Wahyu nu Ditarima ku Yahya 6:1-17
-
Anak Domba muka genep ségel nu mimiti (1-17)
6 Kuring ningali Anak Domba éta muka ségel nu kahiji ti tujuh ségel. Tuluy, kuring ngadéngé salah sahiji ti opat kérub éta ngomong ku sora nu siga guludug, ”Maju!”
2 Geus kitu, kuring ningali hiji kuda bodas, jeung nu numpakna mawa busur panah. Manéhna dibéré makuta, tuluy indit nalukkeun jeung ngéléhkeun sakabéh musuhna.
3 Waktu manéhna muka ségel nu kadua, kuring ngadéngé kérub nu kadua ngomong, ”Maju!”
4 Torojol kuda séjén nu warnana beureum. Nu numpakna dibéré pedang gedé jeung dibéré kawasa pikeun ngayakeun perang di bumi supaya manusa silih paéhan.
5 Waktu manéhna muka ségel nu katilu, kuring ngadéngé kérub nu katilu ngomong, ”Maju!” Tuluy, kuring ningali kuda hideung jeung nu numpakna nyekel timbangan.
6 Kuring ngadéngé sora ti tengah-tengah opat kérub éta nu ngomong, ”Saliter gandum hargana sadinar,* jeung tilu liter barli hargana sadinar. Minyak zaitun jeung cianggur ulah dihambur-hambur.”
7 Waktu manéhna muka ségel nu kaopat, kuring ngadéngé sora kérub nu kaopat ngomong, ”Maju!”
8 Tuluy kuring ningali kuda pias, jeung nu numpakna téh ngaranna Maot. Manéhna dituturkeun ku Kuburan* meni deukeut pisan. Maranéhna dibéré kawasa kana saparapat bagian bumi pikeun maéhan ku pedang panjang, kakurangan dahareun, wabah panyakit nu parah, jeung sato galak di bumi.
9 Waktu manéhna muka ségel nu kalima, kuring ningali dina dasar mézbah aya getih* jalma-jalma nu diparaéhan lantaran taat kana firman Allah jeung lantaran ngawawarkeun hal éta.
10 Maranéhna ngomong ku sora nu tarik, ”Gusti Nu Maha Agung, nu suci jeung bener, nepi ka iraha Gusti rék ngadagoan? Iraha Gusti rék ngahakiman jeung ngabales jalma-jalma di bumi nu maéhan abdi-abdi?”
11 Tuluy, maranéhna masing-masing dibéré jubah bodas, jeung dibéré nyaho sina istirahat sakeudeung deui nepi ka sasama palayan jeung dulur maranéhna, nu bakal dipaéhan ogé siga maranéhna, jumlahna lengkep.
12 Geus kitu, kuring ningali manéhna muka ségel nu kagenep, tuluy aya lini nu gedé pisan. Panonpoé jadi poék kawas kaén hideung,* jeung bulan jadi beureum kawas getih.
13 Béntang-béntang di langit ragragan ka bumi, kawas buah ara nu atah kénéh ragragan tina tangkalna lantaran ditiup ku angin gedé.
14 Langit leungit kawas lambaran kitab nu digulung. Gunung-gunung jeung pulo-pulo disingkirkeun tina tempatna.
15 Tuluy para raja di bumi, pajabat luhur, komandan militér, nu baleunghar, nu karuat, kabéh palayan, jeung kabéh jalma merdéka nyarumput di guha-guha jeung di sela-sela cadas di gunung-gunung.
16 Maranéhna teterusan ngomong ka gunung-gunung jeung cadas-cadas éta, ”Tutupan urang jeung sumputkeun urang ti Anjeunna nu diuk dina tahta jeung tina amarahna Anak Domba,
17 lantaran poé amarah Aranjeunna geus datang. Saha nu bisa tahan?”
Catetan Tambihan
^ Duit pérak Romawi nu nilaina sarua jeung buruh sapoé digawé. Tingali ”Dinar” dina Daptar Istilah.
^ Atawa ”Hadés”. Tingali Daptar Istilah.
^ As. ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
^ Ieu téh kaén karung tina bulu sato, bisa jadi bulu embé.