Hakim-Hakim 6:1-40
6 Tapi urang Israél ngalampahkeun nu jahat deui dina pandangan Yéhuwa, jadi Yéhuwa nyerahkeun maranéhna ka urang Midian salila tujuh taun.
2 Urang Midian ngawasaan urang Israél. Gara-gara urang Midian, urang Israél jadi kudu nyieun panyumputan* di gunung-gunung, di guha-guha, jeung di tempat-tempat nu hésé didatangan.
3 Saban nebar binih, urang Israél diserang ku urang Midian, urang Amalék, jeung jalma-jalma ti Wétan.
4 Maranéhna masang kémah ngarah bisa nyerang urang Israél jeung ngaruksak hasil tanah éta nepi ka Gaza. Ku kituna, urang Israél jadi teu boga dahareun, domba, sapi, atawa kaldé, euweuh nu nyésa.
5 Maranéhna daratang rék ngancurkeun tanah éta. Daratangna téh bari mawa ingon-ingon jeung kémah nu loba pisan siga simeut. Jumlah maranéhna jeung ontana téh teu kaitung lobana.
6 Gara-gara urang Midian, urang Israél jadi malarat pisan. Ku kituna, urang Israél ménta tulung ka Yéhuwa.
7 Waktu urang Israél ménta tulung ka Yéhuwa ku lantaran urang Midian,
8 Yéhuwa ngutus saurang nabi nu ngomong kieu ka urang Israél, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél: ’Kuring geus ngabébaskeun maranéh ti Mesir jeung ngaluarkeun maranéh ti tempat pangbudakan.
9 Kuring geus nyalametkeun maranéh ti Mesir jeung ti sakabéh jalma nu nindes maranéh. Kuring geus ngusir maranéhna ti hareupeun maranéh jeung mikeun tanahna ka maranéh.
10 Kuring gé ngomong kieu, ”Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh. Maranéh ulah nyembah* allah-allah urang Amori nu tanahna dicicingan ku maranéh.” Tapi maranéh teu nurut.’”*
11 Ka dieunakeun, malaikat Yéhuwa datang jeung diuk di handapeun tangkal gedé di Ofra, milik Yoas urang Abi-ézér. Gidéon anakna keur ngirik* gandum di tempat pameresan anggur ngarah teu kanyahoan ku urang Midian.
12 Malaikat Yéhuwa némbongan ka manéhna jeung ngomong, ”Yéhuwa nyarengan manéh, jalma nu perkasa.”
13 Ngadéngé kitu, Gidéon némbalan, ”Punten Juragan, lamun bener disarengan ku Yéhuwa, ku naon abdi sadaya bet ngalaman ieu kabéh? Mana tindakan-tindakan Anjeunna nu hébat, nu sok dicaritakeun ku karuhun téh? Cenah mah Yéhuwa nu ngabébaskeun maranéhna ti Mesir, tapi geuningan ayeuna Yéhuwa ninggalkeun jeung nyerahkeun abdi sadaya ka urang Midian.”
14 Yéhuwa* neuteup manéhna tuluy ngomong, ”Jung indit, gunakeun sakabéh kakuatan manéh pikeun nyalametkeun urang Israél ti urang Midian. Kuring nu ngutus manéh.”
15 Gidéon ngajawab, ”Punten Yéhuwa, moal mungkin abdi nu nyalametkeun Israél, da kulawarga* abdi téh nu pangleutikna di kaom Manasyé. Di kulawarga abdi gé, abdi téh nu paling teu dianggap.”
16 Tapi Yéhuwa ngomong ka manéhna, ”Lantaran Kuring bakal nyarengan manéh, manéh bakal ngéléhkeun urang Midian siga ngéléhkeun hiji jalma.”
17 Tuluy Gidéon ngomong, ”Lamun mémang abdi dipikaresep ku Gusti, pasihan abdi tanda yén Gusti nu ngomong ka abdi.
18 Ulah waka angkat, abdi badé nyiapkeun tuangeun keur Gusti, engké ku abdi dicandak ka dieu.” Dijawabna, ”Heug ku Kuring didagoan nepi ka manéh balik ka dieu.”
19 Gidéon indit tuluy nyiapkeun embé ngora jeung nyieun roti nu teu diragian tina tipung 11 kilo.* Dagingna diwadahan kana karanjang, ari kuah kalduna diwadahan kana panci. Seug éta ku manéhna dibawa ka luar jeung disuguhkeun di handapeun tangkal gedé éta.
20 Tuluy malaikat ti Allah nu bener ngomong kieu ka manéhna, ”Teundeun daging jeung roti nu teu diragian éta di dinya, dina batu gedé, terus banjurkeun kuah kalduna.” Ku Gidéon diturut.
21 Geus kitu, malaikat Yéhuwa ngantelkeun tungtung tongkatna kana daging jeung roti nu teu diragian éta. Gur seuneu bijil tina batu ngaduruk daging jeung roti nu teu diragian éta. Geus kitu, les malaikat Yéhuwa ngaleungit ti hareupeun Gidéon.
