Pandita 11:1-10

  • Mun aya kasempetan, mangpaatkeun (1-8)

    • Alungkeun roti manéh kana cai (1)

    • Tebarkeun binih ti isuk nepi ka peuting (6)

  • Jadi budak ngora nu tanggung jawab (9, 10)

11  Alungkeun roti manéh kana cai. Sanggeus sababaraha waktu, éta bakal kapanggih deui. 2  Pangaboga manéh sawaréhna bagikeun ka tujuh atawa dalapan urang, sabab manéh moal nyaho bakal aya musibat naon di dunya. 3  Méga* ari geus ngagayot ku cai mah cur baé turun hujan di dunya. Tangkal ari ambruk ka kidul atawa ka kalér, nya di dinya ngagolérna téh. 4  Ari ngan saukur nempoan angin mah rék iraha nebarkeun binih? Ari ngan nempoan méga mah moal panén-panén atuh. 5  Pan manéh teu nyaho kumaha tulang-tulang orok dibentuk* di jero kandungan indungna. Nya kitu deui, manéh moal nyaho padamelan Allah nu bener, nu nyiptakeun sagalana. 6  Tebarkeun binih manéh isuk-isuk, sarta leungeun ulah waka reureuh nepi ka peuting, da manéh moal nyaho mana nu bakal jadi, nu ieu atawa nu itu, atawa malah duanana. 7  Caang téh genah kana haté. Alus mun panon bisa nempo cahaya panonpoé. 8  Mun jelema panjang umur, hadéna mah unggal poé manéhna ngarasakeun nikmatna hirup. Tapi manéhna gé kudu inget, poé-poé nu nyusahkeun haté téh bisa waé loba. Kabéh nu bakal kajadian téh mubadir. 9  Sing gumbira, budak ngora, meungpeung ngora kénéh. Keur ngora kénéh mah haté téh kudu suka bungah. Tuturkeun kahayang haté, cumponan kahayang panon. Ngan ulah poho, Allah nu bener bakal ménta tanggung jawab keur* sagala lampah manéh. 10  Ku kituna singkirkeun kabéh nu nyusahkeun haté, jeung jauhan naon-naon nu ngaruksak awak. Mangsa ngora jeung tanaga pas keur ngora téh mubadir.

Catetan Tambihan

Atawa ”Awan”.
Dina basa Ibrani, ieu téh ngamaksudkeun nyawa atawa kawasa Allah nu ngabentuk tulang-tulangna jabang bayi.
Atawa ”bakal ngahakiman”.