Imamat 8:1-36

  • Dilantikna Harun jeung turunanana jadi imam (1-36)

8  Yéhuwa ngomong deui ka Musa,  ”Calukan Harun jeung anak-anak lalakina. Bawa baju imam, minyak suci,* sapi jalu keur kurban pangampura dosa, dua domba jalu, jeung karanjang nu eusina roti nu teu diragian.  Tuluy kumpulkeun sakumna jamaah di lawang asup kémah tepangan.”  Paréntah Yéhuwa éta dijalankeun ku Musa. Sakumna jamaah gé karumpul di lawang asup kémah tepangan.  Musa ngomong ka éta jamaah, ”Yéhuwa maréntahkeun urang kabéh pikeun ngalampahkeun ieu.”  Musa nyalukan Harun jeung anak-anak lalakina, tuluy nitah maranéhna mersihan diri ku cai.  Geus kitu Harun ku Musa dipakéanan jubah, dibeulitan beubeur, sarta dipakéanan rompi panjang jeung éfod.* Tuluy beubeur éfodna gé dibeulitkeun supaya éfodna pageuh.  Rap deui panutup dada diterapkeun. Urim jeung Tumim gé disimpen di dinya.  Sirahna disorbanan. Éta sorban hareupna ku Musa dipasangan pelat hérang tina emas, nyaéta pelat emas suci.* Éta kabéh dilampahkeun ku Musa sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. 10  Saterusna Musa nyokot minyak suci. Éta minyak dipaké keur ngaminyakan tabernakel jeung sakabéh parabotna supaya jadi suci. 11  Geus kitu, manéhna nyokot éta minyak sawaréh pikeun diképrét-képrétkeun tujuh kali kana mézbah jeung sakabéh parabotna, sarta kana jolang jeung panyanggana, supaya éta kabéh jadi suci. 12  Sanggeus éta, Musa ngucurkeun minyak suci sawaréh kana sirah Harun sarta ngalantik manéhna. Ku kituna, manéhna jadi suci. 13  Tuluy Musa nyalukan anak-anak lalakina Harun. Maranéhna dipakéanan jubah, dibeulitan beubeur, jeung dipasangan panutup sirah. Éta kabéh dilampahkeun ku Musa sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. 14  Musa mawa sapi jalu nu dijadikeun kurban pangampura dosa. Harun jeung anak-anak lalakina narumpangkeun leungeun kana hulu éta sapi. 15  Sapina dipeuncit, tuluy Musa nganclomkeun ramo kana getihna. Geus kitu, getihna diulaskeun kana tanduk-tanduk di sakabéh sisi mézbah pikeun ngamurnikeun éta mézbah. Ari getih sésana mah dikucurkeun kana dasar mézbah. Ku kituna, mézbah éta jadi suci jeung bisa dipaké keur ngabaktikeun kurban. 16  Geus kitu manéhna nyokot sakabéh gajih nu aya dina peujit, gajih dina ati, sarta dua giginjel jeung gajih-gajihna. Éta kabéh ku Musa dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. 17  Ari sésana mah, nyaéta kulit, daging, jeung eusi peujitna, dibeuleum di luareun pakémahan. Éta kabéh dilampahkeun ku Musa sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. 18  Terus, Musa mawa domba jalu nu dijadikeun kurban beuleuman. Harun jeung anak-anak lalakina narumpangkeun leungeun kana hulu éta domba. 19  Dombana dipeuncit, tuluy getihna diképrét-képrétkeun kana sakabéh sisi mézbah. 20  Dombana dipotongan tuluy dijéjérkeun dina mézbah bareng jeung hulu sarta gajihna.* Éta kabéh dibeuleum supaya haseupna ngebul. 21  Peujit jeung bitisna dikumbah heula ku cai. Geus kitu, sakabéh babagian éta domba ku Musa dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh kurban beuleuman, kurban nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. Éta kabéh dilampahkeun ku Musa sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. 