Hakim-Hakim 9:1-57

  • Abimélékh jadi raja di Syikhém (1-6)

  • Ibarat ti Yotam (7-21)

  • Abimélékh raja nu kejem (22-33)

  • Abimélékh nyerang Syikhém (34-49)

  • Sirah Abimélék diragragan batu ku awéwé (50-57)

9  Ka dieunakeun, Abimélékh anak Yérubaal manggihan dulur-dulur indungna di Syikhém, jeung ngomong ka maranéhna sarta ka sakabéh kulawarga akina,* 2  ”Pangnanyakeun ka sakabéh pamingpin* Syikhém, ’Mending mana, diparéntah ku 70 anak Yérubaal atawa diparéntah ku saurang? Tong poho, kuring téh sagetih sadaging jeung aranjeun.’” 3  Jadi pesen manéhna dipangnepikeun ku dulur-dulur indungna ka sakabéh pamingpin Syikhém. Dina haténa mah para pamingpin éta leuwih resep nuturkeun Abimélékh, da ceuk maranéhna, ”Manéhna téh dulur urang kénéh.” 4  Ku maranéhna Abimélékh dibéré 70 duit pérak ti kuil Baal-bérit. Abimélékh maké duit éta keur mayar jalma-jalma pangangguran jeung barandalan ngarah jadi baladna. 5  Geus kitu, manéhna indit ka imah bapana di Ofra, tuluy maéhan 70 dulurna, nyaéta anak-anak lalaki Yérubaal, dina hiji batu. Nu salamet ngan Yotam, anak bungsuna Yérubaal, lantaran manéhna nyumput. 6  Tuluy, sakabéh pamingpin Syikhém jeung sakabéh urang Bét-milo ngumpul di deukeut tangkal gedé, di gigireun pilar nu aya di Syikhém. Maranéhna ngangkat Abimélékh jadi raja. 7  Waktu éta dilaporkeun ka Yotam, manéhna langsung indit jeung nangtung di puncak Gunung Gérizim, tuluy ngagero ka maranéhna, ”Para pamingpin Syikhém, déngékeun kuring, ngarah Allah gé ngadéngékeun maranéh. 8  ”Hiji poé, tatangkalan rék ngangkat raja. Jadi maranéhna ngomong ka tangkal zaitun, ’Sok jadi raja urang.’ 9  Tapi tangkal zaitun ngajawab, ’Lamun kuring maréntah* tatangkalan séjén, kuring moal bisa deui ngahasilkeun minyak keur ngamulyakeun Allah jeung manusa atuh.’ 10  Terus tatangkalan téh ngomong ka tangkal ara, ’Sok jadi raja urang.’ 11  Tapi tangkal ara ngajawab, ’Lamun kuring maréntah* tatangkalan séjén, kuring moal bisa deui ngahasilkeun buah nu amis jeung ngeunah atuh.’ 12  Saterusna tatangkalan téh ngomong ka tangkal anggur, ’Sok jadi raja urang.’ 13  Tangkal anggur ngajawab, ’Lamun kuring maréntah* tatangkalan séjén, kuring moal bisa deui ngahasilkeun cianggur anyar nu ngagumbirakeun Allah jeung manusa atuh.’ 14  Tungtungna mah tatangkalan téh ngomong ka rungkun cucuk, ’Sok jadi raja urang.’ 15  Ngadéngé kitu, rungkun cucuk ngomong ka tatangkalan, ’Lamun bener maranéh hayang kuring jadi raja, sok ngiuhan di handapeun kuring. Lamun henteu, kuring rék ngabijilkeun seuneu nu bakal ngaduruk tangkal-tangkal aras Lébanon.’ 16  ”Waktu maranéh ngangkat Abimélékh jadi raja, éta téh tindakan nu jujur jeung bener lain? Nu kitu nu disebut bageur ka Yérubaal jeung kulawargana téh? Maranéh geus ngahargaan manéhna sakumaha layakna, can? 17  Bapa kuring geus perang ngabélaan maranéh. Manéhna geus naruhkeun nyawa demi nyalametkeun maranéh ti urang Midian. 18  Tapi ayeuna, maranéh kalah ka ngalawan kulawarga bapa kuring tuluy maéhan 70 anak lalakina dina hiji batu. Terus éta anak palayan bapa kuring, nyaéta Abimélékh, ku maranéh kalah ka diangkat jadi rajana para pamingpin Syikhém, pédah manéhna téh dulur maranéh. 