga bapa maranéhna. 12  Maranéhna kawin jeung lalaki-lalaki ti kulawarga Manasyé anak Yusuf, supaya warisanana tetep jadi milik kaom bapana. 13  Kitu paréntah jeung putusan hukum ti Yéhuwa ka urang Israél nu ditepikeun ku Musa di Gurun Keusik Moab, di sisi Walungan Yordan deukeut Yérikho.

Catetan Tambihan