Hakim-Hakim 1:1-36

  • Yéhuda jeung Siméon nalukkeun daérah Kanaan (1-20)

  • Urang Yébus terus matuh di Yérusalém (21)

  • Turunan Yusuf ngarebut Bétel (22-26)

  • Teu kabéh urang Kanaan diusir (27-36)

1  Sanggeus Yosua maot, urang Israél* nanya ka Yéhuwa, ”Ti antara abdi sadaya, saha nu bakal maju ti heula merangan urang Kanaan?” 2  Yéhuwa ngajawab, ”Kaom Yéhuda nu maju ti heula. Kuring bakal nyerahkeun* tanah éta ka maranéhna.” 3  Tuluy kaom Yéhuda ngomong ka kaom Siméon dulurna, ”Hayu bantuan urang merangan urang Kanaan di daérah nu ditangtukeun keur urang. Engké, urang bakal mantuan maranéh merangan jalma-jalma di daérah nu ditangtukeun keur maranéh.” Seug kaom Siméon indit bareng jeung maranéhna. 4  Waktu kaom Yéhuda indit perang, Yéhuwa nyerahkeun urang Kanaan jeung urang Périz ka maranéhna. Nu diéléhkeun di Bézék téh aya 10.000 prajurit. 5  Waktu ngéléhkeun urang Kanaan jeung urang Périz, maranéhna gé manggihan Adoni-bézék di Bézék, tuluy manéhna diserang. 6  Tapi Adoni-bézék kabur. Manéhna diudag, ditéwak, jeung dibuntungan jempol leungeun jeung jempol sukuna. 7  Tuluy Adoni-bézék ngomong, ”Aya 70 raja nu jempol leungeun jeung jempol sukuna dibuntungan ku kuring. Maranéhna mulungan dahareun di kolong méja kuring. Kalakuan kuring nu kitu téh ayeuna dibales ku Allah.” Geus kitu, manéhna dibawa ka Yérusalém jeung maot di dinya. 8  Tuluy, urang Yéhuda merangan jeung ngarebut Yérusalém. Pendudukna dipaéhan ku pedang jeung kotana diduruk. 9  Geus kitu, urang Yéhuda merangan urang Kanaan nu matuh di daérah pagunungan sarta di daérah Négéb jeung Syéféla. 10  Tuluy urang Yéhuda maju merangan urang Kanaan nu matuh di Hébron, nu tadina disebut Kiriat-arba. Maranéhna ngéléhkeun Syésyai, Ahiman, jeung Talmai. 11  Ti dinya, maranéhna maju merangan penduduk Débir. (Tadina Débir téh disebut Kiriat-séfér.) 12  Ceuk Kaléb, ”Lamun aya nu bisa ngéléhkeun jeung ngarebut Kiriat-séfér, ku urang rék dikawinkeun jeung Akhsa anak awéwé urang.” 13  Nu ngarebut kota éta téh Otniél. Manéhna téh anak adina Kaléb nu ngaranna Kénaz. Jadi, Kaléb ngawinkeun Akhsa ka manéhna. 14  Basa di jalan rék balik, Akhsa ngolo Otniél supaya ménta lahan ka bapana. Tuluy Akhsa turun tina kaldéna,* jeung ditanya ku Kaléb, ”Ari Enéng hayang naon?” 15  Akhsa ngajawab, ”Pa, abdi nyuhunkeun hadiah. Bapa pan tos masihan tanah di kidul,* pasihkeun ogé atuh Gulot-maim.”* Jadi, Gulot Luhur jeung Gulot Handap téh dibikeun ku Kaléb. 16  Turunan urang Kéni, bapa mitohana Musa, indit ti kota tangkal palem bareng jeung urang Yéhuda ka Gurun Keusik Yéhuda di kiduleun Arad. Seug maranéhna maratuh di dinya bareng jeung pendudukna. 17  Tapi, kaom Yéhuda terus maju bareng jeung kaom Siméon dulurna. Maranéhna nyerang urang Kanaan nu cicing di Zéfat jeung ngamusnakeun kota éta. Tuluy kota éta dingaranan Horma.