Nu Ditulis ku Lukas 12:1-59

  • Ragi urang Farisi (1-3)

  • Kudu sieun ka Allah, lain ka manusa (4-7)

  • Ngaku percaya ka Al-Masih (8-12)

  • Ibarat ngeunaan jalma beunghar nu bodo (13-21)

  • Ulah hariwang deui (22-34)

    • Kumpulan leutik (32)

  • Kudu siap-siap (35-40)

  • Pangurus nu satia jeung pangurus nu teu satia (41-48)

  • Lain mawa karukunan, tapi pacékcokan (49-53)

  • Perlu paham kana kajadian ayeuna (54-56)

  • Carana ngabéréskeun masalah (57-59)

12  Harita, basa mangrébu-rébu jalma datang ngagimbung nepi ka silih tincak, Isa ngomong ka murid-muridna heula, ”Sing ati-ati kana ragi urang Farisi, nyaéta kamunapékan maranéhna. 2  Tapi, naon nu ditutup rapet bakal dibolékérkeun, jeung naon nu dirasiahkeun bakal kanyahoan. 3  Naon nu dicaritakeun ku maranéh di tempat nu poék, bakal kadéngé di tempat nu caang, jeung naon nu diharéwoskeun di kamar maranéh, bakal diuar-uarkeun di luhureun imah. 4  Salian ti éta dulur-dulur, urang ngabéjaan, ulah sieun ka nu bisa maéhan awak, tapi teu bisa kukumaha deui ka maranéh. 5  Ku urang dibéjaan ka saha maranéh kudu sieun: Kudu sieun mah ka Pribadi nu bisa ngamusnakeun awak jeung boga kawasa ngalungkeun ka Géhéna.* Ku urang dibéjaan deui, kudu sieun ka Pribadi éta. 6  Lima manuk piit dijualna ngan dua kencring,* pan? Tapi, euweuh hiji-hiji acan nu dipopohokeun* ku Allah. 7  Malahan Bapa maranéh nyaho jumlah buuk dina sirah maranéh. Ulah sieun, maranéh téh jauh leuwih dihargaan tibatan loba manuk piit. 8  ”Urang ngabéjaan, saha waé nu ngaku percaya ka urang di hareupeun jalma-jalma, manéhna gé bakal diaku ku Putra manusa di hareupeun para malaikat Allah. 9  Tapi, saha waé nu ngaku teu percaya ka urang di hareupeun jalma-jalma, manéhna gé moal diaku di hareupeun para malaikat Allah. 10  Saha waé anu omonganana ngalawan Putra manusa, bakal dihampura. Tapi anu omonganana ngahina kawasa suci, moal dihampura. 11  Waktu maranéh dibawa ka hareupeun kumpulan jalma réa,* para pajabat, jeung para pangawasa, ulah hariwang mikirkeun carana ngabéla diri atawa rék ngomong naon, 12  sabab harita kénéh kawasa suci bakal ngajarkeun naon nu kudu diomongkeun ku maranéh.” 13  Geus kitu, ti antara jalma réa aya nu ngomong, ”Guru, béjaan dulur abdi sina babagi warisan jeung abdi.” 14  Ceuk Isa ka manéhna, ”Saha nu ngangkat urang pikeun ngahakiman jeung ngabagi warisan keur maranéh duaan?” 15  Geus kitu, Isa ngomong ka jalma réa, ”Sing ati-ati, ulah nepi ka sarakah kana hal naon baé, sabab sanajan saurang jalma boga loba harta banda, hartana moal bisa méré kahirupan ka manéhna.” 16  Terus, Isa nyaritakeun ibarat, ”Aya jalma beunghar nu boga tanah jeung hasilna loba. 17  Jadi manéhna mikir, ’Kudu kumaha nya, euweuh deui tempat jang nyimpen hasil panén?’ 18  Tuluy manéhna ngomong, ’Kieu wéh: Gudang-gudang nu ayeuna téh rék diruntuhkeun tuluy aing rék ngabangun deui nu leuwih galedé jang nyimpen kabéh gandum jeung barang-barang aing.’ 19  Terus manéhna ngomong kieu, ’Aing geus boga loba banda mahi keur mangtaun-taun. Geus wéh ayeuna mah istirahat, dahar, nginum, jeung senang-senang.’ 