Zakharia 1:1-21

  • Yéhuwa ménta umat-Na baralik deui ka Anjeunna (1-6)

    • ’Geura baralik ka Kuring, ku kituna Kuring rék balik ka maranéh’ (3)

  • Titingalian 1: Nu tarumpak kuda di antara pepelakan mirtél (7-17)

    • ”Yéhuwa bakal nengtremkeun deui Zion” (17)

  • Titingalian 2: Opat tanduk jeung opat tukang beusi (18-21)

1  Dina bulan kadalapan taun kadua pamaréntahan Raja Darius, Yéhuwa nepikeun firman ka Nabi Zakharia* anak Bérékhia incu Ido. Ieu eusina,  ”Yéhuwa kacida ambekna ka karuhun maranéh.  ”Béjaan maranéhna, ’Kieu ucapan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”’Geura baralik ka Kuring,’ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’ku kituna Kuring bakal balik ka maranéh,’ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.”’  ”’Ulah cara karuhun maranéh. Baheula para nabi geus ngabéjaan kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Jalan hirup jeung laku lampah maranéh nu jarahat téh eureunan. Geura baralik ka Kuring.’”’ ”’Tapi karuhun maranéh teu ngadéngékeun, teu merhatikeun ka Kuring,’ ucap Yéhuwa.  ”’Mémang karuhun maranéh téh geus maraot, nabi-nabi éta gé geus teu araya.  Tapi firman jeung putusan Kuring, nu ditepikeun ka karuhun maranéh ku perantaraan hamba-hamba Kuring, nyaéta para nabi, laksana pan ka karuhun maranéh?’ Ku kituna, karuhun maranéh baralik ka Kuring bari ngaromong kieu, ’Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, midamel kitu téh satimpal jeung lalampahan sarta kalakuan abdi sadaya. Éta sajalan jeung putusan Anjeunna.’”  Dina poé ka-24 bulan ka-11, nyaéta bulan Syébat,* dina taun kadua pamaréntahan Darius, Nabi Zakharia anak Bérékhia incu Ido meunang titingalian ti Yéhuwa:  Kajadianana téh peuting-peuting, kuring ningali aya hiji lalaki tumpak kuda beureum. Reg manéhna eureun di hiji lebak di antara pepelakan mirtél. Di tukangeunana aya kuda beureum, kuda coklat semu beureum, jeung kuda bodas.  Pok kuring nanya, ”Éta téh saha, Juragan?” Malaikat nu ngomong jeung kuring némbalan kieu, ”Engké ku kuring ditémbongkeun saha maranéhna téh.” 10  Geus kitu, lalaki nu aya di antara pepelakan mirtél téa ngomong kieu, ”Maranéhna téh utusan Yéhuwa nu dititah ngalalana di bumi.” 11  Tuluy, nu tarumpak kuda téh ngomong ka malaikat Yéhuwa nu nangtung di antara pepelakan mirtél, ”Abdi sadaya tos ngalalana di bumi, sakuliah bumi téh aman jeung tengtrem.” 12  Jadi malaikat Yéhuwa ngomong kieu, ”Nun Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, tos 70 taun Gusti ambek ka Yérusalém sareng ka kota-kota di Yéhuda. Badé dugi ka iraha maranéhna ngadagoan piwelas ti Gusti?” 13  Yéhuwa ngajawab malaikat nu ngomong jeung kuring, kecap-kecap-Na téh matak genah jeung nengtremkeun. 14  Tuluy éta malaikat ngomong kieu ka kuring, ”Umumkeun: ’Ieu ucapan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Kuring sumanget ngabéla Yérusalém jeung Zion, kacida sumangetna. 15  Kuring bener-bener ambek ka bangsa-bangsa anu keur genah-genah ngarasa aman, sabab Kuring ngahukum umat Kuring téh teu pati beurat, tapi éta bangsa-bangsa mah meni bébéakan ngancurkeun maranéhna.”’ 16  ”Ku sabab kitu, kieu saur Yéhuwa, ’Ieu nu diucapkeun ku Kuring, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Kuring rék balik deui ka Yérusalém pikeun némbongkeun piwelas. Kuring rék ngawangun deui imah Kuring di dinya. Yérusalém rék diukur sangkan bisa diwangun deui.”’ 17  ”Umumkeun sakali deui, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Kota-kota Kuring bakal pinuh deui ku kahadéan. Yéhuwa bakal nengtremkeun deui Zion jeung milih deui Yérusalém.”’” 18  Geus kitu kuring tanggah, seug nempo aya opat tanduk. 19  Jadi kuring nanya ka malaikat nu ngomong jeung kuring, ”Upami éta téh naon?” Dijawabna, ”Éta téh tanduk-tanduk anu ngaburencaykeun Yéhuda, Israél, jeung Yérusalém.” 20  Tuluy, Yéhuwa némbongkeun opat tukang beusi ka kuring. 21  Kuring nanya, ”Maranéhna ka dieu téh badé naon?” Dijawabna, ”Opat tukang beusi éta téh rék nyingsieunan bangsa-bangsa jeung ngancurkeun tanduk-tandukna nu dipaké pikeun ngaburencaykeun penduduk Yéhuda. Tanduk-tanduk éta téh dipaké pikeun nyerang Yéhuda jeung ngaburencaykeun pendudukna nepi ka euweuh hiji-hiji acan nu wani ngalawan éta bangsa-bangsa.”

Catetan Tambihan

Hartina ”Yéhuwa Tos Émut”.
Tingali Lamp. B15.