Zakharia 11:1-17

  • Balukarna nolak pangangon ti Allah (1-17)

    • ”Pangangonkeun itu domba-domba nu rék dipeuncitan” (4)

    • Dua iteuk: Kahadéan jeung Katunggalan (7)

    • Bayaran pangangon: 30 duit pérak (12)

    • Duit dialungkeun ka tempat panyimpenan harta (13)

11  ”Éh Lébanon, buka panto-panto manéh,Supaya seuneu ngaduruk tangkal-tangkal aras manéh.   Éh tangkal juniper, geura ceurik jejeritan, sabab tangkal aras geus rubuh.Tangkal-tangkal nu sakitu mulyana téh geus diancurkeun! Éh tangkal-tangkal ék di Basyan, geura ceurik jejeritan,Sabab leuweung geledegan geus rata dibabad!   Déngékeun! Para pangangon ceurik aluk-alukan,Sabab kamulyaanana geus musna. Déngékeun! Singa-singa ngora* tinggalaur,Sabab rungkun di sapanjang Walungan Yordan geus ancur lebur.  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah kuring, ’Pangangonkeun itu domba-domba nu rék dipeuncitan.  Domba-domba téh dipeuncitan ku nu meulina, tapi maranéhna mah teu dianggap salah. Nu ngajualna gé ngaromong kieu, ”Puji Yéhuwa, urang bakal tambah beunghar!” Para pangangonna sorangan teu nyaraaheun ka domba-dombana.’  ”Saur Yéhuwa, ’Kuring geus moal karunya ka penduduk éta nagri. Unggal jalma ku Kuring rék sina ditindes ku sasamana jeung ku rajana. Maranéhna bakal ngaruksak éta nagri, sarta ku Kuring moal aya nu diluputkeun tina genggeman maranéhna.’”  Tuluy, kuring ngangon domba-domba nu rék dipeuncitan téa. Kuring kieu téh demi maranéh, hé domba-domba nu ditindes. Geus kitu kuring nyokot dua iteuk, nu hiji dingaranan Kahadéan, nu hiji deui dingaranan Katunggalan. Ti dinya, domba-domba téh ku kuring diangon.  Di jero sabulan, kuring ngusir tilu pangangon, sabab kuring geus béak kasabaran, maranéhna gé ngéwaeun ka kuring.  Geus kitu kuring ngomong, ”Kuring moal ngangon deui maranéh. Nu téréh paéh keun sina paéh, nu téréh musna keun sina musna. Sésana pék silih hakan pada batur.” 10  Geus kitu, kuring nyokot iteuk Kahadéan, seug dipotongkeun, nandakeun bedona perjangjian antara kuring jeung bangsa kuring. 11  Jadi ti semet poé éta, perjangjianana dibatalkeun. Waktu domba-domba nu ditindes téa nempo nu dilampahkeun ku kuring, maranéhna nyahoeun yén éta téh firman ti Yéhuwa. 12  Geus kitu kuring ngomong ka maranéhna, ”Lamun maranéh rido, kuring rék ménta bayaran. Tapi ari teu rido mah entong.” Seug ku maranéhna dibayar 30 duit pérak. 13  Tuluy Yéhuwa nyarios ka kuring, ”Duit téh alungkeun ka tempat panyimpenan harta. Meni murah pisan Kuring dihargaan ku maranéhna.” Seug 30 duit pérak téh dialungkeun ku kuring ka tempat panyimpenan harta di bumina Yéhuwa. 14  Geus kitu iteuk nu kadua, nu ngaranna Katunggalan, dipotongkeun ku kuring, nandakeun yén Yéhuda jeung Israél téh geus teu duduluran deui. 15  Ti dinya, Yéhuwa nyarios ka kuring, ”Cokot parabot milik pangangon nu taya gunana téa. 16  Kuring bakal ngajeunkeun hiji pangangon ngurus éta nagri. Tapi manéhna moal bakal ngurus domba nu téréh paéh. Domba nu leutik kénéh moal ditéangan, nu raheut moal diubaran, nu jagjag moal diparaban. Malah, manéhna ngadahar daging domba nu lintuh jeung nyabutan kukuna. 17  Cilaka éta pangangon nu taya gunana, nu teu ngurus domba-dombana! Leungeun jeung panonna nu katuhu bakal diserang ku pedang. Leungeunna bakal lumpuh,Panonna nu katuhu bakal lolong.”

Catetan Tambihan

Atawa ”Singa-singa ngora nu jabrig”.