20  Tapi Allah ngomong ka manéhna, ’Jalma nu teu asup akal, peuting ieu manéh paéh. Jadi, keur saha banda sisimpenan manéh téh?’ 21  Tah kitu balukarna jelema nu ngumpul-ngumpulkeun harta banda, tapi henteu beunghar dina pandangan Allah.” 22  Geus kitu Isa ngomong ka murid-muridna, ”Éta sababna urang ngabéjaan, ulah hariwang deui kana kahirupan, mikiran rék dahar naon, atawa hariwang awak rék dibajuan naon. 23  Kapan kahirupan téh leuwih penting tibatan dahareun jeung awak téh leuwih penting tibatan baju. 24  Perhatikeun manuk gagak, nu tara melak, tara ngala, jeung teu boga lumbung atawa gudang, tapi tetep wéh diparaban ku Allah. Komo deui maranéh, maranéh jauh leuwih penting tibatan manuk, pan? 25  Mémangna mun maranéh hariwang, umur maranéh bisa manjangan saeutik,* kitu? 26  Mun nu leutik kitu waé gé teu bisa, jang naon maranéh ngahariwangkeun hal-hal séjén? 27  Perhatikeun kumaha jadina kembang bakung, nu tara baranggawé atawa ngaput. Tapi urang ngabéjaan, Sulaéman nu kacida beungharna gé teu boga papakéan nu alus siga kitu. 28  Tah, lamun pepelakan nu ayeuna jadi tuluy isukna diduruk ogé dibéré papakéan nu alus ku Allah, komo deui maranéh. Maranéh téh meni kurang percaya! 29  Ulah terus mikiran sual dahar jeung nginum, sarta ulah hariwang teuing. 30  Hal-hal ieu nu diudag-udag ku bangsa-bangsa di dunya. Tapi, Bapa maranéh nu di sorga mah nyaho maranéh téh butuh ieu kabéh. 31  Sabalikna, maranéh kudu terus tunduk ka Pamaréntahan Allah. Engké, pangabutuh maranéh ku Allah bakal dicumponan. 32  ”Ulah sieun, kumpulan leutik,* sabab Bapa maranéh sukaeun méré Pamaréntahana-Na ka maranéh. 33  Jualan babandaan maranéh tuluy sidekahkeun. Pék jieun kantong duit nu moal ruksak, nyaéta harta di sorga nu moal béak-béak, moal dipaok ku bangsat, jeung moal dihakan ku ngenget.* 34  Sabab di mana aya harta maranéh, nya di dinya nyantélna haté maranéh. 35  ”Paké baju jeung siap-siap.* Lampu maranéh ulah nepi ka pareum. 36  Maranéh kudu siga palayan-palayan nu ngadagoan dununganana balik ti hajat kawinan, supaya barang manéhna datang jeung ngetrok panto, ku maranéhna langsung dipangmukakeun. 37  Bagja para palayan nu keur jaga-jaga waktu dununganana datang! Sing percaya, dununganana bakal siap-siap,* nitah maranéhna diuk di hareupeun méja, tuluy ngaladénan maranéhna. 38  Bagja maranéhna nu tetep siap sanajan dununganana datang peuting-peuting* atawa malahan liwat tengah peuting!* 39  Pikirkeun ieu, lamun nu boga imah nyaho jam sabaraha bangsat bakal datang, manéhna moal ngantep imahna dibobol. 40  Maranéh ogé kudu siap-siap, sabab Putra manusa bakal datang dina waktu nu teu disangka-sangka.” 41  Ceuk Pétrus, ”Juragan, ibarat ieu téh keur urang-urang hungkul atawa keur nu séjén ogé?” 42  Ceuk Juragan, ”Saha sabenerna pangurus* nu satia, nu bijaksana, nu bakal diangkat ku dununganana pikeun ngurus palayan-palayan séjénna jeung terus méré cukup dahareun pas dina waktuna? 