Pamindo 24:1-22

  • Perkawinan jeung pepegatan (1-5)

  • Ngahargaan kahirupan (6-9)

  • Merhatikeun nu miskin (10-18)

  • Mun panén, kudu aya nu disésakeun (19-22)

24  ”Upamana hiji lalaki kawin jeung hiji awéwé tapi ka dieunakeun teu resepeun deui lantaran aya kalakuan pamajikanana nu teu pantes, éta lalaki kudu nulis surat talak, tuluy dibikeun ka pamajikanana. Geus kitu, pamajikanana sina indit ti imahna. 2  Sanggeus indit, éta awéwé meunang jadi pamajikan lalaki séjén. 3  Lamun salaki nu kadua gé teu resepeun ka manéhna, tuluy éta lalaki nulis jeung mikeun surat talak sarta nitah manéhna indit ti imah, atawa lamun salaki nu kadua téh maot, 4  salakina nu ti heula teu meunang ngawin deui éta awéwé, sabab éta awéwé téh geus jadi najis keur manéhna. Mun ku salakina dikawin deui, éta dipikageuleuh ku Yéhuwa. Ulah milampah dosa kawas kitu di tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan. 5  ”Lalaki nu anyar kawin ulah diwajibkeun jadi prajurit atawa dibéré tugas séjénna. Manéhna teu meunang dibéré tugas nanaon salila sataun, keun sina cicing di imah, sina nyenangkeun pamajikanana. 6  ”Lamun méré nginjeum, ulah nyokot gilingan leutik* atawa batu gilingan* pikeun jadi jaminanana, sabab éta téh sarua jeung ngarampas sumber panghasilan* éta jalma. 7  ”Lamun aya nu kanyahoan nyulik sasama urang Israél, seug nu diculikna téh dikaniaya jeung dijual, nu nyulikna kudu dipaéhan. Maranéh kudu nyingkirkeun kajahatan ti antara maranéh. 8  ”Lamun aya nu katerap kusta,* maranéh kudu bener-bener ngajalankeun sakabéh pituduh nu diomongkeun ku imam Léwi. Maranéh kudu bener-bener ngajalankeun paréntah nu ditepikeun ku kuring ka maranéhna. 9  Sing inget, baréto Miryam dikumahakeun ku Yéhuwa Allah maranéh dina perjalanan basa maranéh budal ti Mesir. 10  ”Lamun nginjeumkeun ka sasama, ulah asup ka imahna pikeun nyokot sorangan barang jaminanana. 11  Dagoan wéh di luar, jalma nu dibéré nginjeum nu kudu mawa barang jaminanana ka luar. 12  Lamun éta jalma keur susah, baju nu dijadikeun jaminan ku manéhna ulah disimpen nepi ka isukna. 13  Éta baju kudu dipulangkeun waktu panonpoé surup, supaya bisa dipaké saré ku manéhna. Engké manéhna bakal ngadoa supaya Allah ngaberkahan maranéh. Ku kituna, maranéh bakal dianggap bener ku Yéhuwa Allah maranéh. 14  ”Ulah ngalicikan jalma nu keur susah jeung miskin nu buburuh ka maranéh, teu sual éta téh dulur atawa urang asing nu cicing di nagri maranéh, di kota-kota maranéh. 15  Buruhna kudu dibayar poé éta kénéh, saacan panonpoé surup, lantaran manéhna téh keur susah, jadi hirupna ngandelkeun éta buruh. Lamun henteu, manéhna bakal sasambat ka Yéhuwa, sarta maranéh jadi dosa. 16  ”Bapa teu meunang dipaéhan lantaran dosa anakna. Anak gé teu meunang dipaéhan lantaran dosa bapana. Unggal jalma kudu dihukum paéh lantaran dosana sorangan. 17  ”Ulah nyimpang tina kaadilan waktu ngurus perkara urang asing nu cicing di antara maranéh atawa perkara budak yatim.* Ulah nyokot baju randa pikeun dijadikeun jaminan hutangna. 18  Sing inget, maranéh baheula diperbudak di Mesir, tapi ku Yéhuwa Allah maranéh dibébaskeun. Éta sababna kuring méré paréntah kitu ka maranéh. 19  ”Lamun maranéh ngala hasil panén di kebon, ari pék téh aya nu tinggaleun sabeungkeut, ulah balik deui pikeun nyokot éta. Keun wéh antepkeun keur urang asing nu cicing di antara maranéh, budak yatim, jeung randa, supaya Yéhuwa Allah maranéh ngaberkahan sagala nu dipigawé ku maranéh. 20  ”Lamun maranéh rék panén zaitun, ngoyagkeun tangkalna sakali baé. Keun wéh sésana mah keur urang asing nu cicing di antara maranéh, budak yatim, jeung randa. 21  ”Lamun ngumpulkeun anggur di kebon, ulah balik deui pikeun ngala sésana. Sésana mah keun wéh keur urang asing nu cicing di antara maranéh, budak yatim, jeung randa. 22  Sing inget, maranéh téh baheula diperbudak di Mesir. Éta sababna kuring méré paréntah kitu ka maranéh.

Catetan Tambihan

Tingali ”Batu Gilingan” dina Daptar Istilah.
Atawa ”batu gilingan bagian luhurna”.
Atawa ”ngarampas kahirupan”.
Kecap Ibrani nu ditarjamahkeun ”kusta” bisa jadi ngamaksudkeun rupa-rupa panyakit kulit nu népa ka jelema atawa nerap kana pakéan jeung kana témbok imah.
Atawa ”yatim pahatu”.