Kajadian 43:1-34
43 Kalaparan di tanah Kanaan téh beuki parah.
2 Jadi waktu gandum nu dibawa ti Mesir téa béak, bapana ngomong ka anak-anakna, ”Jung indit deui, beuli saeutik dahareun keur urang kabéh.”
3 Yéhuda némbalan, ”Geus puguh jelema éta ngomat-ngomat, ’Lamun adi maranéh teu dibawa, maranéh teu meunang panggih jeung aing.’
4 Lamun adi urang meunang milu, urang daék indit jeung meuli dahareun.
5 Tapi lamun teu meunang milu, urang gé moal indit, da ceuk jelema éta, ’Lamun adi maranéh teu dibawa, maranéh teu meunang panggih jeung aing.’”
6 Ceuk Israél, ”Ku naon atuh bet bébéja boga adi séjén? Nyusahkeun pisan maranéh téh.”
7 Maranéhna ngomong, ”Jelema éta nanyakeun urang jeung kulawarga urang. Ceuk manéhna, ’Ari bapa maranéh aya kénéh? Boga dulur séjén teu?’ Nya dijawab wéh saayana, da teu nyaho. Ari sugan téh moal nitah Bényamin dibawa.”
8 Tuluy Yéhuda ngayakinkeun Israél bapana, ”Keun budak téh sina milu jeung abdi. Jadi urang kabéh bisa indit, ngarah urang, Bapa, jeung anak-anak urang teu maot kalaparan.
9 Dijamin* budak téh salamet. Abdi nu tanggung jawab. Lamun abdi teu bisa mawa manéhna balik deui ka Bapa, saumur-umur abdi dosa ka Bapa.
10 Coba lamun teu diengké-engké, urang téh meureun geus dua balikan ka ditu.”
11 Jadi ceuk Israél bapa maranéhna, ”Nya geus atuh ari kuduna kitu mah, tapi kudu mawa hadiah keur jelema éta. Bawa hasil tanah nu pangalusna kana karung-karung maranéh: minyak balsem saeutik, madu saeutik, geutah seungit,* kulit kai nu geutahan, kacang pistasio, jeung kacang almond.
12 Bawa duit dua kalieun. Bawa ogé duit nu basa éta dipulangkeun kana karung-karung maranéh, bisi harita aya kasalahan.
13 Sok bawa adi maranéh, jung indit ka ditu panggihan jelema éta.
14 Mugia ku pitulung Allah Nu Mahakawasa, éta jelema jadi karunyaeun ka maranéh tuluy ngabébaskeun Siméon jeung Bényamin. Tapi lamun mémang Bapa kudu kaleungitan anak-anak, Bapa narimakeun!”
15 Jadi maranéhna mawa hadiah jeung duit dua kalieun. Geus kitu, maranéhna jeung Bényamin indit ka Mesir tuluy ngadep ka Yusuf.
16 Waktu ningali Bényamin bareng jeung maranéhna, Yusuf langsung nitah kieu ka pangurus imahna, ”Bawa maranéhna ka imah, peuncit sato, tuluy siapkeun dahareun. Maranéhna rék dahar bareng jeung urang beurang ieu.”
17 Gancang manéhna ngajalankeun paréntah Yusuf tuluy mawa maranéhna ka imah Yusuf.
18 Tapi maranéhna sarieuneun dibawa ka imahna Yusuf téh. Ceuk maranéhna, ”Pasti urang dibawa ka dieu téh gara-gara duit nu dipulangkeun kana karung urang harita. Urang pasti ditéwak jeung dijadikeun budak beulian, tuluy kaldé-kaldé urang dirampas!”
19 Jadi, maranéhna nyampeurkeun pangurus imahna Yusuf, tuluy ngomong jeung manéhna di lawang panto.
20 Ceuk maranéhna, ”Punten, Juragan. Kapungkur basa mimiti ka dieu, abdi sadaya mémang badé mésér tuangeun.
21 Tapi basa abdi sadaya nepi di panginepan tuluy mukaan karung-karung, ari pék téh aya artos dina karung masing-masing weuteuh kénéh, jadi badé dipulangkeun.
22 Ayeuna, abdi sadaya nyandak artos langkung kanggo mésér tuangeun, da harita téh teu terang saha nu ngalebetkeun artos kana karung.”
23 Ceuk pangurus éta, ”Tenang wéh, ulah sieun. Anu ngasupkeun duit kana karung aranjeun téh Allahna aranjeun sarta Allahna bapa aranjeun. Duit nu kamari mah geus katarima da.” Geus kitu, Siméon dibawa ka maranéhna.
24 Tuluy pangurus éta mawa asup maranéhna ka imah Yusuf, méré cai keur ngumbah suku maranéhna, sarta méré dahar kaldé-kaldena.
25 Ngadéngé Yusuf rék datang beurang éta sarta dahar bareng jeung maranéhna, maranéhna nyiapkeun hadiah téa keur Yusuf.
26 Waktu Yusuf datang ka imah, maranéhna mikeun hadiah éta ka Yusuf. Bruk maranéhna sujud ka manéhna.
27 Geus kitu, Yusuf nanyakeun kaayaan maranéhna. Manéhna nanya, ”Kumaha kaayaan bapa maranéh nu geus kolot nu harita dicaritakeun téh? Aya kénéh?”
28 Maranéhna ngajawab, ”Pun bapa aya kénéh, Juragan.” Geus kitu, maranéhna sujud deui.
29 Barang Yusuf ningali Bényamin adina nu saindung jeung manéhna, manéhna ngomong, ”Ieu téh adi bungsu maranéh nu pernah dicaritakeun téa?” Tuluy manéhna ngomong ka Bényamin, ”Mugia manéh diberkahan ku Allah, anaking.”
30 Ningali adina, Yusuf teu bisa nahan parasaanana. Buru-buru manéhna kaluar néangan tempat keur ceurik. Manéhna asup ka rohangan séjén, segruk baé ceurik.
31 Geus kitu, manéhna sibeungeut. Sanggeus tenang, manéhna balik deui tuluy ngomong, ”Sadiakeun dahareun.”
32 Seug dahareun disadiakeun keur Yusuf saméja, keur adi lanceukna saméja, sarta keur urang Mesir nu aya di dinya saméja. Éta téh lantaran urang Mesir geuleuheun lamun dahar bareng jeung urang Ibrani.
33 Adi lanceukna* diuk di hareupeun Yusuf. Diukna diatur ti nu cikal, nyaéta nu boga hak salaku anak cikal, nepi ka nu bungsu. Maranéhna silih pelong bari jeung bingung.
34 Yusuf terus mikeunan dahareun tina méjana ka méja maranéhna. Tapi ari ka Bényamin mah manéhna méré lima kali leuwih loba. Brak maranéhna dahar nginum nepi ka seubeuh.