43  Bagja éta palayan lamun pas dununganana datang, manéhna keur ngajalankeun tugasna! 44  Urang ngabéjaan, dununganana tangtu ngangkat manéhna pikeun ngurus sakabéh harta bandana. 45  Tapi saupama palayan éta mikir, ’Dunungan urang mah moal waka datang,’ terus manéhna neunggeulan palayan awéwé jeung lalaki sarta dahar nginum nepi ka mabok, 46  ari pék téh dununganana datang dina poé nu teu disangka-sangka jeung dina jam nu teu kanyahoan ku manéhna. Éta palayan bakal dihukum sabeurat-beuratna jeung dibalangkeun ka tempatna jalma-jalma nu teu satia. 47  Terus, palayan éta nu nyaho kahayang dununganana tapi teu siap-siap jeung teu ngajalankeun naon nu dipénta ku dununganana,* bakal digebugan mangkali-kali. 48  Tapi palayan nu nyieun kasalahan lantaran teu ngarti, digebuganana moal sabaraha. Jadi, saha waé nu dibéré loba bakal dipénta loba, jeung saha waé nu dibéré loba tanggung jawab bakal dipénta leuwih ti nu biasana. 49  ”Urang datang rék nyeungeut seuneu di dunya, tapi lamun seuneuna geus hurung, naon deui nu dipiharep ku urang? 50  Aya baptisan nu kudu dilakonan ku urang. Urang moal tenang saacan éta kalakonan! 51  Ceuk maranéh, urang datang ka dunya téh rék mawa karukunan, kitu? Lain, justru urang mawa pacékcokan. 52  Ti mimiti ayeuna, kulawarga bakal papecah. Lamun anggotana aya lima, nu tilu ngalawan dua, nu dua ngalawan tilu. 53  Kulawarga bakal papecah, bapa ngalawan anak lalaki jeung anak lalaki ngalawan bapana, indung ngalawan anak awéwé jeung anak awéwé ngalawan indungna, mitoha awéwé ngalawan minantu awéwé jeung minantu awéwé ngalawan mitoha awéwéna.” 54  Geus kitu, Isa ngomong ka jalma réa, ”Lamun maranéh ningali awan hideung di béh kulon, maranéh langsung ngomong, ’Bakal aya hujan angin,’ jeung enya waé hujan. 55  Lamun aya angin niup ti kidul, ceuk maranéh, ’Hawana bakal panas pisan,’ jeung enya waé hawana panas. 56  Éh jalma munapék, waktu maranéh ningali bumi jeung langit maranéh bisa nyaho bakal panas atawa hujan, tapi ku naon maranéh bet teu paham kana kajadian ayeuna? 57  Ku naon maranéh teu paham naon nu sakuduna dilakukeun? 58  Contona kieu, manéh boga masalah hukum jeung saurang jalma tuluy indit babarengan rék manggihan saurang pangawasa. Meungpeung di jalan kénéh, béréskeun masalahna supaya manéh teu dibawa ka hakim, engké ku hakim manéh diserahkeun ka patugas pangadilan, jeung ku patugas pangadilan manéh dijebloskeun ka panjara. 59  Urang ngabéjaan, manéh moal bisa kaluar ti panjara kajaba manéh ngalunasan sakabéh hutang nepi ka nu kencring-kencringna.”*

Catetan Tambihan

As. ”dua asarion”.
Atawa ”diculkeun”.
Atawa bisa jadi, ”tempat ibadah”.
As. ”sahasta”.
Atawa ”kumpulan leutik domba-domba”.
Serangga nu osok ngahakan kaén.
As. ”Paké beubeur”.
Atawa ”dibeubeur”.
As. ”dina giliran jaga nu kadua”. Kira-kira jam 9 peuting nepi ka tengah peuting.
As. ”dina giliran jaga nu katilu”. Tengah peuting nepi ka kira-kira jam 3 subuh.
Atawa ”pangawas rumah tangga”.
Atawa ”kahayang dununganana”.
As. ”lépton nu pangahirna”.