Kajadian 20:1-18

  • Sara disalametkeun ti Abimélékh (1-18)

20  Ibrahim mindahkeun kémahna ka tanah Négéb tuluy cicing di antara Kadés jeung Syur. Waktu keur cicing* di Gérar, 2  Ibrahim ngaku deui yén Sara téh adina. Ku kituna, Abimélékh raja Gérar ngutus jalma pikeun mawa Sara ka manéhna. 3  Hiji peuting, Allah ngomong ka Abimélékh dina impian, kieu cenah, ”Manéh bakal paéh lantaran mawa awéwé éta. Awéwé éta téh geus boga salaki.” 4  Tapi Sara can dicabak-cabak acan ku Abimélékh.* Jadi ceuk manéhna, ”Yéhuwa, piraku Gusti rék maéhan bangsa nu teu boga salah? 5  Manéhna sorangan pan nu ngaku awéwé éta téh adina? Ceuk awéwé éta gé lalaki éta téh lanceukna. Abdi teu boga niat jahat, abdi gé teu nyaho mun éta téh salah.” 6  Tuluy Allah nu bener ngajawab manéhna dina impian éta, ”Kuring nyaho manéh téh teu boga niat jahat, matakna ku Kuring dihalangan, supaya manéh teu nyabak éta awéwé, jadi manéh teu nyieun dosa ka Kuring. 7  Ayeuna, pulangkeun awéwé éta ka salakina. Salakina téh nabi, engké manéhna bakal ngadoakeun manéh ngarah manéh tetep hirup. Tapi lamun teu dipulangkeun, manéh tangtu paéh, manéh jeung saeusi istana manéh.” 8  Abimélékh hudang isuk-isuk pisan, ngageroan kabéh palayanna, jeung nyaritakeun sagalana. Ngadéngé kitu, maranéhna jadi kacida sarieuneunana. 9  Ibrahim digeroan, tuluy Abimélékh ngomong kieu ka manéhna, ”Ku naon manéh téh bet kitu? Salah naon urang ka manéh nepi ka urang jeung karajaan urang jadi boga dosa gedé? Nu dilampahkeun ku manéh téh teu bener.” 10  Abimélékh nanya deui ka Ibrahim, ”Naon maksudna manéh kitu ka urang?” 11  Ceuk Ibrahim, ”Abdi kitu téh lantaran nyangka urang dieu euweuh nu sieun ka Allah. Maranéhna bakal nyokot pamajikan abdi, heug abdi dipaéhan. 12  Tapi mémang bener manéhna téh adi abdi, sabapa tapi béda indung, terus ku abdi dikawin. 13  Jadi basa Allah nitah abdi ninggalkeun imah bapa abdi tuluy ngumbara, pamajikan téh diomatan kieu, ’Lamun Nyai cinta* ka Akang, ka mana waé urang indit, ngomong wéh Akang téh lanceuk Nyai.’” 14  Geus kitu, Sara ku Abimélékh dipulangkeun ka Ibrahim, malah bari dibéré domba, sapi, sarta palayan-palayan awéwé jeung lalaki. 15  Abimélékh gé ngomong kieu, ”Mangga waé mun rék cicing di nagri urang mah. Sok pilih di mana resepna.” 16  Ari ka Sara mah manéhna ngomong kieu, ”Urang geus méré 1.000 duit pérak ka lanceuk Nyai. Éta téh bukti keur kulawarga Nyai jeung keur kabéh jalma yén Nyai téh teu salah jeung teu bisa disalahkeun.” 17  Geus kitu, Ibrahim ngadoa ka Allah nu bener, ku kituna Allah nyageurkeun Abimélékh, pamajikanana, jeung para palayan awéwéna. Maranéhna jadi baroga budak. 18  Saacanna, Yéhuwa nyababkeun sakabéh awéwé di istana Abimélékh jadi mandul* ku lantaran Sara, pamajikanana Ibrahim.

Catetan Tambihan

Atawa ”cicing jadi urang asing”.
Maksudna, Abimélékh can ngalakukeun hubungan séks jeung Sara.
Atawa ”boga asih nu satia”.
Atawa ”Yéhuwa nutup rahim sakabéh awéwé di istana Abimélékh”.