22  Geus kitu manéhna mawa domba jalu nu kadua, nyaéta domba nu dikurbankeun waktu imam dilantik. Harun jeung anak-anak lalakina narumpangkeun leungeun kana hulu éta domba. 23  Dombana dipeuncit, tuluy getihna dicokot saeutik sarta diulaskeun kana daun ceuli Harun nu katuhu, kana jempol leungeunna nu katuhu, jeung kana jempol sukuna nu katuhu. 24  Musa nyalukan anak-anak lalakina Harun, tuluy ngulaskeun getih saeutik kana daun ceuli maranéhna nu katuhu, kana jempol leungeunna nu katuhu, jeung kana jempol sukuna nu katuhu. Ari getih sésana diképrét-képrétkeun kana sakabéh sisi mézbah. 25  Musa nyokot gajih tina éta domba, nyaéta gajih dina buntutna, gajih nu nutupan peujitna, gajih dina atina, dua giginjel jeung gajih-gajihna, sarta sukuna nu katuhu. 26  Manéhna gé nyokot roti-roti nu teu diragian tina karanjang nu aya di hareupeun Yéhuwa, nyaéta hiji roti nu bentukna siga geulang, hiji roti nu bentukna siga geulang jeung dicampur ku minyak, sarta hiji roti ipis. Kabéhanana diteundeun di luhureun gajih sarta suku domba nu katuhu. 27  Geus kitu, éta kabéh diteundeun dina leungeun Harun jeung anak-anak lalakina tuluy diayun-ayunkeun di hareupeun Yéhuwa. Éta jadi kurban nu diayun-ayunkeun. 28  Geus kitu, éta kabéh dicokot ku Musa tina leungeun maranéhna sarta dibeuleum dina mézbah di luhureun kurban beuleuman. Éta téh kurban nu dibaktikeun waktu imam dilantik, kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 29  Musa nyokot bagian dada domba, tuluy diayun-ayunkeun di hareupeun Yéhuwa. Éta jadi kurban nu diayun-ayunkeun. Dada tina kurban nu dibaktikeun waktu imam dilantik jadi milikna Musa, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa. 30  Geus kitu, Musa nyokot minyak suci saeutik jeung getih tina mézbah saeutik, tuluy diképrét-képrétkeun ka Harun, anak-anak lalakina, jeung baju maranéhna. Ku kituna Harun, anak-anakna, jeung baju maranéhna jadi suci. 31  Tuluy Musa ngomong ka Harun jeung anak-anak lalakina, ”Kulub daging dombana di lawang asup kémah tepangan. Dahar éta di dinya jeung roti tina karanjang nu dipaké waktu ngalantik, sabab Anjeunna geus méré paréntah kieu, ’Harun jeung anak-anak lalakina kudu ngadahar éta.’ 32  Daging atawa roti nu nyésa kudu diduruk. 33  Maranéh kudu terus aya di deukeut lawang asup kémah tepangan salila tujuh poé nepi ka maranéh bérés dilantik, sabab butuh tujuh poé pikeun ngalantik maranéh jadi imam. 34  Naon nu dilampahkeun ku urang poé ieu téh paréntah Yéhuwa supaya dosa maranéh dihampura. 35  Salila tujuh poé, maranéh kudu terus aya di deukeut lawang asup kémah tepangan boh beurang boh peuting. Maranéh gé kudu ngajalankeun kawajiban ka Yéhuwa, supaya maranéh teu tiwas. Tah kitu paréntah Anjeunna ka urang téh.” 36  Sakabéh paréntah Yéhuwa nu ditepikeun ka Musa dijalankeun ku Harun jeung anak-anak lalakina.

Catetan Tambihan

Tingali cth. dina Bud 25:6.
Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”nyaéta lambang suci nu nunjukkeun Harun ngabaktikeun diri ka Allah”.
Atawa ”gajih di deukeut giginjelna”.