Kisah Para Rasul 22:1-30

  • Paulus ngabéla diri di hareupeun jalma réa (1-21)

  • Paulus ngaku warga Romawi (22-29)

  • Sanhédrin kumpul (30)

22  ”Dulur-dulur, bapa-bapa, dangukeun. Sim kuring rék ngajelaskeun kajadianana.” 2  Barang ngadéngé Paulus ngomong maké basa Ibrani, maranéhna beuki jempling, tuluy Paulus ngomong, 3  ”Kuring téh urang Yahudi nu lahir di Tarsus di Kilikia, tapi guguru ka Gamaliél di dieu, di kota Yérusalém. Kuring dididik pikeun bener-bener ngajalankeun Torét karuhun urang jeung sumanget pisan ngawula Allah cara aranjeun nu aya di dieu ayeuna. 4  Kuring nganiaya para panganut Jalan Juragan malah maéhan maranéhna. Boh lalaki boh awéwé, ku kuring ditalian tuluy dijebloskeun ka panjara. 5  Imam agung jeung sakabéh pamingpin gé nyarahoeun. Justru ti maranéhna kuring meunang surat keur dulur-dulur urang saréréa di Damaskus. Harita, kuring keur di jalan rék nalian para panganut Jalan éta nu aya di ditu pikeun dibawa jeung dihukum di Yérusalém. 6  ”Tapi, pas téréh nepi ka Damaskus, kira-kira tengah poé, ujug-ujug aya cahaya ti langit nu nyorot ka sakuriling kuring. 7  Bruk kuring labuh, tuluy aya sora nu ngomong ka kuring, ’Saulus, Saulus, ku naon manéh nganiaya urang?’ 8  Kuring némbalan, ’Juragan téh saha?’ Tuluy ceuk manéhna, ’Urang téh Isa, urang Nazarét nu dikaniaya ku manéh.’ 9  Jalma-jalma nu bareng jeung kuring ningali cahaya éta, tapi teu ngadéngé sora nu ngomong ka kuring. 10  Tuluy kuring nanya, ’Jadi, abdi kudu kumaha Juragan?’ Juragan ngajawab, ’Hudang, geura indit ka Damaskus, engké di ditu manéh bakal dibéjaan sagala nu kudu dilakukeun ku manéh.’ 11  Tapi lantaran cahaya nu sakitu caangna, kuring jadi teu bisa ningali. Kuring nepi ka Damaskus gé ditungtun ku jalma-jalma nu bareng jeung kuring. 12  ”Di dinya, aya jalma nu ngaranna Ananias, nu taat ngajalankeun Torét jeung boga ngaran alus di kalangan urang Yahudi nu cicing di dinya. 13  Manéhna datang jeung nangtung di gigireun kuring. Ceuk manéhna, ’Saulus, dulur urang, sing bisa ningali deui!’ Harita kénéh, panon kuring cageur jeung bisa ningali manéhna. 14  Manéhna ngomong deui, ’Allah karuhun urang geus milih manéh supaya manéh bisa nyaho kahayang-Na, sarta bisa ningali jalma bener éta jeung ngadéngé sorana, 15  lantaran manéh bakal jadi saksi keur manéhna pikeun nyaritakeun sagala nu geus ditingali jeung didéngé ku manéh ka sakabéh jalma. 16  Ayeuna ngadagoan naon deui? Cengkat, geura dibaptis jeung bersihan dosa-dosa manéh ku cara sasambat ka ngaranna.’ 17  ”Tapi basa balik ka Yérusalém jeung ngadoa di bait, kuring meunang titingalian. 18  Kuring nempo Juragan ngomong kieu, ’Gancang, geura kaluar ti Yérusalém, sabab kasaksian manéh ngeunaan urang moal ditarima ku maranéhna.’ 19  Terus kuring ngajawab, ’Juragan, maranéhna apal kuring sok ngadatangan tempat-tempat ibadah pikeun ngajebloskeun ka panjara jeung ngagebugan saha waé nu percaya ka Juragan. 20  Salian ti éta, basa Stéfanus saksi Juragan dipaéhan, kuring nyatujuan, malah kuring aya di dinya mangjagakeun baju luar jalma-jalma anu maéhan manéhna.’ 21  Sanajan kitu Juragan ngomong kieu, ’Geus indit wéh, sabab urang bakal ngutus manéh ka bangsa-bangsa nu jauh.’” 22  Nepi ka dinya, maranéhna masih kénéh ngadéngékeun, tapi terus maranéhna gogorowokan, ”Singkirkeun jelema éta ti dunya, teu pantes hirup jelema kitu mah!” 23  Lantaran maranéhna gogorowokan, ngalung-ngalungkeun baju luarna, jeung ngawur-ngawurkeun taneuh kebul, 24  komandan pasukan nitah Paulus dibawa asup ka markas prajurit. Manéhna nitah Paulus ditatanya bari dipecutan, supaya manéhna nyaho naon sababna jalma-jalma gogorowokan siga kitu ka Paulus. 25  Barang geus ditalian rék dipecutan, Paulus ngomong ka perwira nu nangtung di dinya, ”Meunang kitu saurang warga Romawi dipecutan saacan diadilan?”* 26  Ngadéngé kitu, éta perwira ngalapor ka komandan pasukan, ”Bapa, kumaha? Éta jelema téh geuning warga Romawi.” 27  Jadi komandan éta nyampeurkeun jeung nanya ka Paulus, ”Bener manéh téh warga Romawi?” Paulus ngajawab, ”Muhun.” 28  Ceuk komandan éta, ”Urang jadi warga Romawi téh meunang meuli kacida mahalna.” Paulus némbalan, ”Abdi mah ti barang lahir.” 29  Harita kénéh, para prajurit nu rék mariksa jeung nyiksa Paulus alundur. Komandan pasukan gé jadi sieun lantaran nyaho jelema nu diranté ku manéhna téh warga Romawi. 30  Jadi isukna, lantaran hayang mastikeun ku naon Paulus dituduh ku urang Yahudi, manéhna ngaleupaskeun Paulus. Geus kitu, manéhna nitah para imam kapala sarta sakabéh anggota Sanhédrin karumpul. Terus, Paulus dibawa ka hareupeun maranéhna.

Catetan Tambihan

Atawa ”diputuskeun salah”.