Nu Ditulis ku Matius 12:1-50
-
Isa, ”Juraganna poé Sabat” (1-8)
-
Lalaki nu leungeunna mungkered dicageurkeun (9-14)
-
Palayan nu dipikanyaah ku Allah (15-21)
-
Roh jahat diusir ku bantuan kawasa suci (22-30)
-
Dosa nu moal dihampura (31, 32)
-
Tatangkalan katingali tina buahna (33-37)
-
Tanda Nabi Yunus (38-42)
-
Lamun roh jahat balik deui (43-45)
-
Indung jeung dulur-dulur Isa (46-50)
12 Harita, Isa ngaliwatan ladang gandum dina poé Sabat. Lantaran lapar, murid-muridna maretik gandum tuluy didalahar.
2 Pas katempo ku urang Farisi, maranéhna ngomong, ”Tuh tingali! Murid-murid manéh ngalanggar aturan poé Sabat.”
3 Manéhna ngajawab, ”Pernah maca teu naon nu dilakukeun ku Daud jeung baladna waktu maranéhna lapar?
4 Manéhna asup ka imah Allah* tuluy maranéhna ngadalahar roti nu dibaktikeun, padahal éta téh teu meunang didahar salian ku para imam, pan?
5 Atawa, pernah maca teu dina Torét, para imam di bait tetep digawé* pas poé Sabat tapi teu dianggap salah?
6 Tapi urang ngabéjaan, di dieu aya jalma nu leuwih penting tibatan bait.
7 Coba lamun maranéh ngarti naon hartina kekecapan ieu, ’Kuring mah hayang jalma-jalma téh karunyaan, lain ngan saukur méré kurban’, maranéh moal nyalahkeun nu teu boga salah.
8 Lantaran Putra manusa téh Juraganna poé Sabat.”
9 Ti dinya, Isa indit tuluy asup ka tempat ibadah.
10 Di dinya, aya lalaki nu leungeunna lumpuh jeung mungkered sabeulah. Sababaraha jalma nanya ka Isa, ”Meunang kitu nyageurkeun jalma dina poé Sabat?” Maranéhna ngomong kitu téh supaya bisa nuduh Isa.
11 Isa ngajawab, ”Mun manéh boga hiji domba terus tigebrus kana sumur dina poé Sabat, ku manéh tangtu dikaluarkeun ti dinya, pan?
12 Jelema téh jauh leuwih penting tibatan domba! Jadi, nyieun kahadéan dina poé Sabat téh teu salah.”
13 Geus kitu Isa ngomong ka éta lalaki, ”Cing asongkeun leungeun manéh.” Tuluy leungeunna diasongkeun, harita kénéh leungeunna cageur siga nu sabeulahna.
14 Urang Farisi ngalaléos ka luar, badami rék maéhan Isa.
15 Lantaran nyahoeun, Isa nyingkah ti dinya. Jalma-jalma ngabring naluturkeun, jeung kabéh nu gering dicalageurkeun ku Isa.
16 Tapi, Isa ngomat-ngomat supaya maranéhna henteu nyaritakeun ngeunaan dirina.
17 Ku kituna, kekecapan liwat Nabi Yésaya ieu laksana,
18 ”Tah ieu palayan pilihan Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna. Kuring bakal méré kawasa suci ka manéhna, ngarah manéhna bisa némbongkeun naon nu disebut adil ka bangsa-bangsa.
19 Manéhna moal paséa atawa ngagorowok, sorana gé moal kadéngé di jalan-jalan gedé.
20 Jarami nu geus ngaplék moal dipiteskeun, sumbu lampu nu téréh pareum gé moal dipareuman, nepi ka manéhna ngalaksanakeun kaadilan.
21 Manéhna* bakal jadi harepan bangsa-bangsa.”
22 Tuluy, jalma-jalma mawa saurang lalaki nu pireu jeung lolong lantaran kasurupan roh jahat. Manéhna ku Isa dicageurkeun, jadi manéhna bisa ngomong jeung ningali deui.
23 Jalma réa arolohok jeung ngomong, ”Boa-boa manéhna téh Putra Daud téa?”
24 Ngadéngé ieu urang Farisi ngomong, ”Si éta mah moal bisa ngusir roh jahat mun teu dibantuan ku Béélzébul,* pangawasa roh-roh jahat.”
25 Lantaran nyaho pikiran maranéhna, Isa ngomong, ”Unggal karajaan anu papecah bakal ancur. Unggal kota atawa rumah tangga anu papecah ogé bakal paburantak.
26 Kitu ogé, lamun Sétan ngusir Sétan, éta hartina manéhna merangan diri sorangan. Mun kitu, kumaha karajaanana bisa terus ngadeg?
27 Salian ti éta, lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan Béélzébul, murid-murid maranéh dibantuan ku saha? Murid-murid maranéh sorangan nu nunjukkeun omongan maranéh téh salah.
