Pandita 6:1-12
6 Aya deui perkara nu kacida pikawatireunana* nu ditempo ku kuring di dunya, ieu téh geus biasa di kalangan manusa:
2 Aya jalma anu ku Allah nu bener téh dibéré kabeungharan, harta banda, jeung kamulyaan. Sakabéh nu dipikahayangna téh kacumponan, tapi ku Allah nu bener teu dikersakeun ngarasakeun nikmatna, kalah ka jalma nu teu dikenal nu ngarasakeun nikmatna. Éta mubadir jeung kacida peurihna.
3 Saupama hiji jalma boga anak nepi ka saratus jeung umurna panjang nepi ka kolot pisan, tapi manéhna teu ngarasakeun senangna hirup nepi ka maotna, ceuk kuring mah hirup manéhna téh leuwih pikasediheun tibatan orok nu maot pas dilahirkeun.
4 Percumah éta orok dilahirkeun. Manéhna kawas maot di nu poék, can dingaranan-ngaranan acan.
5 Tapi sanajan éta orok can pernah ningali panonpoé jeung can nyaho nanaon, angger wéh manéhna leuwih leuheung* tibatan jalma nu tadi téa.
6 Keur naon hirup dua rébu taun tapi teu pernah ngarasakeun senangna hirup? Da tungtungna mah kabéh gé ngajugjug ka tempat nu sarua.
7 Jelema susah payah digawé téh keur ngeusian beuteung bari teu pernah ngarasa cukup.
8 Naon atuh leuwihna nu bijaksana dibandingkeun jeung nu bodo? Salian ti éta, jang naon nu miskin nyaho cara nyumponan pangabutuhna ngarah bisa terus hirup?
9 Leuwih hadé ngarasa puas ku nu aya hareupeun panon tibatan ngudag-ngudag nu teu bisa dipiboga. Éta gé mubadir, kawas ngudag-ngudag angin.
10 Sagala rupa nu aya téh geus dingaranan saacanna. Siga kumaha manusa gé geus dipikanyaho. Manusa mah teu bisa ngalawan ka* nu leuwih kawasa ti manéhna.
11 Beuki loba kekecapan,* beuki mubadir. Jadi, naon untungna keur manusa?
12 Manusa mah hirupna ngan sakolébat jeung mubadir, kawas kalangkang.* Jadi, saha nu nyaho kumaha carana ngajalankeun hirup nu panghadéna? Sanggeus manéhna maot, saha nu bisa ngabéjaan manéhna naon nu bakal kajadian di dunya?
Catetan Tambihan
^ Atawa ”Aya deui musibat”.
^ As. ”leuwih tengtrem”.
^ Atawa ”ngabéla perkarana hareupeun”.
^ Atawa bisa jadi ”hal”.
^ Atawa ”bayangan”.