Jabur 28:1-9

  • Doa nu nulis jabur didangukeun

    • ”Yéhuwa téh kakuatan jeung taméng abdi” (7)

Jabur karangan Daud. 28  Nun Yéhuwa, Gunung Batu abdi, abdi terus sasambat ka Gusti,Dangukeun abdi. Upami Gusti teu ngajawab,Abdi bakal jiga jalma nu turun ka liang kubur.   Gusti, dangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung,Waktu abdi ngadoa nadahkeun leungeun ka arah rohangan nu pangjerona di tempat suci Gusti.   Abdi ulah dihukum bareng jeung nu jahat, nu sok nyilakakeun batur,Nu omonganana manis tapi haténa mah jahat.   Bales kalakuan maranéhnaSatimpal jeung kajahatanana. Bales lalampahan maranéhnaSatimpal jeung tindakanana.   Sabab maranéhna teu paduli kana tindakan YéhuwaSarta naon nu dipidamel ku panangan-Na. Maranéhna bakal diruntuhkeun ku Anjeunna sarta moal diadegkeun deui.   Mugia Yéhuwa dipuji,Lantaran Anjeunna ngadangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung.   Yéhuwa téh kakuatan jeung taméng abdi,Abdi percaya ka Anjeunna sapinuh haté. Abdi geus ditulungan, haté abdi jadi gumbira. Abdi bakal nyanyi kanggo muji Anjeunna.   Yéhuwa téh kakuatan keur umat-Na. Anjeunna téh bénténg nu nyalametkeun jalma nu dilantik ku Anjeunna.   Salametkeun umat Gusti sarta berkahan jalma-jalma milik Gusti. Mugia Gusti jadi pangangon maranéhna sarta ngais maranéhna dina panangan Gusti salamina.

Catetan Tambihan