Hakim-Hakim 20:1-48

  • Urang Bényamin diperangan (1-48)

20  Jadi sakabéh urang Israél daratang ti Dan nepi ka Béér-syéba sarta ti tanah Giléad. Sakabéh jamaah kumpul jadi hiji di hareupeun Yéhuwa di Mizpa. 2  Para pamingpin nu ngapalaan rahayat jeung nu ngapalaan sakabéh kaom Israél hadir di antara umat Allah nu ngarumpul. Para prajurit nu leumpang jeung mawa pedang téh jumlahna aya 400.000. 3  Urang Bényamin ngadéngé yén urang Israél geus ngarumpul di Mizpa. Urang Israél ngomong, ”Sok caritakeun, kumaha kajahatan nu siga kitu bisa kajadian?” 4  Urang Léwi nu pamajikanana dipaéhan téa nyarita, ”Kuring jeung selir kuring datang ka Gibéah di daérah Bényamin rék mondok. 5  Peutingna, urang* Gibéah daratang, tuluy ngepung imah tempat kuring mondok. Maksudna mah rék maéhan kuring, tapi kalah ka merkosa selir kuring, tuluy manéhna maot. 6  Jadi, ku lantaran kalakuan maranéhna téh bejad jeung mawa aéb ka Israél, ku kuring mayit selir kuring téh dipotongan, tuluy potonganana dikirimkeun ka unggal bagian tanah warisan Israél. 7  Ayeuna aranjeun kabéh urang Israél, cikan kumaha saran jeung naséhat aranjeun?” 8  Ku kituna, sakabéh urang Israél sapakat jeung ngomong kieu, ”Ti antara urang, moal aya saurang gé nu balik ka kémahna atawa imahna. 9  Ieu nu bakal dilakukeun ku urang: Hayu urang undi jeung serang Gibéah. 10  Ti sakabéh kaom Israél, urang bakal milih 10 ti 100 urang, 100 ti 1.000 urang, jeung 1.000 ti 10.000 urang pikeun nyiapkeun bekel keur para prajurit. Ku kituna, para prajurit bisa nyerang Gibéah di daérah Bényamin lantaran kalakuanana geus mawa aéb ka Israél.” 11  Kitu caritana kumaha kabéh urang Israél ngahiji nyerang kota Gibéah. 12  Ti dinya, kaom-kaom Israél ngutus sababaraha jalma ka kaom Bényamin pikeun nanya kieu, ”Ku naon di antara maranéh bet aya nu ngalakukeun kajahatan siga kitu? 13  Serahkeun jalma-jalma barejad ti Gibéah téh, rék dipaéhan ngarah kajahatan bisa disingkirkeun ti Israél.” Tapi urang Bényamin teu ngagugu urang Israél, dulur maranéhna. 14  Urang Bényamin daratang ti kota-kotana, seug ngarumpul di Gibéah pikeun merangan urang Israél. 15  Poé éta, urang Bényamin ngumpulkeun ti kota-kotana 26.000 jalma nu mawa pedang, can kaasup 700 prajurit nu jaragoan ti Gibéah. 16  Di antara maranéhna, aya 700 prajurit ngédé* nu jaragoan. Kabéhanana ahli ngabandring, tara méncog salambar buuk gé. 17  Urang Israél, salian ti kaom Bényamin, ngumpulkeun 400.000 prajurit nu marawa pedang, nu kabéhanana geus pangalaman. 18  Maranéhna indit ka Bétel pikeun ménta pituduh ti Allah. Ceuk maranéhna, ”Ti antara urang, saha nu kedah maju ti heula nyerang urang Bényamin?” Yéhuwa ngajawab, ”Yéhuda nu maju ti heula.” 19  Geus kitu, urang Israél indit isuk-isuk, tuluy masang kémah di deukeut Gibéah pikeun merangan kota éta. 20  Urang Israél kalaluar, tuluy nyieun barisan tempur di Gibéah rék nyerang Bényamin. 21  Jadi, urang Bényamin kalaluar ti Gibéah sarta ngéléhkeun 22.000 urang Israél poé éta. 22  Sanajan kitu, para prajurit Israél tetep wani jeung nyieun barisan tempur deui di tempat nu sarua siga poé nu mimiti. 23  Urang Israél gé indit ka Bétel jeung ceurik di hareupeun Yéhuwa nepi ka peuting. Maranéhna ménta pituduh ka Yéhuwa, ”Ari urang sadaya kedah merangan deui dulur urang, kaom Bényamin, atawa ulah?” Jawab Yéhuwa, ”Sok maju, serang maranéhna.” 24  Jadi dina poé nu kadua, urang Israél ngadatangan urang Bényamin. 25  Ningali kitu, urang Bényamin gé kalaluar ti Gibéah pikeun nyanghareupan maranéhna dina poé nu kadua. Urang Bényamin maéhan 18.000 urang Israél, nu kabéhanana marawa pedang. 26  Geus kitu, kabéh urang Israél arindit ka Bétel. Maranéhna careurik jeung diuk di hareupeun Yéhuwa. Poé éta, maranéhna puasa nepi ka peuting sarta nyanggakeun korban beuleuman jeung korban karukunan ka Yéhuwa. 