Nu Ditulis ku Matius 23:1-39

  • Ulah nyonto ahli Torét jeung urang Farisi (1-12)

  • Cilaka keur ahli Torét jeung urang Farisi (13-36)

  • Isa nyeungceurikan Yérusalém (37-39)

23  Geus kitu, Isa ngomong ka jalma réa jeung ka murid-muridna, 2  ”Para ahli Torét jeung urang Farisi ngarasa boga wewenang nu sarua siga Musa. 3  Ku sabab éta, sagala nu diparéntahkeun ku maranéhna pék lampahkeun. Tapi kalakuanana mah ulah diconto, sabab maranéhna mah ngomong bari teu dilampahkeun. 4  Maranéhna nyiapkeun beban nu beurat sina dipanggul ku jalma-jalma, tapi maranéhna sorangan teu daék noél-noél acan beban éta. 5  Sagala nu dilakukeun ku maranéhna téh ngan saukur ngarah kaciri ku batur, contona kotak-kotak nu eusina ayat digedéan jeung dijadikeun jimat, rumbé-rumbé pakéanana gé dipanjang-panjangkeun. 6  Di hajatan, maranéhna resepna téh diuk di tempat keur jalma-jalma penting, di tempat ibadah gé diuk di nu panghareupna.* 7  Maranéhna resep lamun jalma-jalma di pasar pada ngucapkeun salam jeung resep lamun disebut Rabi.* 8  Tapi maranéh mah ulah disebut Rabi, sabab Guru maranéh mah ngan hiji, jeung maranéh kabéh téh dulur. 9  Salian ti éta, ulah nyebut Bapa ka saha waé nu aya di dunya, sabab Bapa maranéh mah ngan hiji nu aya di sorga. 10  Maranéh ogé ulah disebut pamingpin sabab Pamingpin maranéh mah ngan hiji, nyaéta Al-Masih. 11  Tapi, nu pangpunjulna di antara maranéh kudu daék ngaladénan batur. 12  Saha-saha nu munjulkeun diri bakal direndahkeun, jeung saha-saha nu ngahandapkeun diri bakal dipunjulkeun. 13  ”Cilaka maranéh, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Maranéh nutupan panto asup ka Pamaréntahan sorga. Maranéh sorangan teu asup, malah ngahalang-halang batur nu rék asup. 14  *—— 15  ”Cilaka maranéh, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Maranéh meuntasan laut jeung ngaliwatan daratan, rék ngayakinkeun hiji jalma asup ka agama Yahudi. Tapi ari geus asup, ku maranéh dijieun layak asup ka Géhéna* jeung dijadikeun dua kali leuwih jahat ti maranéh. 16  ”Cilaka maranéh, para pamingpin lolong nu ngomong, ’Lamun aya nu sumpah demi bait, éta teu sah. Tapi lamun aya nu sumpah demi emas nu aya di bait, manéhna kabeungkeut ku sumpah éta.’ 17  Jelema barodo jeung lolong! Mana nu leuwih penting, emas atawa bait nu ngalantarankeun emas éta jadi suci? 18  Salian ti éta, maranéh ngomong, ’Lamun aya nu sumpah demi mézbah, éta teu sah. Tapi lamun aya nu sumpah demi kurban di luhureun mézbah, manéhna kabeungkeut ku sumpah éta.’ 19  Jelema lalolong! Mana nu leuwih penting, kurban atawa mézbah nu ngalantarankeun kurban éta jadi suci? 20  Jadi, saha waé nu sumpah demi mézbah, sumpahna téh nya demi mézbah nya demi kurban nu aya di luhureunana ogé, 21  jeung saha waé nu sumpah demi bait, sumpahna téh nya demi bait nya demi Allah nu aya di dinya, 22  jeung saha waé nu sumpah demi sorga, sumpahna téh nya demi tahta Allah nya demi Pribadi nu diuk di dinya. 23  ”Cilaka maranéh, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Maranéh méré sapersapuluh mint, adas, jeung jinten bodas, tapi maranéh teu ngajalankeun hal-hal nu leuwih penting dina Torét, nyaéta kaadilan, welas asih, jeung kasatiaan. Mémang méré perpuluhan téh penting, tapi hal-hal séjénna gé ulah dilalaworakeun. 24  Pamingpin lolong, reungit nu asup kana inuman ku maranéh dipiceun, ari onta diteureuy buleud-buleud! 25  ”Cilaka maranéh, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Mangkok jeung piring dibersihan luarna, tapi jerona pinuh ku kasarakahan* jeung napsu nu teu bisa dikadalikeun. 26  Urang Farisi nu lalolong, mangkok jeung piring téh bersihan heula jerona, jadi luarna gé milu bersih. 27  ”Cilaka maranéh, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Maranéh téh siga kuburan nu dicét bodas, ti luar mah kaciri alus, tapi eusina pinuh ku tulang-taléng jelema jeung sagala hal nu najis. 28  Kitu ogé, ti luar mah maranéh téh kaciri jalma bener, tapi aslina mah maranéh téh marunapék jeung jarahat pisan. 29  ”Cilaka maranéh, ahli  Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Maranéh ngabangun kuburan nabi-nabi jeung ngahias makam jalma-jalma bener, 30  terus ngomong, ’Mun urang hirup dina jaman karuhun-karuhun urang mah, urang moal milu maéhan nabi-nabi.’ 31  Jadi, maranéh sorangan ngaku yén maranéh téh turunan tukang maéhan nabi-nabi. 32  Ayeuna mah anggeuskeun naon nu geus dimimitian ku karuhun maranéh. 33  ”Éh oray, turunan oray matih, rék bisa kabur kumaha maranéh tina hukuman Géhéna?* 34  Éta sababna urang ngutus nabi-nabi, jalma-jalma bijaksana, jeung guru-guru ka maranéh. Tapi, ku maranéh aya nu dipaéhan jeung dihukum pati dina tihang. Nu séjénna dipecutan di tempat-tempat ibadah jeung diberik ka unggal kota. 35  Jadi, maranéh kudu tanggung jawab kana getih kabéh jalma bener nu dipaéhan di bumi, ti mimiti getihna Habél jalma nu bener, nepi ka getihna Zakharia anak Barakhia nu ku maranéh dipaéhan di antara tempat suci jeung mézbah. 36  Sing percaya, kabéh hukumanana bakal datang ka jalma-jalma dina jaman ayeuna. 37  ”Yérusalém, Yérusalém, nu maéhan para nabi jeung nu malédogan jalma-jalma nu diutus ka manéh, geus sering urang hayang ngumpulkeun anak-anak manéh siga indung hayam ngumpulkeun anak-anakna di handapeun jangjangna! Tapi maranéh embung. 38  Jadi, bait* maranéh bakal ditinggalkeun.* 39  Urang ngabéjaan, maranéh moal panggih deui jeung urang nepi ka maranéh ngomong, ’Mugia diberkahan jalma nu datang mawa ngaran Yéhuwa!’”

Catetan Tambihan

Atawa ”di tempat nu pangalusna”.
Atawa ”Guru”.
Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.
Atawa ”hasil jarahan”.
As. ”imah”.
Atawa bisa jadi, ”ditinggalkeun teu kaurus”.