19  Lamun enya tindakan maranéh poé ieu téh jujur jeung bener ka Yérubaal sarta kulawargana, heug sing gumbira bareng jeung Abimélékh. Mugia manéhna gé gumbira bareng jeung maranéh. 20  Tapi lamun henteu, mugia Abimélékh ngaduruk para pamingpin Syikhém jeung urang Bét-milo nepi ka béak, sarta mugia para pamingpin Syikhém jeung urang Bét-milo gé ngaduruk Abimélékh nepi ka béak.” 21  Tuluy Yotam kabur ka Béér jeung cicing di dinya lantaran sieuneun ka Abimélékh dulurna. 22  Abimélékh maréntah* Israél salila tilu taun. 23  Terus ku Allah, Abimélékh jeung para pamingpin Syikhém disina teu akur. Maranéhna ngahianat ka Abimélékh. 24  Éta téh supaya kajahatan nu dilampahkeun ka 70 anakna Yérubaal bisa dibales. Abimélékh geus maéhan dulur-dulurna, dibantuan ku para pamingpin Syikhém. Jadi, maranéhna kabéh kudu tanggung jawab lantaran geus ngucurkeun getih. 25  Para pamingpin Syikhém nitah jalma-jalma pikeun nyegat Abimélékh di puncak-puncak gunung. Saha waé nu ngaliwat ka dinya ku maranéhna dirampog. Ahirna, hal ieu dilaporkeun ka Abimélékh. 26  Tuluy, Gaal anak Ébéd jeung dulur-dulurna meuntas sarta datang ka Syikhém. Manéhna dipercaya ku para pamingpin Syikhém. 27  Maranéhna indit ka kebon anggur, ngala anggur di dinya, nyieun cianggur, ngayakeun pésta, tuluy indit ka kuil allah maranéhna. Di dinya maranéhna dahar, nginum, bari nyumpahan Abimélékh. 28  Gaal anak Ébéd ngomong kieu, ”Saha Abimélékh jeung Zébul téh bet kudu dilalayanan ku urang? Lainna Abimélékh téh anak Yérubaal, jeung Zébul téh wakilna di Syikhém? Mending kénéh urang ngalalayanan anak-anak Hamor, bapana Syikhém! Jang naon urang kudu ngalalayanan Abimélékh sagala? 29  Coba lamun kuring anu jadi pamingpin di dieu, éta si Abimélékh ku kuring rék disingkirkeun.” Tuluy manéhna nangtang Abimélékh, ”Sok lobaan pasukan manéh, urang tarung.” 30  Waktu ngadéngé omongan Gaal anak Ébéd, Zébul pajabat kota éta ambek pisan. 31  Jadi, manéhna cicing-cicing* ngirim utusan ka Abimélékh mawa pesen ieu, ”Gaal anak Ébéd jeung dulur-dulurna ayeuna aya di Syikhém. Maranéhna ngahasut penduduk kota sina ngalawan anjeun. 32  Engké peuting, sok datang, bawa pasukan anjeun, tuluy dagoan di luar kota. 33  Engké anjeun kudu hudang isuk-isuk pisan pas panonpoé medal, tuluy serang kota ieu. Waktu Gaal jeung pasukanna kaluar rék ngalawan, éléhkeun manéhna sakuat tanaga.” 34  Seug Abimélékh jeung sakabéh pasukanna indit peuting-peuting jeung ngadagoan di luar Syikhém. Pasukanna dibagi jadi opat kelompok. 35  Waktu Gaal anak Ébéd kaluar jeung nangtung di gerbang kota, Abimélékh jeung pasukanna kaluar ti panyumputanana. 36  Barang pasukan éta katénjo ku Gaal, manéhna ngomong ka Zébul, ”Tuh! Aya jalma-jalma tarurun ti puncak gunung.” Tapi Zébul némbalan, ”Nu katénjo ku manéh mah kalangkang* gunung, lainna jalma.” 37  Teu lila, Gaal ngomong deui, ”Tuh! Aya jalma-jalma tarurun ti bagian tengah, jeung aya hiji pasukan nu datang ngaliwatan jalan di deukeut tangkal gedé Méonénim.” 