* 18  Geus kitu, kaom Yéhuda ngarebut Gaza, Askélon, Ékron, sarta daérah di sakurilingeun kota-kota éta. 19  Yéhuwa nyarengan kaom Yéhuda. Maranéhna bisa ngarebut daérah pagunungan tapi teu bisa ngusir penduduk di daérah lebak, lantaran pendudukna boga karéta-karéta perang nu aya arit beusina.* 20  Sakumaha jangji Musa, Hébron dibikeun ka Kaléb. Tuluy Kaléb ngusir tilu putra Anak ti dinya. 21  Tapi, urang Bényamin teu ngusir urang Yébus nu matuh di Yérusalém. Jadi urang Yébus terus matuh bareng jeung urang Bényamin di Yérusalém nepi ka ayeuna. 22  Ari turunan Yusuf mah indit merangan Bétel jeung disarengan ku Yéhuwa. 23  Turunan Yusuf ngirim mata-mata ka Bétel, nu tadina disebut Luz. 24  Waktu ningali saurang lalaki kaluar ti kota éta, maranéhna ngomong ka éta lalaki, ”Cik pangnuduhkeun jalan asup ka kota, engké manéh moal dikua-kieu ku urang.”* 25  Lalaki éta nuduhkeun jalan asup ka kota. Ku maranéhna sakabéh penduduk kota dipaéhan ku pedang, kajaba lalaki éta jeung kulawargana. 26  Geus kitu, lalaki éta indit ka tanah urang Hét, jeung ngabangun kota di dinya. Kota éta disebut Luz nepi ka ayeuna. 27  Kaom Manasyé teu ngarebut Bét-syéan, Taanakh, jeung kota-kota di sakurilingna. Maranéhna gé teu ngéléhkeun penduduk Dor, Ibléam, Mégido, jeung kota-kota di sakurilingna. Urang Kanaan keukeuh cicing di dinya. 28  Sanggeus urang Israél beuki kuat, urang Kanaan dititah gawé paksa, tapi angger wéh henteu kabéh diusir. 29  Kaom Éfraim gé teu ngusir urang Kanaan nu matuh di Gézér. Urang Kanaan tetep matuh bareng jeung maranéhna di Gézér. 30  Kaom Zébulon teu ngusir penduduk Kitron jeung Nahalol. Urang Kanaan tetep matuh bareng jeung maranéhna sarta dititah gawé paksa. 31  Kaom Asyér teu ngusir penduduk Ako, Sidon, Ahlab, Akhzib, Hélba, Afik, jeung Réhob. 32  Jadi, urang Asyér tetep matuh bareng jeung urang Kanaan di tanah éta lantaran maranéhna teu diusir. 33  Kaom Naftali teu ngusir penduduk Bét-syémés jeung Bét-anat. Maranéhna tetep matuh bareng jeung urang Kanaan di tanah éta. Penduduk Bét-syémés jeung Bét-anat digawé paksa keur maranéhna. 34  Kaom Dan dipaksa matuh di daérah pagunungan ku urang Amori. Maranéhna teu meunang turun ka daérah lebak. 35  Urang Amori keukeuh matuh di Gunung Hérés, Aiyalon, jeung Syaalbim. Tapi sanggeus turunan Yusuf beuki kuat, urang Amori dipaksa gawé beurat. 36  Daérah urang Amori dimimitian ti Tanjakan Akrabim, ti daérah Séla nepi ka luhur.

Catetan Tambihan

As. ”putra-putra Israél”.
Atawa ”geus nyerahkeun”.
Atawa bisa jadi ”Akhsa keprok dina kaldéna”.
Atawa ”di Négéb”.
Hartina ”Daérah nu Loba Caina”.
Hartina ”Tempat nu Kudu Dimusnakeun”.
As. ”karéta-karéta perang beusi”.
As. ”engké urang bakal nunjukkeun asih nu satia ka manéh”.