28 Tapi lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan kawasa suci Allah, éta nandakeun Pamaréntahan Allah geus aya, ngan maranéh teu sadar.
29 Lamun aya jalma nu rék asup ka imahna jelema bedas jeung rék ngarampas harta bandana, manéhna kudu nalian heula nu boga imahna kakara bisa ngajarah imah éta.
30 Saha waé nu teu mihak ka urang, éta hartina ngalawan urang, jeung saha waé nu teu ngumpulkeun bareng jeung urang, éta hartina nyababkeun jalma-jalma paburencay.
31 ”Éta sababna urang méré nyaho, sagala rupa dosa jeung hinaan nu dilakukeun ku manusa bakal dihampura, tapi saha waé nu ngahina kawasa suci moal dihampura.
32 Misalna, saha waé anu omonganana ngalawan Putra manusa, bakal dihampura. Tapi anu omonganana ngalawan kawasa suci, moal dihampura boh dina jaman* ieu boh dina jaman engké.
33 ”Lamun maranéh tangkal nu alus, buahna gé tangtu alus. Lamun maranéh tangkal nu goréng, buahna gé tangtu goréng, sabab tatangkalan mah katingali alus henteuna téh tina buahna.
34 Hé, turunan oray matih, kumaha maranéh bisa ngomongkeun hal-hal nu hadé ari maranéh jahat mah? Sabab omongan anu mudal téh asalna ti jero haté.
35 Jalma nu hadé omonganana gé hadé, lantaran haténa pinuh ku hal-hal hadé. Jalma nu jahat omonganana gé jahat, lantaran haténa pinuh ku hal-hal jahat.
36 Urang ngabéjaan, dina Poé Pangadilan, jalma-jalma kudu tanggung jawab kana sagala omongan nu taya mangpaatna,
37 sabab bener salahna manéh téh ditangtukeun ku omongan manéh sorangan.”
38 Sanggeusna, sababaraha ahli Torét jeung urang Farisi ngomong, ”Guru, cik urang hayang nempo tanda nu ngabuktikeun omongan Guru.”
39 Isa ngajawab, ”Jalma-jalma jaman ayeuna nu jahat jeung teu satia* ieu terus ménta tanda, tapi maranéhna moal dibéré tanda salian ti tanda Nabi Yunus.
40 Sarua siga Yunus nu aya di jero beuteung lauk gedé salila tilu poé tilu peuting, Putra manusa gé bakal aya di jero kuburan salila tilu poé tilu peuting.
41 Dina Poé Pangadilan, urang Niniwé jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Urang Niniwé bakal ngabuktikeun jalma-jalma ieu salah, lantaran urang Niniwé mah tarobat basa dibéjaan ku Yunus. Tapi, di dieu aya jalma nu leuwih penting tibatan Yunus.
42 Dina Poé Pangadilan, ratu nagri Syéba* jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Ratu éta bakal ngabuktikeun jalma-jalma ieu salah, lantaran manéhna datang jauh-jauh hayang ngadéngékeun kekecapan Sulaéman nu bijaksana.* Tapi, di dieu aya jalma nu leuwih penting tibatan Sulaéman.
43 ”Aya roh jahat kaluar ti saurang jalma. Manéhna ngaliwatan gurun-gurun kukulayaban néangan tempat pamatuhan, tapi teu manggihan.
44 Geus kitu manéhna ngomong, ’Aing rék balik deui ah ka imah aing baheula.’ Pas nepi ka dinya, ari pék téh imahna geus kosong, bersih, jeung dihias.
45 Seug manéhna indit heula, balikna mawa batur tujuhan, roh-roh nu leuwih jahat tibatan manéhna. Maranéhna asup, tuluy matuh di dinya. Ahirna, kaayaan jalma éta jadi leuwih parah tibatan saacanna. Éta nu bakal kaalaman ku jalma-jalma jahat dina jaman ayeuna.”
46 Waktu Isa keur ngomong ka jalma réa, indung jeung dulur-dulurna ngadagoan di luar rék ngomong ka manéhna.
47 Aya nu ngabéjaan manéhna, ”Itu aya indung jeung dulur keur ngadagoan di luar rék ngomong.”
48 Manéhna ngajawab, ”Saha indung jeung dulur-dulur urang téh?”
49 Bari nunjuk ka murid-muridna, manéhna ngomong, ”Tah ieu indung jeung dulur-dulur urang téh!
50 Saha waé nu ngajalankeun kahayang Bapa urang di sorga, nya manéhna nu jadi dulur awéwé, dulur lalaki, jeung indung urang.”
Catetan Tambihan
^ Nyaéta, tabernakel.
^ Atawa ”ngalanggar aturan Sabat”.
^ As. ”Ngaranna”.
^ Sebutan keur Sétan.
^ Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
^ As. ”tukang jinah”.
^ As. ”ratu ti béh kidul”.
^ Atawa ”ngadéngékeun hikmat Sulaéman”.