Jabur 105:1-45

  • Yéhuwa satia ka umat-Na

    • Allah inget kana perjangjiana-Na (8-10)

    • ”Kadé, ulah wani-wani ngaganggu jalma nu dilantik ku Kuring” (15)

    • Yusuf nu jadi budak beulian téh digunakeun ku Allah (17-22)

    • Mujijat-mujijat Allah di Mesir (23-36)

    • Israél budal ti Mesir (37-39)

    • Allah émut kana jangji-Na ka Ibrahim (42)

105  Ucapkeun sukur ka Yéhuwa, pék sasambat ka nami-Na. Caritakeun tindakana-Na ka bangsa-bangsa!  2  Pék nyanyi kanggo Anjeunna, kawihkeun pupujian* kanggo Anjeunna,Pikirkeun* sagala tindakana-Na nu hébat.  3  Agulkeun nami-Na nu suci. Mugia haté jalma-jalma nu néangan pituduh Yéhuwa bungah.  4  Téangan Yéhuwa jeung andelkeun kakuatana-Na. Ulah eureun ménta pitulung ti Anjeunna.  5  Sing inget kana hal-hal hébat nu tos dipidamel ku Anjeunna,Mujijat jeung putusan hukum-Na,  6  Hé, maranéh turunan Ibrahim hamba-Na,Maranéh anak-anak Yakub, jalma-jalma nu dipilih ku Anjeunna.  7  Anjeunna téh Yéhuwa Allah urang. Putusan hukum-Na kudu dijalankeun di sakuliah bumi.  8  Anjeunna moal poho kana perjangjiana-Na.* Anjeunna terus inget kana perjangjian nu diucapkeuna-Na nepi ka sarébu génerasi,  9  Perjangjiana-Na ka Ibrahim,Jeung sumpah-Na ka Ishak. 10  Sumpah éta ku Anjeunna dijadikeun jaminan keur YakubJeung dijadikeun perjangjian nu abadi keur Israél. 11  Ceuk Anjeunna, ”Kuring rék mikeun nagri KanaanPikeun jadi warisan nu ditetepkeun keur maranéh.” 12  Ieu diucapkeun ku Anjeunna waktu maranéhna saeutik kénéh,Saeutik pisan, basa maranéhna jadi urang asing di nagri éta. 13  Maranéhna pipindahan ti bangsa ieu ka bangsa itu,Ti karajaan ieu ka karajaan itu. 14  Anjeunna teu ngantep saha waé nindes maranéhna,Tapi demi maranéhna, Anjeunna negor raja-raja. 15  Ceuk Anjeunna, ”Kadé, ulah wani-wani ngaganggu jalma nu dilantik ku Kuring,Jeung ulah jahat ka nabi-nabi Kuring.” 16  Anjeunna ngadatangkeun kalaparan ka nagri éta. Anjeunna teu nyadiakeun deui dahareun keur* maranéhna. 17  Anjeunna ngutus saurang lalaki pikeun miheulaan maranéhna,Nyaéta Yusuf, nu dijual jadi budak beulian. 18  Sukuna diranté,*Beuheungna ogé diranté, 19  Nepi ka ucapan Anjeunna jadi kanyataan. Ku ucapan Yéhuwa, manéhna dimurnikeun. 20  Raja nitah manéhna dibébaskeun,Pamingpin bangsa-bangsa ngabébaskeun manéhna. 21  Raja ngajadikeun manéhna pangawas istana,Sakabéh harta bandana dikawasakeun ka manéhna. 22  Manéhna gé sina ngawasaan para pajabatna sakahayangnaJeung ngajarkeun kabijaksanaan ka para pamingpinna. 23  Tuluy Israél datang ka Mesir,Seug Yakub jadi penduduk asing di tanah Ham. 24  Allah ngajadikeun umat-Na beuki lobaSarta ngajadikeun maranéhna leuwih kuat tibatan musuh-musuhna. 25  Waktu musuh-musuh ngéwa ka umat-NaSarta nyieun siasat rék ngalawan hamba-hamba-Na, ku Anjeunna diantep. 26  Anjeunna ngutus Musa hamba-Na,Jeung Harun, nu geus dipilih ku Anjeunna. 27  Duanana ngayakeun tanda-tanda nu hébat di hareupeun musuh-musuh,Maranéhna némbongkeun mujijat-mujijat Anjeunna di tanah Ham. 28  Anjeunna ngadatangkeun poék, reup sakuliah nagri poék ngajumbleng. Musa jeung Harun nurut kana firman Anjeunna. 29  Anjeunna ngarobah cai di Mesir jadi getih,Seug laukna disina paraéh. 30  Nagri maranéhna diserbu ku bangkong,Nepi ka arasup ka kamar-kamar istana. 31  Anjeunna nitah laleur*Jeung reungit* nyerbu sakuliah daérah maranéhna. 32  Anjeunna ngarobah hujan jadi hujan ésJeung ngadatangkeun kilat* ka nagri maranéhna. 33  Ku Anjeunna, tangkal anggur jeung tangkal ara diruksak,Sarta tatangkalan di daérah maranéhna dirungkad-rungkadkeun. 34  Anjeunna nitah simeut-simeut nyerang daérah maranéhna,Simeut ngora nu teu kaitung lobana. 35  Simeut-simeut éta ngaharakanan sakabéh pepelakan di nagri éta,Ngaharakan hasil tanahna. 36  Geus kitu unggal anak cikal di nagri éta diparaéhan ku Anjeunna,Anak nu kahiji.* 37  Ku Anjeunna, umat-Na dibawa kaluar bari marawa pérak jeung emas. Euweuh saurang-urang acan ti kaom maranéhna anu titajong. 38  Waktu urang Israél arindit, urang Mesir aratoheun,Sabab maranéhna sarieuneun ka urang Israél. 39  Anjeunna mébérkeun awan pikeun ngalindungan maranéhnaJeung ngadatangkeun seuneu pikeun nyaangan waktu keur peuting. 40  Waktu maranéhna ménta dahareun, Anjeunna ngadatangkeun manuk puyuh. Anjeunna méré roti ti sorga nepi ka maranéhna sareubeuheun. 41  Anjeunna meulah gunung batu, seug cai ngagolontor. Caina terus ngocor di gurun keusik kawas walungan. 42  Éta téh ku sabab Anjeunna émut kana jangji-Na nu suci ka Ibrahim hamba-Na. 43  Anjeunna mawa kaluar umat-Na. Umat-Na saruka bungah, jalma-jalma pilihana-Na sarurak gumbira. 44  Ku Anjeunna, maranéhna dibéré nagri milik bangsa-bangsa. Maranéhna narima hasil susah payahna bangsa-bangsa. 45  Kitu téh supaya maranéhna ngajalankeun aturan-aturana-NaJeung taat kana hukum-hukum-Na. Puji Yah!*

Catetan Tambihan

Atawa ”pék maén musik”.
Atawa bisa jadi ”Caritakeun”.
As. ”kana firman nu diparéntahkeuna-Na”.
As. ”Anjeunna motongkeun kabéh tongkat roti”. Bisa jadi ieu téh ngamaksudkeun tongkat paranti ngagantung roti.
As. ”dinyenyeri”.
Laleur nu bisa nyoco.
Maksudna, serangga leutik di Mesir nu sok nyoco kawas reungit.
Atawa ”seuneu”.
Atawa ”Nu mimiti tina kakuatan maranéhna”.
Atawa ”Haléluyah!” ”Yah” téh ngaran pondokna Yéhuwa.