27  Tuluy, urang Israél ménta pituduh ka Yéhuwa. Harita, peti perjangjian Allah nu bener aya di dinya. 28  Nu keur ngalalayanan jadi imam* téh Pinéhas anak Éléazar, incuna Harun. Urang Israél nanya, ”Ari urang sadaya kedah merangan deui dulur urang, kaom Bényamin, atawa cekap sakitu?” Yéhuwa ngajawab, ”Sok maju, lantaran isukan Kuring bakal nyerahkeun maranéhna ka maranéh.” 29  Tuluy, urang Israél nempatkeun pasukan di sakuriling Gibéah supaya bisa nyerang ngadadak. 30  Dina poé nu katilu, urang Israél maju rék nyerang urang Bényamin. Maranéhna nyieun barisan tempur di Gibéah pikeun nyerang kota éta siga saacanna. 31  Urang Bényamin kalaluar pikeun nyanghareupan pasukan éta. Maranéhna jadi jauh ti kota. Siga nu enggeus-enggeus, maranéhna nyerang jeung maéhan sababaraha prajurit di jalan-jalan nu ka Bétel jeung ka Gibéah. Kira-kira aya 30 prajurit Israél nu maot di luareun kota. 32  Jadi ceuk urang Bényamin, ”Maranéhna diéléhkeun ku urang siga nu enggeus-enggeus.” Tapi ceuk urang Israél, ”Urang bakal mundur, rék mancing maranéhna ka jalan sina ngajauh ti kota.” 33  Jadi, sakabéh prajurit Israél kalaluar ti tempatna jeung nyieun barisan tempur di Baal-tamar. Ari pasukan Israél nu geus siap nyerang ngadadak, kalaluar ti panyumputanana di sakurilingeun Gibéah. 34  Sapuluh rébu prajurit Israél nu jaragoan daratang ka hareupeun kota Gibéah. Der maranéhna perang bébéakan. Tapi, urang Bényamin teu nyahoeun yén maranéhna sakeudeung deui bakal diéléhkeun. 35  Yéhuwa ngéléhkeun Bényamin keur Israél. Poé éta, urang Israél maéhan 25.100 urang Bényamin nu kabéhanana marawa pedang. 36  Ari disangkana urang Bényamin mah urang Israél téh bakal éléh waktu maranéhna mundur ti Bényamin. Padahal, maranéhna mundur téh lantaran ngandelkeun pasukan nu siap nyerang ngadadak di sakurilingeun Gibéah. 37  Pasukan éta gancang nyerang jeung nyerbu Gibéah. Maranéhna mencar ka sakuliah kota, tuluy maéhan kabéh pendudukna ku pedang. 38  Urang Israél geus ngatur supaya pasukan nu nyerang kota éta nyieun tanda maké haseup nu ngebul ti kota. 39  Waktu urang Israél mundur, urang Bényamin nyerang jeung maéhan kira-kira 30 prajurit Israél. Ceuk maranéhna, ”Geus jelas, maranéhna éléh deui ku urang siga perang saacanna.” 40  Tapi haseup nu jadi tanda téa mumbul ti kota. Barang urang Bényamin ngalalieuk, maranéhna ningali kota éta geus kaduruk jeung haseupna mumbul ka langit. 41  Tuluy urang Israél malik nyerang, ku kituna urang Bényamin jadi geumpeur sabab maranéhna nyaho bakal éléh. 42  Ku kituna, maranéhna kalabur ka gurun keusik, tapi diudag ku urang Israél. Jalma-jalma di kota-kota di deukeut dinya gé milu ngudag jeung maéhan maranéhna. 43  Urang Bényamin dikepung jeung hantem diudag ku maranéhna. Urang Bényamin diéléhkeun percis di hareupeun Gibéah, beulah wétanna. 44  Tungtungna, 18.000 urang Bényamin maot. Kabéhanana prajurit nu perkasa. 45  Urang Bényamin kabur ka gurun keusik, tuluy ka Gawir Cadas Rimon. Urang Israél maéhan 5.000 urang Bényamin di jalan-jalan, sarta terus ngudag maranéhna nepi ka Gidom. Aya 2.000 urang deui nu dipaéhan ku urang Israél. 46  Urang Bényamin nu maot poé éta téh jumlahna 25.000. Kabéhanana prajurit nu perkasa jeung marawa pedang. 47  Tapi, aya 600 urang nu kabur ka gurun keusik, ka Gawir Cadas Rimon. Maranéhna cicing di dinya salila opat bulan. 48  Urang Israél malik deui nyerang urang Bényamin sésana. Maranéhna gé maéhan saha waé nu aya kénéh di kota ku pedang, ti jelema nepi ka ingon-ingon. Salian ti éta, maranéhna gé ngaduruk kota-kota nu diliwatan ku maranéhna.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”nu boga tanah”.
Atawa ”kidal”.
As. ”keur ngadeg”.