Kisah Para Rasul 9:1-43

  • Saulus di jalan ka Damaskus (1-9)

  • Ananias dititah nulungan Saulus (10-19a)

  • Saulus ngawawar ngeunaan Isa di Damaskus (19b-25)

  • Saulus datang ka Yérusalém (26-31)

  • Pétrus nyageurkeun Énéas (32-35)

  • Dorkas nu béréhan dihirupkeun deui (36-43)

9  Saulus masih kénéh ngancam jeung napsu pisan hayang maéhan murid-murid Juragan. Manéhna indit ka imam agung 2  ménta surat pikeun ditepikeun ka tempat-tempat ibadah di Damaskus, supaya bisa néwak saha waé, boh awéwé boh lalaki, nu nganut Jalan Juragan, terus rék dibawa ka Yérusalém. 3  Pas keur di jalan téréh nepi ka Damaskus, ujug-ujug aya cahaya ti langit nyorot ka sakuriling manéhna 4  nepi ka manéhna labuh. Tuluy manéhna ngadéngé sora nu ngomong, ”Saulus, Saulus, ku naon manéh nganiaya urang?” 5  Manéhna nanya, ”Juragan téh saha?” Ceuk sora éta, ”Urang téh Isa nu dikaniaya ku manéh. 6  Jung geura indit ka kota, engké dibéjaan manéh kudu kumaha.” 7  Ari jalma-jalma nu indit bareng jeung manéhna ngajaranteng tingharuleng. Maranéhna ngadéngé aya sora tapi teu ningali sasaha. 8  Tuluy Saulus nangtung, ari pék téh manéhna teu bisa ningali nanaon padahal panonna beunta. Jadi, manéhna ditungtun asup ka Damaskus. 9  Salila tilu poé, manéhna teu bisa ningali, manéhna gé teu dahar teu nginum. 10  Di Damaskus aya saurang murid nu ngaranna Ananias. Dina titingalian, Juragan ngageroan manéhna, ”Ananias!” Dijawab, ”Kulan, Juragan?” 11  Tuluy Juragan ngomong, ”Geura indit ka imah Yudas di Jalan Lempeng, jeung panggihan jelema nu ngaranna Saulus ti Tarsus. Sabab manéhna keur ngadoa, 12  jeung dina titingalian, manéhna ningali saurang jalma nu ngaranna Ananias datang numpangkeun leungeun supaya manéhna bisa ningali deui.” 13  Tapi dijawab ku Ananias, ”Juragan, abdi geus ngadéngé loba béja ngeunaan jelema ieu, jeung ngeunaan sagala kajahatan manéhna ka jalma-jalma suci di Yérusalém. 14  Manéhna ka dieu gé lantaran dibéré wewenang ku imam-imam kapala pikeun néwakan* saha waé nu percaya ka ngaran Juragan.” 15  Tapi ceuk Juragan, ”Jung indit wéh, sabab manéhna téh geus dipilih ku urang pikeun méré kasaksian ngeunaan ngaran urang ka bangsa-bangsa, kitu ogé ka raja-raja jeung urang Israél. 16  Urang rék méré nyaho sagala kasangsaraan nu kudu kaalaman ku manéhna lantaran nguarkeun ngaran urang.” 17  Jadi Ananias indit tuluy asup ka imah éta jeung numpangkeun leungeun ka Saulus terus ngomong kieu, ”Saulus dulur urang, Juragan Isa, nu némbongan ka manéh waktu manéh keur di jalan rék ka dieu, ngutus urang supaya manéh bisa ningali deui jeung pinuh ku kawasa suci.” 18  Harita kénéh aya nu coplok tina panon Saulus siga sisit lauk. Bray manéhna bisa nempo deui. Manéhna cengkat tuluy dibaptis. 19  Sanggeus dahar manéhna jagjag deui. Salila sababaraha poé, manéhna matuh jeung murid-murid di Damaskus. 20  Ti dinya, manéhna langsung ngawawar ka tempat-tempat ibadah, nerangkeun yén Isa téh Putra Allah. 21  Tapi kabéh nu ngadéngékeun manéhna rareuwaseun jeung pada ngomong, ”Lainna manéhna téh nu nganiaya jalma-jalma di Yérusalém nu percaya ka ngaran Isa téa? Lainna manéhna ka dieu téh rék néwakan* murid-murid Isa pikeun diserahkeun ka imam-imam kapala?” 