Jabur 95:1-11

  • Ibadah sajati téh dibarengan ku kataatan

    • ”Mugia poé ieu maranéh daék ngadangukeun sora Anjeunna” (7)

    • ”Ulah bedegong” (8)

    • ”Maranéhna moal asup ka tempat reureuh Kuring” (11)

95  Hayu urang surak gumbira kanggo Yéhuwa. Hayu urang surak muji Gunung Batu nu nyalametkeun urang.  2  Hayu urang ngadep ka payuneuna-Na* bari ngucap sukur. Hayu urang nyanyi jeung surak gumbira kanggo Anjeunna.  3  Sabab Yéhuwa téh Allah nu hébat,Raja nu hébat nu leuwih punjul ti sakabéh allah séjén.  4  Tempat-tempat nu pangjerona di bumi aya dina panangan-Na. Puncak-puncak gunung kagungan-Na.  5  Laut nu dijieun ku Anjeunna téh milik-Na,Jeung daratan téh dibentuk ku panangan-Na.  6  Hayu urang sujud nyembah Allah. Hayu urang sideku di payuneun Yéhuwa, Nu Ngadamel urang.  7  Sabab Anjeunna téh Allah urang,Jeung urang téh umat nu diangon ku Anjeunna,Domba-domba nu diurus ku Anjeunna.* Mugia poé ieu maranéh daék ngadangukeun sora Anjeunna.  8  Ceuk Anjeunna, ”Ulah bedegong kawas karuhun maranéh di Mériba,*Waktu maranéhna keur aya di Masah* di tanah gurun,  9  Waktu karuhun maranéh ngadoja Kuring. Maranéhna nangtang Kuring sanajan geus ningali naon nu dipigawé ku Kuring. 10  Salila 40 taun Kuring geuleuh ka génerasi éta, ceuk Kuring téh,’Jalma-jalma éta teterusan nuturkeun kahayangna sorangan. Maranéhna teu nuturkeun jalan-jalan Kuring.’ 11  Bakating ku ambek, Kuring sumpah,’Maranéhna moal asup ka tempat reureuh Kuring.’”

Catetan Tambihan

As. ”ka payuneun raray-Na”.
As. ”nu aya dina panangan Anjeunna”.
Hartina ”Paséa”.
Hartina ”Ngadoja; Nguji”.