Imamat 3:1-17

  • Kurban karukunan (1-17)

    • Ulah ngadahar gajih atawa getih (17)

3  ”’Lamun aya nu rék ngabaktikeun sapi, boh bikang boh jalu, pikeun jadi kurban karukunan keur Yéhuwa, sapina kudu nu séhat.  Manéhna kudu numpangkeun leungeun kana hulu éta sapi. Sapina kudu dipeuncit di lawang asup kémah tepangan. Tuluy para imam, nyaéta anak-anak lalakina Harun, kudu ngéprét-ngéprétkeun getih éta sapi kana sakabéh sisi mézbah.  Babagian tina kurban karukunan nu kudu dibeuleum keur Yéhuwa téh nyaéta gajih nu nutupan peujit, sakabéh gajih nu napel dina peujit,  dua giginjel deukeut cangkéng jeung gajih-gajihna, sarta gajih dina atina.  Éta kabéh kudu dibeuleum dina mézbah ku anak-anak lalakina Harun supaya haseupna ngebul. Teundeun éta di luhureun kurban beuleuman nu keur dibeuleum di luhureun kai. Seungit kurban nu dibeuleum téh nyukakeun Yéhuwa.  ”’Lamun aya nu rék ngabaktikeun domba atawa embé, boh bikang boh jalu, pikeun jadi kurban karukunan keur Yéhuwa, satona kudu nu séhat.  Lamun aya nu ngabaktikeun domba jalu ngora, bawa dombana ka hareupeun Yéhuwa.  Manéhna kudu numpangkeun leungeun kana hulu éta domba. Dombana kudu dipeuncit di hareupeun kémah tepangan. Tuluy anak-anak lalakina Harun kudu ngéprét-ngéprétkeun getih éta domba kana sakabéh sisi mézbah.  Gajih tina kurban karukunan kudu dibaktikeun jeung dibeuleum keur Yéhuwa, nyaéta gajih dina buntut deukeut tulang tonggong, gajih nu nutupan peujit, sakabéh gajih nu napel dina peujit, 10  dua giginjel deukeut cangkéng jeung gajih-gajihna, sarta gajih dina atina. 11  Éta kabéh ku imam kudu dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh kadaharan,* nyaéta kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa. 12  ”’Lamun aya nu rék ngabaktikeun embé, bawa embéna ka hareupeun Yéhuwa. 13  Manéhna kudu numpangkeun leungeun kana hulu éta embé. Embéna kudu dipeuncit di hareupeun kémah tepangan. Anak-anak lalakina Harun kudu ngéprét-ngéprétkeun getih éta embé kana sakabéh sisi mézbah. 14  Babagian nu kudu dibaktikeun jeung dibeuleum keur Yéhuwa téh nyaéta gajih nu nutupan peujit, sakabéh gajih nu napel dina peujit, 15  dua giginjel deukeut cangkéng jeung gajih-gajihna, sarta gajih dina atina. 16  Éta kabéh ku imam kudu dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh kadaharan,* nyaéta kurban nu dibeuleum, nu seungitna nyukakeun Allah. Sakabéh gajih téh milik Yéhuwa. 17  ”’Di mana waé maranéh matuh, ieu aturan nu kudu terus dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh: Ulah ngadahar gajih jeung getih saeutik-eutik acan.’”

Catetan Tambihan

As. ”roti”. Maksudna, tina kurban karukunan, babagian ieu téh milik Yéhuwa.
As. ”roti”. Maksudna, tina kurban karukunan, babagian ieu téh milik Yéhuwa.