38  Zébul némbalan, ”Manéh pan pernah sakitu sombongna ngomong kieu, ’Saha Abimélékh téh bet kudu dilalayanan ku urang? Jalma-jalma éta pan nu ditangtang ku manéh? Jung ka ditu, geura lawan.” 39  Jadi, Gaal maju di hareupeun para pamingpin Syikhém jeung ngalawan Abimélékh. 40  Gaal kabur tapi ku Abimélékh diudag. Aya loba nu dipaéhan di sapanjang jalan nepi ka gerbang kota. 41  Sanggeus kitu, Abimélékh tetep matuh di Aruma, ari Gaal jeung dulur-dulurna diusir ti Syikhém ku Zébul. 42  Isukna, Abimélékh dibéré nyaho yén jalma-jalma kalaluar ti kota. 43  Jadi Abimélékh ngabagi pasukanna jadi tilu kelompok tuluy ngadagoan di luar kota. Barang ningali jalma-jalma kalaluar ti kota, breg manéhna nyerang jeung maéhan maranéhna. 44  Abimélékh sarta jalma-jalma nu bareng jeung manéhna nyerbu gerbang kota, tuluy jaraga di dinya. Ari dua kelompok séjénna nyerang jeung maéhan jalma-jalma nu aya di luar kota. 45  Sanggeus diserang sapoé jeput, éta kota direbut ku Abimélékh. Jalma-jalmana dipaéhan, kotana dirugrugkeun, tuluy diawuran ku uyah. 46  Waktu sakabéh pamingpin di Munara Syikhém ngadéngé hal éta, maranéhna langsung asup ka tempat panyumputan* di kuil Él-bérit. 47  Barang Abimélékh dibéjaan yén sakabéh pamingpin di Munara Syikhém keur karumpul, 48  Abimélékh jeung sakabéh pasukanna naék ka Gunung Zalmon. Manéhna neukteuk dahan kai ku kampak tuluy dipanggul. Manéhna gé ngomong ka pasukanna, ”Gancang, turutan urang!” 49  Jadi sakabéh pasukanna neukteuk dahan kai nurutan Abimélékh. Kai téh dibegbregkeun di sakurilingeun tempat panyumputan éta, tuluy diduruk. Jalma-jalma di Munara Syikhém anu lobana kira-kira 1.000 urang, lalaki jeung awéwé, kabéh paraéh. 50  Tuluy Abimélékh indit jeung masang kémah di Tébéz. Manéhna ngepung jeung ngarebut kota éta. 51  Di tengah kota éta, aya munara nu kuat. Sakabéh lalaki, awéwé, jeung pamingpin kota éta kalabur ka dinya. Pantona dikonci, tuluy maranéhna naék ka hateup munara éta. 52  Abimélékh datang rék nyerang munara éta. Manéhna ngadeukeutan pantona, maksudna rék ngaduruk munara éta. 53  Ari pék téh aya awéwé nu ngaragragkeun batu gilingan* kana sirah Abimélékh nepi ka sirahna retak. 54  Abimélékh gancang ngageroan palayan nu mawa senjatana tuluy ngomong kieu, ”Cabut pedang manéh, paéhan urang, ngarah euweuh nu ngomong, ’Manéhna dipaéhan ku awéwé.’” Seug éta palayan nubles manéhna nepi ka maot. 55  Waktu urang Israél ningali Abimélékh geus maot, maranéhna balik ka imahna masing-masing. 56  Éta balesan ti Allah ka Abimélékh nu jahat ka bapana, lantaran geus maéhan 70 dulurna. 57  Allah gé ngabales sagala kajahatan urang Syikhém. Ku kituna, kutukan Yotam anak Yérubaal kajadian ka maranéhna.

Catetan Tambihan

As. ”kulawarga aki ti pihak indungna”.
Atawa bisa jadi ”nu boga tanah”.
As. ”oyag-oyagan di luhureun”.
As. ”oyag-oyagan di luhureun”.
As. ”oyag-oyagan di luhureun”.
Atawa ”nganggap dirina pamingpin”.
Atawa ”ku cara nu licik”.
Atawa ”bayangan”.
Atawa ”bénténg”.
Atawa ”batu gilingan bagian luhurna”.