Yosua 2:1-24

  • Yosua ngutus dua mata-mata ka Yérikho (1-3)

  • Rahab nyumputkeun mata-mata (4-7)

  • Jangji ka Rahab (8-21a)

    • Tali beureum jadi tanda (18)

  • Mata-mata balik ka Yosua (21b-24)

2  Geus kitu, waktu maranéhna aya di Syitim, Yosua anak Nun ngutus dua mata-mata. Ceuk Yosua, ”Jung indit jeung pariksa tanah éta, pangpangna mah kota Yérikho.” Jadi maranéhna indit. Sadatangna ka Yérikho, maranéhna mondok di imah saurang palacur nu ngaranna Rahab. 2  Raja Yérikho meunang laporan, ”Aya mata-mata urang Israél datang peuting ieu rék mariksa kaayaan nagri urang.” 3  Jadi, raja Yérikho ngirim utusan pikeun nitah kieu ka Rahab, ”Serahkeun jalma-jalma nu datang jeung mondok di imah manéh. Maranéhna téh mata-mata nu rék mariksa kaayaan nagri ieu.” 4  Ari dua mata-mata éta geus disumputkeun ku Rahab. Tuluy, manéhna ngajawab utusan raja, ”Enya mémang tadi aya jalma-jalma nu datang ka dieu, tapi teu apal ti mana asalna mah. 5  Pas geus poék, saméméh gerbang kota ditutup, maranéhna geus kaluar. Duka tah indit ka manana mah, tapi lamun gancang diudag, sigana bakal katéwak da ku aranjeun.” 6  (Sabenerna mah mata-mata éta téh disumputkeun ku Rahab di hateup, ditutupan ku tumpukan gagang rami.) 7  Jadi, para utusan raja éta ngudag maranéhna ka pameuntasan Walungan Yordan. Sanggeus para utusan éta kaluar, gerbang kota ditutup. 8  Saacan dua mata-mata éta saré, Rahab nyampeurkeun maranéhna di hateup. 9  Rahab ngomong ka maranéhna, ”Abdi yakin Yéhuwa bakal nyerahkeun nagri ieu ka aranjeun. Urang kabéh sieun ka aranjeun. Kabéh penduduk nagri ieu gé ngadégdég nyaho aranjeun datang ka dieu, 10  sabab urang dieu geus ngadaréngé kumaha Yéhuwa nungtun aranjeun meuntasan Laut Beureum nu geus disaatkeun ku Anjeunna basa aranjeun budal ti Mesir. Urang gé geus ngadaréngé aranjeun maéhan Sihon jeung Og, dua raja urang Amori nu aya di beulah ditu* Walungan Yordan. 11  Basa ngadéngé éta, urang kabéh jadi sieun, euweuh nu wani* ngalawan aranjeun, sabab Yéhuwa Allah aranjeun téh Allah nu aya di langit jeung di bumi. 12  Ayeuna, abdi nyuhunkeun aranjeun sumpah demi Yéhuwa yén aranjeun bakal bageur* ka kulawarga bapa abdi, lantaran abdi gé geus bageur ka aranjeun. Pasihan ogé abdi jaminan yén aranjeun bakal nyekel omongan aranjeun. 13  Indung bapa abdi, adi lanceuk abdi, jeung kulawargana, ulah dipaéhan. Salametkeun abdi sakulawarga.” 14  Ngadéngé kitu, dua mata-mata éta ngomong, ”Nyawa urang jaminanana! Lamun Nyai teu bébéja ka sasaha ngeunaan urang, urang bakal bageur jeung nyekel omongan urang ka Nyai waktu Yéhuwa nyerahkeun nagri ieu ka urang.” 15  Geus kitu, Rahab nitah maranéhna turun liwat jandéla maké tali, sabab imah manéhna téh aya di témbok kota di bagian luhurna. 16  Tuluy Rahab ngomong, ”Jung indit ka daérah pagunungan, nyumput di ditu tilu poé ngarah teu kapanggih ku nu ngudag aranjeun. Lamun nu ngudag aranjeun geus baralik ka dieu, kakara aranjeun bisa neruskeun perjalanan.” 17  Dua mata-mata éta ngomong ka manéhna, ”Urang bakal terus nyekel sumpah urang ka Nyai, 18  asal waktu urang datang deui ka dieu, tali beureum ieu nu dipaké ku urang turun kudu dibeungkeutkeun kana jandéla. Engké bapa, indung, dulur-dulur, jeung sakabéh kulawarga bapa Nyai sina karumpul bareng jeung Nyai di imah ieu. 19  Lamun aya nu kaluar ti imah ieu, nyawana tanggung jawab manéhna sorangan, lain salah urang lamun manéhna maot. Tapi lamun nu cicing di imah ieu aya nu cilaka, urang nu tanggung jawab. 20  Lamun Nyai ngalaporkeun urang, urang bébas tina sumpah urang ka Nyai.” 21  Rahab ngajawab, ”Abdi satuju jeung aranjeun.” Geus kitu, maranéhna disina indit, tuluy Rahab ngabeungkeutkeun tali beureum éta kana jandéla. 22  Jadi, maranéhna indit ka daérah pagunungan jeung cicing di dinya tilu poé, nepi ka nu ngudagna baralik deui. Nu ngudagna téh geus néangan ka unggal jalan, tapi maranéhna teu kapanggih. 23  Ti dinya, dua mata-mata éta turun ti daérah pagunungan, meuntasan Walungan Yordan, jeung ngadatangan Yosua anak Nun. Maranéhna nyaritakeun sagalana ka Yosua. 24  Ceuk maranéhna, ”Yéhuwa geus nyerahkeun sakabéh nagri éta ka urang. Malah, sakabéh penduduk nagri éta ngadégdég ngadéngé urang datang.”

Catetan Tambihan

Nyaéta di wétaneun Walungan Yordan.
As. ”euweuh nu sumanget deui”.
Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.