Nu Ditulis ku Matius 10:1-42

  • Ka-12 rasul (1-4)

  • Pituduh keur ngawawar (5-15)

  • Murid-murid bakal dikaniaya (16-25)

  • Kudu sieun ka Allah, lain ka manusa (26-31)

  • Lain mawa karukunan, tapi pedang (32-39)

  • Narima murid-murid Isa (40-42)

10  Jadi, manéhna ngumpulkeun 12 muridna jeung méré kawasa pikeun ngusir roh-roh jahat jeung pikeun nyageurkeun rupa-rupa kasakit. 2  Ngaran-ngaran 12 rasul téh nyaéta: Simon, nu disebut Pétrus, jeung Andréas adina; Yakobus jeung Yahya, anak-anakna Zébédéus; 3  Filipus jeung Bartoloméus; Tomas jeung Matius si tukang mulung pajeg; Yakobus anakna Alféus; Tadéus; 4  Simon urang Kanani;* jeung Yudas Iskariot nu ka dieunakeun ngahianat ka Isa. 5  Dua belas rasul éta diutus ku Isa bari dibéré pituduh, ”Ulah asup ka daérahna bangsa-bangsa séjén, ka kota-kota Samaria gé ulah. 6  Nu kudu terus didatangan mah jalma-jalma ti bangsa Israél nu siga domba-domba nyasar. 7  Geura arindit tuluy wartakeun, ’Pamaréntahan sorga geus deukeut.’ 8  Cageurkeun nu gering, hirupkeun deui nu maot, cageurkeun nu kusta, jeung usir roh-roh jahat. Maranéh narima ieu teu dipénta bayaran, jadi ulah ménta bayaran. 9  Ulah mamawa emas, pérak, atawa tambaga dina kantong duit maranéh. 10  Ulah ogé mawa bekel keur di jalan, baju salin, sendal keur ganti, atawa iteuk sérep, lantaran jalma nu digawé mah geus sakuduna diburuhan.* 11  ”Di kota atawa kampung mana waé, téangan jalma nu daék narima maranéh. Pék cicing di dinya nepi ka waktuna indit deui. 12  Waktu asup ka hiji imah, ucapkeun salam.* 13  Lamun nu boga imah daék narima maranéh, maranéhna bakal meunang berkah,* tapi lamun teu daék, berkahna balik ka maranéh. 14  Lamun di hiji imah atawa hiji kota euweuh nu daék narima maranéh atawa embung ngadéngékeun maranéh, pék indit ti dinya jeung kebutkeun kekebul tina suku maranéh. 15  Sing percaya, dina Poé Pangadilan, hukuman keur Sodom jeung Gomora bakal leuwih hampang tibatan keur kota éta. 16  ”Sing inget! Maranéh diutus téh kawas domba di tengah-tengah ajag. Jadi, sing waspada kawas oray, sing polos kawas japati. 17  Sing ati-ati ka saha waé, sabab di antara maranéhna bakal aya nu mawa maranéh ka pangadilan jeung mecutan maranéh di tempat-tempat ibadahna. 18  Lantaran nuturkeun urang, maranéh bakal dibawa ka hareupeun gubernur-gubernur jeung raja-raja supaya bisa ngajelaskeun kapercayaan maranéh ka maranéhna jeung ka bangsa-bangsa. 19  Tapi, waktu maranéh dibawa ka hareupeun maranéhna, ulah hariwang rék ngomong naon atawa kumaha ngomongna. Harita kénéh, maranéh bakal nyaho kudu ngomong naon, 20  sabab nu ngomong téh lain maranéh sorangan, tapi maranéh bakal dibantu ku kawasa suci ti Bapa. 21  Terus, dulur bakal nyerahkeun dulurna sina dipaéhan, kitu ogé bapa ka budakna. Budak bakal ngalawan ka kolot jeung nyerahkeun kolotna ngarah dipaéhan. 22  Lantaran nuturkeun urang, maranéh bakal dipikangéwa, tapi nu tabah nepi ka ahir bakal disalametkeun. 