Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Buku Zakharia

Pasal

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14

Topik-Topik Utama

  • 1

    • Yéhuwa ménta umat-Na baralik deui ka Anjeunna (1-6)

      • ’Geura baralik ka Kuring, ku kituna Kuring rék balik ka maranéh’ (3)

    • Titingalian 1: Nu tarumpak kuda di antara pepelakan mirtél (7-17)

      • ”Yéhuwa bakal nengtremkeun deui Zion” (17)

    • Titingalian 2: Opat tanduk jeung opat tukang beusi (18-21)

  • 2

    • Titingalian 3: Lalaki nu mawa tali ukuran (1-13)

      • Yérusalém rék diukur (2)

      • Yéhuwa, ”bénténg seuneu di sakurilingna” (5)

      • Noél siki mata Allah (8)

      • Loba bangsa bakal mihak ka Yéhuwa (11)

  • 3

    • Titingalian 4: Baju imam agung diganti (1-10)

      • Sétan ngalawan Imam Agung Yosua (1)

      • ”Kuring bakal ngutus hamba Kuring nu disebut Sirung” (8)

  • 4

    • Titingalian 5: Hiji wadah lampu jeung dua tangkal zaitun (1-14)

      • ”Lain ku kakuatan manusa, tapi ku kawasa ti Kuring” (6)

      • Ulah nyapirakeun pagawéan anu mimiti, najan katingalina leutik (10)

  • 5

    • Titingalian 6: Gulungan nu ngalayang (1-4)

    • Titingalian 7: Karanjang paranti naker sisikian (5-11)

      • Awéwé di jero karanjang, ngaranna Kajahatan (8)

      • Karanjangna dibawa ka Syinar (9-11)

  • 6

    • Titingalian 8: Opat karéta perang (1-8)

    • Sirung nu bakal jadi raja jeung imam (9-15)

  • 7

    • Yéhuwa teu resep ka nu puasa tapi haténa teu iklas (1-14)

      • ’Maranéh puasa téh bener-bener demi Kuring?’ (5)

      • ’Kudu adil, mikanyaah, jeung mikawelas’ (9)

  • 8

    • Zion ku Yéhuwa dibéré bebeneran jeung karukunan (1-23)

      • Yérusalém, ”kota bebeneran” (3)

      • ”Jeung pada batur, ngomong téh kudu jujur” (16)

      • Puasa diganti ku perayaan (18, 19)

      • ”Hayu urang nyuhunkeun berkah ti Yéhuwa” (21)

      • Sapuluh jalma nyekel pageuh jubah hiji urang Yahudi (23)

  • 9

    • Hukuman ti Allah keur nagri tatangga (1-8)

    • Datangna raja Zion (9, 10)

      • Raja nu rendah haté tumpak kaldé (9)

    • Umat Yéhuwa bakal dibébaskeun (11-17)

  • 10

    • Suhunkeun hujan ka Yéhuwa, lain ka déwa-déwa (1, 2)

    • Yéhuwa ngahijikeun umat-Na (3-12)

      • Pamingpin ti urang Yéhuda (3, 4)

  • 11

    • Balukarna nolak pangangon ti Allah (1-17)

      • ”Pangangonkeun itu domba-domba nu rék dipeuncitan” (4)

      • Dua iteuk: Kahadéan jeung Katunggalan (7)

      • Bayaran pangangon: 30 duit pérak (12)

      • Duit dialungkeun ka tempat panyimpenan harta (13)

  • 12

    • Yéhuwa bakal ngabéla Yéhuda jeung Yérusalém (1-9)

      • Yérusalém, ”batu nu beurat” (3)

    • Nyeungceurikan jalma nu ditubles (10-14)

  • 13

    • Berhala jeung nabi palsu disingkirkeun (1-6)

      • Nabi-nabi palsu bakal aréraeun (4-6)

    • Pangangon bakal diserang (7-9)

      • Nu sapertilu bakal dimurnikeun (9)

  • 14

    • Ibadah nu sajati bakal unggul (1-21)

      • Gunung Zaitun bakal beulah dua (4)

      • Ngan Yéhuwa nu bakal disembah, ngan nami-Na nu bakal dimulyakeun (9)

      • Panyakit nu nerap ka bangsa-bangsa nu merangan Yérusalém (12-15)

      • Ngarayakeun Perayaan Saung Daun (16-19)

      • Tiap panci bakal dianggap suci ku Yéhuwa (20, 21)