22  Ari Saulus jadi beuki tarampil jeung bisa méré bukti-bukti nu ngayakinkeun pisan yén Isa téh Al-Masih, nepi ka urang Yahudi nu aya di Damaskus teu bisa ngabantah deui. 23  Sanggeus sababaraha lila, urang Yahudi sakongkol rék maéhan manéhna. 24  Beurang peuting, gerbang-gerbang kota dijaga supaya Saulus bisa dipaéhan. Tapi rencana éta kanyahoan ku Saulus. 25  Jadi peuting-peuting, Saulus diloloskeun ku murid-muridna ku cara diulur dina karanjang liwat jandéla di témbok kota. 26  Sanggeus nepi di Yérusalém, manéhna ngupayakeun supaya bisa ngagabung jeung murid-murid, tapi kabéhanana sarieuneun lantaran teu percaya manéhna geus jadi murid Isa. 27  Jadi, Barnabas mantuan jeung mawa manéhna ka para rasul. Barnabas nyaritakeun rincianana kumaha Saulus ningali Juragan di jalan, naon omongan Juragan ka manéhna, jeung kumaha manéhna wani ngawawar mawa ngaran Isa di Damaskus. 28  Jadi, Saulus matuh di dinya bareng jeung maranéhna. Manéhna gé laluasa ngider di* Yérusalém jeung wani ngawawar mawa ngaran Juragan. 29  Manéhna ngobrol sarta débat jeung urang Yahudi nu ngomong basa Yunani, tapi ku maranéhna kalah ka diarah rék dipaéhan. 30  Basa dulur-dulur nyahoeun hal ieu, Saulus dibawa ku maranéhna ka Kaisaréa, ti dinya terus ka Tarsus. 31  Ti harita, kaayaan sidang jamaah di sakuliah Yudéa, Galiléa, jeung Samaria jadi tengtrem sarta beuki kuat. Jumlah murid gé terus nambahan lantaran maranéhna hormat ka Yéhuwa jeung ditegerkeun ku kawasa suci. 32  Basa Pétrus nguriling ka sakuliah daérah, manéhna gé nganjangan jalma-jalma suci nu aya di Lida. 33  Di dinya, manéhna panggih jeung jalma lumpuh nu ngaranna Énéas, nu geus dalapan taun ngagolér baé dina kasur. 34  Pétrus ngomong ka manéhna, ”Énéas, Isa Al-Masih nyageurkeun manéh. Sok hudang jeung bérésan kasur manéh.” Harita kénéh, manéhna hudang. 35  Basa kabéh nu cicing di Lida jeung Dataran Syaron ningali naon nu kaalaman ku Énéas, maranéhna jadi murid Juragan. 36  Di Yopa, aya murid nu ngaranna Tabita, lamun ditarjamahkeun hartina téh ”Dorkas”.* Manéhna loba nyieun kahadéan jeung resep méré sidekah. 37  Tapi harita, manéhna gering tuluy maot. Sanggeus dimandian, jasadna digolérkeun di kamar loténg. 38  Yopa téh deukeut Lida, jadi waktu murid-murid ngadéngé Pétrus aya di Lida, maranéhna ngutus dua jalma pikeun ngajurung manéhna, ”Sing énggal-énggal datang ka dieu.” 39  Ku kituna, Pétrus indit bareng jeung maranéhna. Pas nepi, manéhna dibawa ka kamar loténg. Tuluy kabéh randa manggihan manéhna. Bari careurik, maranéhna némbongkeun loba pakéan jeung jubah* nu dijieun ku Dorkas basa manéhna hirup kénéh. 40  Geus kitu, Pétrus nitah kabéh jalma kaluar, tuluy manéhna sideku jeung ngadoa. Bari nyanghareup ka jasadna, manéhna ngomong, ”Tabita, hudang!” Dorkas beunta. Barang ningali Pétrus, manéhna diuk. 41  Ku Pétrus leungeunna dicekel jeung dibantuan nangtung. Tuluy Pétrus ngageroan jalma-jalma suci jeung randa-randa pikeun manggihan Dorkas nu geus hirup deui. 42  Béja ngeunaan kajadian ieu nyebar ka sakuliah Yopa. Loba jalma jadi percaya ka Juragan. 43  Pétrus cicing sababaraha poé di Yopa di imahna Simon, tukang nyieunan bahan tina kulit.

Catetan Tambihan

As. ”nalian”.
As. ”nalian”.
As. ”kaluar asup”.
Dorkas (Yunani) jeung Tabita (Aram), duanana hartina ”Uncal”.
Atawa ”baju luar”.