22 Ti dinya, Gidéon yakin yén éta téh malaikat Yéhuwa.
Ceuk Gidéon, ”Aduh, Gusti Nu Maha Agung Yéhuwa, abdi tos pahareup-hareup jeung malaikat Yéhuwa!”
23 Tapi Yéhuwa ngomong, ”Tenang wéh.* Ulah sieun, manéh moal maot.”
24 Jadi, di dinya Gidéon nyieun mézbah keur Yéhuwa. Mézbah éta disebut Yéhuwa-syalom* nepi ka ayeuna, jeung aya kénéh di Ofra kotana urang Abi-ézér.
25 Peutingna, Yéhuwa ngomong ka manéhna, ”Cokot sapi jalu ngora milik bapa manéh, nyaéta sapi jalu ngora nu kadua nu umurna tujuh taun. Ancurkeun mézbah Baal milik bapa manéh, runtuhkeun ogé tihang suci* di gigireunana.
26 Tuluy di luhureun bénténg éta, tumpuk batu-batu pikeun dijadikeun mézbah keur Yéhuwa Allah manéh, terus korbankeun sapi jalu ngora éta jadi korban beuleuman, jeung paké kai urut tihang suci* éta jadi suluhna.”
27 Ku kituna, Gidéon mawa sapuluh palayanna jeung ngalakukeunana percis sakumaha nu disebutkeun ku Yéhuwa. Tapi, manéhna ngalakukeunana téh peuting-peuting, lain beurang-beurang, da sieuneun pisan ka kulawarga bapana jeung penduduk kota éta.
28 Waktu hudang isuk-isuk, penduduk kota ningali mézbah Baal geus diancurkeun, tihang suci* di gigireunana gé geus diruntuhkeun. Salian ti éta, maranéhna ningali aya sapi jalu ngora nu geus dibeuleum di luhureun mézbah nu anyar dijieun.
29 Seug maranéhna silih tanya, ”Pagawéan saha ieu?” Sanggeus diusud, maranéhna ngomong, ”Ieu mah pagawéanana Gidéon anak Yoas.”
30 Jadi penduduk kota ngomong ka Yoas, ”Bawa ka dieu anak manéh, rék dipaéhan! Manéhna geus ngancurkeun mézbah Baal jeung ngaruntuhkeun tihang suci* di gigireunana.”
31 Jalma-jalma nu ngontrog téh dijawab ku Yoas, ”Baal téh kudu dibélaan kitu? Kudu disalametkeun kitu? Saha waé nu ngabélaan Baal kudu dipaéhan isuk ieu kénéh. Pan aya nu ngancurkeun mézbahna, keun wéh manéhna sina ngabéla dirina sorangan lamun bener manéhna téh allah.”
32 Poé éta, Gidéon dingaranan Yérubaal* ku bapana, da cenah, ”Pan aya nu ngancurkeun mézbah Baal, keun wéh sina Baal ngabéla dirina sorangan.”
33 Sakabéh urang Midian, urang Amalék, jeung jalma-jalma ti Wétan ngumpulkeun pasukanna. Maranéhna meuntas* ka Lebak Yizréél jeung masang kémah di dinya.
34 Yéhuwa méré kawasa suci ka Gidéon, tuluy Gidéon niup tarompét tandukna. Jadi, urang Abi-ézér daratang pikeun milu jeung manéhna.
35 Manéhna gé ngirim utusan ka sakabéh kaom Manasyé, Asyér, Zébulon, jeung Naftali. Maranéhna daratang pikeun milu jeung manéhna.
36 Tuluy Gidéon ngomong ka Allah nu bener, ”Lamun enya Gusti milih abdi pikeun nyalametkeun Israél sakumaha jangji Gusti,
37 ieu abdi neundeun bulu domba di tempat ngirik. Lamun bulu ieu baseuh ku ibun, tapi taneuh di sakurilingna garing, abdi bakal nyaho Gusti milih abdi pikeun nyalametkeun Israél sakumaha jangji Gusti.”
38 Nya kitu kajadianana. Isukna barang Gidéon hudang, bulu éta dipeureut ku manéhna jeung meunang cai samangkok gedé.
39 Tapi Gidéon ngomong ka Allah nu bener, ”Punten Gusti, ulah ambek nya, abdi badé ménta tanda sakali deui maké bulu ieu. Ayeuna mah keun buluna nu garing, tapi taneuh di sakurilingna nu baseuh ku ibun.”
40 Peutingna, éta dicumponan ku Allah. Bulu éta hungkul nu garing, ari taneuh di sakurilingna mah baseuh ku ibun.
Catetan Tambihan
^ Atawa bisa jadi ”gudang di jero taneuh”.
^ As. ”sieun”.
^ As. ”teu ngadéngékeun sora Kuring”.
^ Misahkeun gandum tina cangkangna.
^ Maksudna, malaikat Yéhuwa.
^ As. ”sarébu milik”.
^ As. ”hiji éfa”. Tingali Lamp. B14.
^ As. ”Mugia manéh meunang katengtreman”.
^ Hartina ”Yéhuwa téh Katengtreman”.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Hartina ”Keun Wéh Baal Sina Ngabéla Dirina Sacara Hukum”.
^ Atawa ”meuntasan walungan”.