Jabur 147:1-20
147 Puji Yah!*
Kawihkeun pupujian* kanggo Allah urang, sabab éta téh hadé.
Geus sakuduna urang muji Anjeunna, éta téh matak pikaresepeun!
2 Yéhuwa ngadegkeun deui Yérusalém.
Anjeunna ngumpulkeun urang Israél anu papencar.
3 Anjeunna nyageurkeun nu haténa ancur,Raheut-raheutna diperban ku Anjeunna.
4 Béntang-béntang diitung ku Anjeunna.
Sakabéhna digeroan, ngaranna disebutkeun hiji-hiji.
5 Gusti urang téh hébat jeung gedé kawasa-Na,Kabijaksanaana-Na* taya watesna.
6 Jalma lemah lembut diangkat ku Yéhuwa,Tapi jalma jahat mah ditotogkeun kana taneuh.
7 Nyanyikeun lagu puji sukur ka Yéhuwa,Kawihkeun pupujian ka Allah urang bari maén harpa.
8 Anjeunna nutupan langit ku awan,Anjeunna nurunkeun hujan ka bumi,Anjeunna ngajadikeun jujukutan di gunung-gunung.
9 Anjeunna maraban sasatoan,Maraban anak gagak nu disarada ménta dahar.
10 Nu dipikaresep ku Anjeunna téh lain kuda bedas,Lain ogé lalaki* nu kuat,
11 Tapi karesep Yéhuwa mah jalma nu hormat* ka Anjeunna,Nu ngaharep kana asih satia-Na.
12 Mulyakeun Yéhuwa, hé Yérusalém.
Puji Allah manéh, hé Zion.
13 Palang-palang gerbang manéh dijadikeun weweg ku Anjeunna,Penduduk manéh diberkahan ku Anjeunna.
14 Daérah manéh dijadikeun aman ku Anjeunna.
Anjeunna méré gandum nu pangalusna ka manéh nepi ka puas.
15 Anjeunna ngucapkeun paréntah ka bumi,Ucapana-Na téh meni gancang pisan nepina.
16 Anjeunna ngamparkeun salju lir simbut wol,Anjeunna nyebarkeun salju kawas lebu.
17 Anjeunna nurunkeun hujan és kawas roti dipurulukkeun.
Saha nu tahan kana tirisna?
18 Anjeunna méré paréntah, seug ésna leyur.
Anjeunna niup angin, cor cai ngalocor.
19 Anjeunna nepikeun firman-Na ka Yakub,Nepikeun aturan jeung hukum-Na ka Israél.
20 Ka bangsa séjén mah Anjeunna teu siga kitu.
Bangsa-bangsa éta teu nyarahoeun kana hukum-Na.
Puji Yah!*
Catetan Tambihan
^ Atawa ”Haléluyah!” ”Yah” téh ngaran pondokna Yéhuwa.
^ Atawa ”Pék maén musik”.
^ Atawa ”Pangarti-Na”
^ As. ”suku lalaki”.
^ As. ”sieun”.
^ Atawa ”Haléluyah!” ”Yah” téh ngaran pondokna Yéhuwa.