23  Lamun maranéh dikaniaya di hiji kota, pék pindah ka kota séjén. Sing percaya, maranéh moal bisa ngadatangan kabéh kota di Israél nepi ka datangna Putra manusa. 24  ”Murid moal bisa ngaleuwihan guruna, kitu ogé palayan moal bisa ngaleuwihan dununganana. 25  Geus cukup lamun murid jadi sarua jeung guruna, atawa palayan jadi sarua jeung dununganana. Lamun nu boga imah disebut Béélzébul,* nya pasti saeusi rumah tanggana ogé disebut kitu. 26  Jadi, ulah sieun ka maranéhna, sabab naon nu ditutup-tutupan bakal dibolékérkeun jeung naon nu dirasiahkeun bakal kanyahoan. 27  Naon nu dicaritakeun ku urang di nu poék, caritakeun di nu caang. Naon nu diharéwoskeun ka maranéh, uar-uarkeun di luhureun imah. 28  Ulah sieun ka nu bisa maéhan awak tapi teu bisa maéhan jiwa.* Kudu sieun mah ka nu bisa ngamusnakeun awak jeung jiwa di Géhéna.* 29  Dua manuk piit dijualna ngan sakencring,* pan? Tapi, euweuh hiji-hiji acan nu ragrag kana taneuh nu teu kanyahoan ku Bapa maranéh. 30  Malahan, Bapa maranéh nyaho jumlah buuk dina sirah maranéh. 31  Jadi ulah sieun, maranéh téh jauh leuwih dihargaan tibatan loba manuk piit. 32  ”Saha waé nu ngaku percaya ka urang di hareupeun jalma-jalma, manéhna gé bakal diaku ku urang di hareupeun Bapa nu di sorga. 33  Tapi, saha waé nu ngaku teu percaya ka urang di hareupeun jalma-jalma, manéhna gé moal diaku ku urang di hareupeun Bapa nu di sorga. 34  Ulah nyangka urang datang ka dunya téh rék mawa karukunan. Urang datang lain mawa karukunan, tapi pedang. 35  Urang datang rék nyababkeun kulawarga papecah, anak lalaki ngalawan bapana, anak awéwé ngalawan indungna, jeung minantu awéwé ngalawan mitoha awéwéna. 36  Sabenerna, nu bakal jadi musuh téh nya kulawargana sorangan. 37  Saha waé nu leuwih nyaah ka indung bapana tibatan ka urang teu pantes jadi murid urang, jeung saha waé nu leuwih nyaah ka budakna nu lalaki atawa nu awéwé tibatan ka urang teu pantes jadi murid urang. 38  Sarta saha waé nu teu daék manggul tihang siksaan* jeung embung nuturkeun urang teu pantes jadi murid urang. 39  Saha waé nu ngabélaan nyawa* bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana* demi urang bakal meunangkeunana. 40  ”Saha waé nu narima maranéh, narima urang ogé, jeung saha waé nu narima urang, narima ogé Anjeunna nu ngutus urang. 41  Saha waé nu narima saurang jalma lantaran jalma éta téh nabi, bakal meunang ganjaran saurang nabi. Saha waé nu narima saurang jalma lantaran jalma éta téh jalma bener, bakal meunang ganjaran jalma bener. 42  Nu pasti mah saha waé nu nyuguhan citiis ka salah sahiji jalma-jalma biasa ieu, lantaran manéhna téh murid urang, bakal narima ganjaran.”

Catetan Tambihan

Atawa ”jalma nu sumanget”.
As. ”dibéré dahareun”.
Salam nu umum keur urang Yahudi téh, ”Mugia meunang katengtreman.”
Atawa ”katengtreman”.
Sebutan keur Sétan, pangawasa roh-roh jahat.
Atawa ”kahirupan”. Maksudna, harepan pikeun hirup deui.
As. ”hiji asarion”.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”jiwana”. Tingali Daptar Istilah.