Rut 1:1-22
1 Dina jaman para hakim ngawasa, aya kalaparan di Bétléhém di Yéhuda. Tah, aya saurang lalaki nu ngungsi ka nagri Moab bari mawa pamajikan jeung dua budak lalakina.
2 Lalaki éta téh ngaranna Élimélékh,* pamajikanana ngaranna Naomi,* ari barudak lalakina ngaranna Mahlon* jeung Khilion.* Maranéhna téh asalna ti Éfrata, nyaéta Bétléhém di Yéhuda. Maranéhna indit ka nagri Moab tuluy matuh di dinya.
3 Ka dieunakeun, Élimélékh salakina Naomi maot, ninggalkeun manéhna jeung dua budak lalakina.
4 Teu lila, dua budak lalakina kawin jeung awéwé Moab. Nu hiji ngaranna Orpa, nu hiji deui ngaranna Rut. Maranéhna cicing di dinya kira-kira sapuluh taun.
5 Tuluy Mahlon jeung Khilion ogé maot, jadi Naomi geus teu boga salaki, geus teu boga budak.
6 Naomi ngadéngé béja yén Yéhuwa geus merhatikeun umat-Na ku cara méré dahareun ka maranéhna. Jadi, manéhna siap-siap indit ti nagri Moab bareng jeung dua minantuna pikeun balik ka lemburna.
7 Manéhna jeung dua minantuna indit. Pas keur di jalan rék ka Yéhuda,
8 Naomi ngomong ka maranéhna, ”Jung uih wéh ka indung Enéng. Mugia Yéhuwa bageur* ka Enéng, sakumaha Enéng gé geus bageur ka Ema jeung ka salaki Enéng nu geus maraot.
9 Mugia Enéng diberkahan ku Yéhuwa, bisa boga salaki deui supaya hirup Enéng kajamin.”* Tuluy duanana diciuman ku manéhna, tiluanana ceurik tingsalegruk.
10 Maranéhna keukeuh ngomong kieu, ”Alim ah Ma, abdi mah badé ngiring jeung Ema ka bangsa Ema.”
11 Tapi ceuk Naomi, ”Uih wéh, Néng. Rék naon ngiring jeung Ema? Pan Ema geus teu bisa ngalahirkeun budak deui keur pisalakieun Enéng.
12 Sok atuh Néng, geura uih. Ema téh geus kolot, moal mungkin kawin deui. Mun enya gé peuting ieu Ema boga salaki jeung ngalahirkeun budak,
13 mémangna Enéng daék ngadagoan nepi ka maranéhna gedé? Piraku Enéng teu kawin pédah ngadagoan maranéhna. Ulah atuh, Néng. Mun inget ka Enéng, Ema sok sedih da asana téh Yéhuwa geus ngéwa ka Ema.”
14 Tiluanana careurik deui tingsalegruk, tuluy Orpa indit sanggeus nyium mitohana. Ari Rut mah terus maturan mitohana.
15 Ceuk Naomi, ”Tuh ipar Enéng geus mulang ka bangsana jeung allah-allahna. Jung atuh Enéng gé geura milu.”
16 Tapi Rut némbalan kieu, ”Tong atuh Ma, abdi ulah dititah indit ninggalkeun Ema. Ka mana baé Ema indit, abdi rék ngiring. Ema saré di mana, abdi gé saré di dinya. Bangsa Ema nya bangsa abdi. Allah Ema nya Allah abdi.
17 Ema maot di mana, abdi gé maot di dinya jeung dikuburkeun di dinya. Sing dihukum ku Yéhuwa mun abdi téga ninggalkeun Ema. Ngan maot anu bisa misahkeun abdi ti Ema.”
18 Lantaran Rut keukeuh hayang milu, Naomi teu ngomong nanaon deui.
19 Geus kitu, duanana neruskeun perjalanan ka Bétléhém. Barang nepi di Bétléhém, saeusi kota geunjleung. Para wanita ngaromong kieu, ”Ieu téh Naomi téa?”
20 Naomi némbalan kieu, ”Tong nyebut abdi Naomi,* sebut wéh Mara,* da hirup abdi téh pinuh ku papait ku lantaran Nu Mahakawasa.
21 Pas keur indit mah abdi boga sagala, ari balikna ku Yéhuwa dijieun balangsak. Abdi geus ditentang ku Yéhuwa, jeung dibéré musibat ku Nu Mahakawasa. Jadi, jang naon abdi disebut Naomi?”
22 Kitu caritana kumaha Naomi balik ti nagri Moab, bareng jeung Rut, minantuna nu urang Moab téa. Maranéhna nepi di Bétléhém téh pas panén barli dimimitian.
Catetan Tambihan
^ Hartina ”Allah Kuring téh Raja”.
^ Hartina ”Kagumbiraan Kuring”.
^ Bisa jadi tina kecap Ibrani nu hartina ”beuki lemah; gering”.
^ Hartina ”Beuki Lemah; Téréh Maot”.
^ Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.
^ As. ”supaya maranéh boga tempat istirahat”.
^ Hartina ”Kagumbiraan Kuring”.
^ Hartina ”Pait”.